Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PENILAIAN AKHIR SEMESTER KELAS 6A

Total questions: 30

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Saha palaku utama dina carita Kaeurad Kenur teh?

a)

japati

b)

piit

c)

saeran

d)

titiran

2.

Paripolah Yumna jeung Rezel anu nembongkeun sikep nyaah ka papada mahluk nyaeta.....

a)

curinghak ngadenge sora cit-citan

b)

ngaliwat ka sisi sawah manuk pating geleber

c)

silih reret bareng ngadenge sora cit-citan

d)

turun ka dapuran pare neang sora nu cit-citan

3.

Amanat dina carpon "Kaeurad Kenur" teh nyaeta....

a)

Kudu hirup suyunan, silih tulungan jeung papada mahluk

b)

Lamun boga pare pibuateun kudu ditungguan

c)

Lamun ngliwat ka sawah ulah sadenge-dengena

d)

Miceun kenur urut langlayangan ulah ka sawah

4.

Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukurana kawilang singget, antara 5000-7000 kecap disebut.......

a)

carita wayang

b)

carpon

c)

dongeng

d)

fabel

5.

Carpon diwangun ku sababaraha unsur, di antarana amanat. Amanat ngandung harti.....

a)

gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana

b)

hal anu bisa dilenyepan tina eusi carita ku nu maca

c)

jalanna carita atawa runtuyan kajadian dina carita

d)

waktu jeung tempat lumangsungna kajadian dina carita

6.

Perhatikeun sing imeut hal-hal ieu!

1. tema

2. palaku

3. alamat pangarang

4. latar

5. kasantukang/latarbelakang pengarang

Unsur-unsur anu sok aya dina jero carpon nyaeta.....

a)

1,2, jeung 3

b)

1, 2, jeung 4

c)

2,3, jeung 4

d)

3,4, jeung 5

7.

Baca sing tenget kalimah ieu!

"Alif teh sakolana geus kelas 6."

Kalimah pananya anu cocog keur eta jawaban, nyaeta..

a)

Di mana Alif teh sakolana?

b)

Kelas sabaraha Alif teh sakolana?

c)

Saha anu geus sakola kelas VI teh?

d)

Kana naon Alif teh indit sakolana?

8.

Kalimah nu tulisanna bener nyaeta.....

a)

Kang arif meuli baju di pasar baru.

b)

kang arif meuli baju di pasar baru.

c)

Kang Arif meuli baju di pasar baru.

d)

Kang Arif meuli baju di Pasar Baru.

9.

Nusantara teh kawuwuh ku pulo-pulo. Kumaha sikep hidep lamun salah sahiji pulo diaku ku nagara deungeun nu lain hakna?

a)

hare-hare da eta mah urusan pamarentah

b)

ngilu perang ngalawan nagara deungeun

c)

ngilu andil mertahankeun sakamampuan urang

d)

mikangewa nagara deungeun anu ngaku-ngaku

10.

Kumaha akibatna lamun urang teu ngajaga budaya Nusantara?

a)

budaya pribumi tetep nanjeur

b)

kaelehkeun ku senu budaya batur

c)

nagara urang bakal beuki kasohor

d)

budaya beuki loba lantaran kacampuran budaya luar

11.

Di handap ieu anu ngandung rarangken tukang -ing/-ning, iwal....

a)

bakating

b)

kersaning

c)

mungguhing

d)

papanting

12.

Perhatikeun klimah ieu!

.....ku puyeng mah, Ma Icih katurelengan.

a)

awaking

b)

bakating

c)

kersaning

d)

mungguhing

13.

Pa Saepul keur ngusep lauk nila di balong mang Sardi.

Kalimah pasip tina kalimah di luhur, nyaeta...

a)

Di balong mang sardi lauk diuseup ku pa Saepul

b)

Lauk nila diuseup ku Pa Saepul di balong mang Sardi

c)

Mang Sardi nguseup lauk nila di balong Pa Saepul

d)

Lauk nila diuseup ku mang Sardi di balong Pa Saepul

14.

Dewi putrana Bu Nani. Bu Nani kagungan Ibu, jenenganna Bu Mimin ari ramana jenengana Pa Ahmad.

Hubungan pancakaki Dewi ka Bu Mimin disenutna....

a)

buyut

b)

incu

c)

indung

d)

nini

15.

Kalimah di handap anu henteu kaasup kalimah parentah, nyaeta...

a)

Ade gera ibak!

b)

Aduh suku abdi titajong!

c)

Mah, nyuhunkeun kueh!

d)

Urang mios yeuna, yu!

16.

Kecap datang, lamun diucapkeun ka saluhureun jadi.....

a)

datang

b)

dongkap

c)

rawuh

d)

sumping

17.

Keur kasep teh amis budi deuih Ajun mah. Harti tina babasan amis budi, nyaeta....

a)

bangkenu

b)

jamedud

c)

marahmay

d)

murukusunu

18.

Dina karangan carita aya unsur-unsur di handap ieu, iwal....

a)

palaku

b)

wirahma

c)

latar

d)

galur

19.

Kecap nu teu ngandung rarangken tengah, nyaeta...

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

20.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta....

a)

saha nu ngarang kumpulan carpon Kanyaah Kolot?

b)

kaayaan di sakolana teh kumaha ayeuna?

c)

ari wandi teh sakola henteu?

d)

di mana Wandi teh bumina?

21.

Di handap ieu nu lain kalimah aktip, nyaeta....

a)

Mang Nana keur ngala buah.

b)

Kang Dudung meuncit hayam.

c)

Bapa ngala lauk di balong

d)

Jang Dadang kacugak paku.

22.

Ieu di handap anu lain seni budaya Sunda, nyaeta....

a)

angklung

b)

bangreng

c)

calung

d)

tari lilin

23.

Hal anu diwengku dina riwayat hirup (biografi) nyaeta, iwal.....

a)

ngaran jeung weton

b)

riwayat atikan

c)

ngaran babaturan

d)

karya-karyana

24.

Abdi nuju neda di dapur, pami Ibu nuju......di teras.

a)

dahar

b)

tuang

c)

neda

d)

ngaleueut

25.

Kuring indit ka sakola jam tujuh, pami Bapa....ka kantor tabuh genep.

a)

mios

b)

angkat

c)

mulih

d)

wangsul

26.

Wacana anu eusina nyaritakeun ngeunaan kahirupan hiji jalma, ilaharna mah tokoh atawa inohong anu sukses dina kahirupanana disebutna....

a)

otobiografi

b)

monografi

c)

biografi

d)

bibliografi

27.

Indung/bapana bao disebutna....

a)

janggawareng

b)

kait siwur

c)

buyut

d)

udeg-udeg

28.

Anu kaasup kana kalimah panyarek, nyaeta....

a)

Mangga ka lebet, Pa!

b)

Muga-muga urang sadaya lulus!

c)

Wan, nambut pamupus

d)

Teu kenging ameng di dinya!

29.

Babasan bodo alewoh hartina....

a)

bodo pisan

b)

bodo tapi daek tatanya

c)

bodo katotoloyoh

d)

bodo lantaran kedul

30.

Kampung adat anu ayana di Desa Neglasari Kacamatan Salawu Tasikmalaya, nyaeta....

a)

Kampung karuhun

b)

Kampung Naga

c)

Kampung Baru

d)

Kampung Budaya