WorksheetsTES MATERI BAB 1-4
Total questions: 25
Worksheet time: 8mins
Obrolan silih témpas antara dua urang atawa leuwih disebut….
Monolog
Dongéng
Paguneman
Biantara
Paguneman téh dilakukeun ku….
Sorangan bari sorana bedas
Duaan atawa leuwih bari silih témpas
Duaan tapi nu ngomongna saurang
Sorangan bari sorana teu kadéngé ku batur
“Abdi mios, bapa….”
Kecap tatakrama basa anu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta…
Pergi
Indit
Angkat
Wangsul
Indung kuring mah ngajarna di Sukabumi.
Ragam basa hormatna....
Pun ibu mah ngawulangna di Sukabumi.
Pun biang mah ngawulangna di Sukabumi.
Tuang biang mah ngawulangna di Sukabumi.
Tuang ibu mah ngawulangna di Sukabumi.
Tatakrama basa Sunda baheula mah disebut….
Panta-pantana basa
Basa loma jeung hormat
Kasar-lemesna basa
Undak-usuk basa
Kamonésan anu mindeng dilakukeun ku barudak dina mangsa keur rinéh, disebut….
Pupujian
Pupuh
Ngadongéng
Kaulinan Barudak
Ngaran kaulinan di luhur nyaéta….
Sondah
Langlayangan
Congklak
Simar
Nu kaasup kana kaulinan husus barudak awéwé nyaéta....
Papanggalan
Simar
Langlayangan
Pepeletokan
Conto kaulinan barudak anu dibarung ku kakawihan nyaéta....
Ucing Sumput
Boyboyan
Sondah
Cingciripit
Nu kaasup kana kaulinan husus barudak lalaki nyaéta....
Congklak
Sondah
Anjang-anjangan
Ngadu kaléci
“Kakawihan téh karya balaréa.”
Maksud tina kalimah di luhur nyaéta....
Kanyahoan saha anu ngarangna
Kanyahoan nu ngarangna nyaéta seniman.
Kanyahoan nu ngarangna nyaéta guru di sakola
Henteu kanyahoan saha anu ngarangna.
Hompimpah alaihum gambréng
Ma Ijah maké baju rombéng
Sempalan kakawihan di luhur dikawihkeun nalika rék....
Upama geus tangtu ucingna.
Upama keur ulin.
Méméh prung pikeun nangtukeun ucingna.
Waktu bérés maénkeun kaulinan.
Cara sumebar kakawihan nyaéta....
Sacara tinulis.
Sacara lisan turun-tumurun.
Sacara dikte ku guru.
Sacara bebas.
Puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam nya éta….
Sajak
Pupujian
Sholawatan
Pupuh
Abad ka sabaraha asupna basa Arab kana basa Sunda sarta asupna agama Islam ka Tatar Sunda....
Abad ka 12
Abad ka 13
Abad ka 14
Abad ka 15
Dina kamus Sunda, kecap anu asalna tina basa Arab sok dicirian ku symbol….
Maké pituduh Arab
Maké aksara Arab
Maké pituduh (A) atawa (Ar)
Maké pituduh (ARB)
Ngahaleuangkeun (nganyanyikeun) pupujian disebut....
Ngahaleuangkeun
Nyebutkeun
Nadomkeun
Mantunkeun
Sagala rupa hal anu kaalaman ku hiji jalma disebut….
Pangajaran
Pangalaman
Lalampahan
Ngalanglang
Eusina mangrupa poko-poko pikiran anu ku urang rék tulis dina karangan pangalaman pribadi disebut….
Rangkay Karangan
Ide pokok
Kajadian-kajadian
Pokok pikiran
Kalimah pikeun nanyakeun hal atawa jalma disebut….
Kalimah paréntah
Kalimah tanya
Kalimah panitah
Kalimah wawaran
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di handap nyaéta….
--------- sababna loba turis anu dating ka Pangandaran?
Naha
Iraha
Sabaraha
Naon
Kalimah tanya nu mana anu merenah pikeun malikkeun susunan kecap kalimah wawaran di handap.
“Manéhna téh labuh ti sapédah.”
“Labuh ti naon manéhna téh?”
“Sapédah saha nu labuh?”
“Labuh ti sapédah manéhna téh ?”
“Manéhna téh labuh?”
20. “Abdi neda, bapa ….”
Makan
Tuang
Dahar
Mumuluk
Nyembah, babakti ka Pangéran; gawé keur kapentingan batur bari teu mandang buruhan, disebut….
Élmu
Sakarat
Solat
Ibadah
Purwakanti dina pupujian umumna purwakanti ….. atawa murwakanti di tungtung.
Laraswekas
Larasmadya
Maduswara
Laraspurwa
