WorksheetsEVALUASI AHIR BASA SUNDA KELAS XII
Total questions: 15
Worksheet time: 5mins
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebut....
Budaya
Tradisi
Etika
folklore
Tatakrama
Dina bahasa Sunda disebut pedaran, upama dina basa Indonésia disebut karangan .....
Argumentasi
Narasi
Eksposisi
Deskripsi
Persuasi
Nurutkeun eusina, wangun tulisan bahasan téh nyaéta ….
Arguméntasi, Narasi, Déskripsi
Argeméntasi, Persuasi, Déskripsi, Narasi
Persuasi, Arguméntasi, Déskripsi,Narasi, Éksposisi
Persuasi, Arguméntasi, Déskripsi, Éksposisi
Déskripsi, Narasi, Éksposisi, Argumentasi
Ngagambarkeun obyék tempat, atawa kajadian sacara jéntré ka pamaca, nepi ka pamaca siga nu ngarasakeun langsung éta kajadian nu digambarkeun dina wacana
Narasi
Deskripsi
Eksposisi
Argumentasi
Persuasi
Mana Struktur pedaran nu bener ?
bubuka, eusi, panutup, kacindekan
bubuka, eusi, panutup
bubuka, salam, eusi, inti, panutup
eusi, bubuka, panutup
bubuka, eusi,panutup, saran
Tradisi anu ngan aya di kampung Adat Rancakalong nyaeta ....
ngalaksa
hajat laut
Pacaduan leuweung
ruwatan
Jaroh
Tradisi Sérén Taun téh teu kapanggih di unggal tempat. Diantarana sok dilaksanakeun di wewengkon ....
Kuningan
Cirebon
Garut
karawang
Bandung
Tujuan diayakeunana Tradisi Seren Taun nyaeta ....
ngamulyakeun karuhun
nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah
tulak bala atawa ngajauhkeun panyakit
nyalametkeun utun inji sangkan lahiranana lancar
sukuran ka nu Maha Kawasa kana hasil panen
Dina upacara tradisi kawinan, panganten awewe jeung lalaki pabetot-betot bakakak hayam disebut....
nincak endog
sungkem
seserahan
meuleum harupat
huap lingkung
Gatotkaca lain tokoh penting, tapi ukur dicaritakeun rék maotna, hal ieu ayana ti carita India, sedengkeun di carita urang Sunda, kumaha tokoh Gatotkaca téh?
Tokoh penting jeung réa dicaritakeun
Tokoh anu boga sipat réhé
Tokoh nu tara dicaritakeun
Tokoh anu boga sipat julig
Tokoh anu boga sipat pikasebeleun
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
Dipati Karna, Raja Awangga, kasaktianana henteu éléh ku Arjuna. Lian ti ahli mentang jamparing, pinter maén gada jeung tumbak. Anjeunna putra Batara Surya. Ibuna Déwi Kunti, sami sareng Yudhistira, Bima, katut Arjuna.
Dumasar kutipan téks di luhur, saha tokoh nu keur dicaritakeun ?
Arjuna
Dipati Karna
Bima
Gatotkaca
Yudistita
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
"Arjuna lain antepeun. Unggal poé rébuan prajurit Astina jadi korban panah Arjuna. Kula miharep salira majeng ka pangperangan. Lawanan Arjuna, sakalian ala nyawana," cenah.
Dumasar kutipan téks di luhur, kecap unggal poé nunjukkeun latar ...
Suasana
Tempat
Kaayaan
waktu
enggon
Pék regepkeun kutipan téks Gatotkaca Perlaya di handap ieu !
Énjingna Gatotkaca majeng, mingpin paraprajurit maju ka médan perang. Kawantu sarua gagah jeung sakti, pe rang antara Karna jeung Gatotkaca ka cida ragotna. Nepi ka tengah poé, can katara saha nu bakal unggul, saha nu bakal éléh. Lila-lila ku sabab ngarasa kadesek, Karna kapaksa ngaluarkeun Konta.
Dumasar kutipan téks di luhur, kecap médan perang nunjukkeun latar ...
suasana
tempat
kaayaan
waktu
wanci
Kombayana apal pisan, kakuatan Amarta téh di antarana lantaran diaping ku Lurah Semar badranaya, déwa kamanusaan nu bakti diri ka raja-raja nu hadé ahlakna. Saha baé nu kacicingan Lurah Semar, tangtu pangunggulna.
Nurutkeun sempalan carita di luhur, watek Lurah Semar nyaéta
hade ahlak
sakti
gagah perkasa
satia satuhu
bageur
Gatotkaca ka Bima jeung Arimbi perenahna ...
Aki jeung Nini
Bapa jeung Indung
Kapiadi jeung kapilanceuk
Mamang jeung Bibi
Alo jeung Suan
