wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Warta

Total questions: 15

Worksheet time: 7mins

Name
Class
Date
1.

Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan dumasar kana kanyataan disebutna....

a)

Bewara

b)

Iklan

c)

Medsos

d)

Warta

2.

Pikeun nanyakeun 'kaayaan' ilaharna digunakeun kecap pananya....

a)

Naon

b)

Mana

c)

Kumaha

d)

Naha

3.

Ari jalma nu sok nyieunan warta teh sok disebut...

a)

Wartawan

b)

Dokter

c)

Guru

d)

Insiyur

4.

ngawawancara hiji jalma, boh atawa ahli boh jalma biasa nu dianggap apa kana perkara anu rek diwartakeun ku urang disebut ....

a)

paniten

b)

wawancara

c)

riset media atawa dokumentasi

d)

konflik

5.

urang ngumpulkeun informasi ku cara macaan sumber nu geus aya, upamana tina buku, majalah atawa sumber sejenna disebut ...

a)

paniten

b)

wawancara

c)

riset media atawa dokumentasi

d)

konflik

6.

urang nitenan hiji kajadian atawa kaayaan naon anu katempo, karasa, kadenge, atawa kaalaman dina hiji kajadian atawa kaayaan disebut ....

a)

paniten

b)

wawancara

c)

riset media atawa dokumentasi

d)

konflik

7.

niley - niley anu kudu dicumponan sangkan hiji kajadian atawa hiji hal bisa diangkat jadi warta disebut ....

a)

biantara

b)

ajen warta

c)

bewara

d)

iklan

8.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya....

a)

Naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

Saha, naon, iraha, dimana, naha, kumaha

c)

Iraha, ti iraha, nepi ka iraha, dimana, kamana, ti mana

d)

Naon, kunaon, saha, ku saha, mana, dimana

e)

Mana, nu mana, dimana, ti mana, kamana, belah mana

9.

Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajén warta....

a)

Waktu (timeliness)

b)

Aya patalina jeung kahirupan balaréa (significance)

c)

Anéh (the unusual)

d)

Konflik (conflict)

e)

Judul (headline)

10.

Narasumber: "Pan aya opat rupa sakola teh. Kahiji, sakola anu kualitasna handap, mayarna murah. Kadua, nu kualitasna sae, mayarna mahal. Katilu, nu mayarna murah, kualitas sae. Kaopat, nu mayarna mahal, kualitasna handap."

Dina hal ieu, narasumber nepikeun pananggihna ngeunaan...

a)

Sakola anu murah

b)

Sakola anu mahal

c)

Sakola nu kualitasna handap

d)

Sakola anu kualitasna hade

e)

Rupa-rupa kualitas sakola

11.

"Dina rapat poe ieu kuring rek nepikeun informasi yen mudik lebaran dilarang pisan." Tegas Presiden Jokowi ngaliwatan video conference bersama Wakil Presiden Ma'ruf Amin jeung menteri Kabinet Indonesia Maju, di Istana Merdeka Jakarta, Salasa (21/4).

Warta di luhur nepikeun informasi ngeunaan...

a)

Jumlah pasien corona

b)

Vaksin Corona

c)

Larangan mudik

d)

Rapat Presiden

e)

Menteri Indonesia Maju

12.

"Kuring meunangkeun informasi ti pihak rumah sakit yen aya perawat ti RSD Gunung Jati positiv Cobid-19. Hasil eta kaluar dina tanggal 20 April 2020, kuring meunangkeun eta kabar dina salasa peuting." Ceuk Aziz

Warta di luhur ngeunaan...

a)

Pasien Corona

b)

Perawat RSD anu beunang covid

c)

IGD RSD anu disterilkeun

d)

Tes covid-19

e)

JUmlah pasien covid-19

13.
Warta anu ditulis dumasar kana ... nu aya di lapangan.
a)
fakta
b)
rekaan
c)
carita
d)
hayalan
14.

Kajadian anu bisa dijadikeun warta téh nyaéta kajadian .…

a)

anu dianggap penting pikeun balaréa

b)

anu dianggap penting pikeun urang

c)

anu dianggap penting pikeun kulawarga urang

d)

anu dianggap penting pikeun pamingpin

15.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. anu teu kaasup kana panjangna tina SARA....

a)

Suku

b)

Agama

c)

Rasa

d)

Ras

e)

Antar golongan