Font size
WorksheetsB. Sunda
Total questions: 23
Worksheet time: 2hrs 30mins
Kacaritakeun aya barudak anu resep, bahasa gaul namah nge-fans ka artis korea, eta artis teh arek konser di Indonesia. Maneh na hayang nonton eta konser tapi teu boga duit jeung manehna rek nyanghareupan ujian.
Kacaritakeun aya barudak anu resep, basa gaul na mah nge-fans ka artis korea, eta artis teh arek konser di Indonesia. Manehna hayang nongton eta konser tapi teu boga duit jeung manehna rek nyangharepan ujian.
Kacaritakeun dihiji sakola
Bu Guru: Kadé barudak ulah poho terus ayeuna mah kudu ngapalkeun, eureunan heula ngopték HP,
Barudak: Muhun buuu!!!
Bu Guru: Ulah kawas si Léha tah pagawéan téh malaweung waé, nya Léha? Léha? (bari dialungan
kertas).
: (reuwaseun), Naon buu?
Bu Guru: Teu, geus ayeuna mah bagéan istirahat, kadé ulah poho eureunan tah éta ulin!!
Barudak : Wa'alaikumsalam...
1. Sabada hidep maca sempalan naskah di luhur, bisa dicindekkeun ku hidep yen eta naskah teh ka asup paguneman dina...
Sapopoe
Sawala
Dongeng
Drama
2. Nalika ngalakukeun paguneman, tangtu aya maksud anu hayang dicaritakeun. Kitu ogé anu aya dina paguneman di luhur. Tina paguneman di luhur, hal anu diobrolkeunna téh nyaéta...
Ngeunaan pancen atawa tugas
Ngenaan gaul
Ngenaan ngapalkeun nyanghareupan ujian
Ngenaan artis Korea nu rek konser di Indonesia
3. "Aa, hayu urang dahar"kecap anu bener keur ngajak ka saluhureun nyaéta
"Aa, hayu urang emak"
"Aa, hayu urang tuang"
"Aa, hayu urang nyatu"
"Aa, hayu urang lolodok"
4. Titénan ieu hal di handap!
1) Aya panyatur
2) Aya batur nyarita
3) Aya jejerna
Anu ditataan diluhur téh kaasup kana...
Tema paguneman
Unsur-unsur paguneman
Rupa-rupa paguneman
Topik paguneman
Paguneman anu di tepikeuna di bagian bubuka di sebut...
Monolog
Dialog
Prolog
Epilog
Titenan ieu di handap!
Kudu apal kana maksud nu dicaritakeun
2) Kudu sabar dina nyanghareupan nu nyarita
3) Ngajénan unggal pamadegan nu diasongkeun ku batur 4) Jujur, soméah, ulah nogéncang (méré kasempetan nyarita kanu lian)
Anu ditataan diluhur téh kaasup kana...
Tema paguneman
Unsur-unsur paguneman
Rupa-rupa paguneman
Aturan-aturan nu kudu di perhatikeun dina nepikeun paguneman
7. Dina paguneman, lentong jadi karasa pentingna, malah bagian tina tatakrama ogé. Lamun lentong na lemes atawa alon, karasana sopan. Sabalikna lamun lentongna teureugeus, najan lain ngambek, karasara
sok nyentug kana haté..
Dina ucapan diluhur, lentong miboga harti. . .
Sora
Tulisan
Bahasa
Kalimat
Titénan ieu hal di handap!
1) Aya pagunemanana
7) Volume sora kudu jelas
a memilik
2) Palakuna leuwih ti saurang
3) Make kalimah langsung
4) Dina maca paguneman kudu hade lentongna
5) Pasemon anu daria
6) Lapal anu jelas
7) Volume sora kudu jelas
Anu ditataan di luhur téh kaasup kana...
Unsur-unsur paguneman
Ciri-ciri paguneman anu hadé
Rupa-rupa paguneman
Aturan-aturan nu kudu diperhatikenun dina nepikeun paguneman
Vokal teh huruf hirup, anu waktu diucapkeunana teu meunang hahalang. Dina basa sunda vokal téh aya tujuh, henteu lima, cara dina basa Indonesia. Anu teu kaasup huruf vokal dihandap ieu nyeta...
a, i
U, e
O, e, jeung eu
B, d
Sabalikna tina vokal, konsonan mah hurup paéh, anu waktu diucapkeunana meunang hahalang Sina basa sunda konsonan téh aya dalapan belas. Dr handap ieu aya huruf konsonan nu éta mah lain an konsonan Sunda, tapi pangaruh tina basa asing. Pek ku hidep tangtukeun mana nu kaasup huruf
konsonan tina basa asing!
B
C
D
X
Paguneman Sapopoé
(Paguneman antara Risma, Agus, jeung Tiara ngeunaan pancén Basa Sunda dina jam istirahat)
Risma: Gus, kumaha ari kelas Agus sami pelajaran Basa Sunda dipasihan pancen?
Agus : Pancén anu mana téa, Ris?
Risma: éta dipiwarang nyarioskeun pangalaman waktu liburan. Tiara: Muhun kelas abdi ogé sami dipiwarang.
Agus: Oh, éta. Atos deui Agus mah.
Tiara: Agus, basa libur téh ameng kamana kitu?
Agus : Agus mah ameng ka Kampung Pulo.
Risma: Nu dimana téa kitu Gus?
Agus : éta anu di Lélés téa.
Tiara: Muhun nya, Gus resep ameng kadinya téh jaba aya carita sajarahna, sareung urang tiasa rarakitan di situ cangkuang
Risma: Naha kumaha kitu di Kampung Pulo téh?
Agus : éta Ris, di Kampung Pulo mah masih mempertahankeun adatna. Sakampung éta téh cenah ulah leuwih ti tujuh suhunan kitu ogé éta téh sareng masjid.
Saha waé anu ngalakukeun paguneman diluhur téh...
Agus, risma , tiara
Ria, risma, agus
Tia, agus, ria
Agus ,ria, tia
Naon anu dicaritakeun dina paguneman éta...
Ngeunaan objek wisata
Ngeunaan Pancén
Ngeunaan liburan
Ngeunaan Kampung Pulo
Tengetan kawih di handap ieu!
Oray-orayan luar léor mapay sawah Entong ka sawah, paréna keur sedeung beukah
Oray-orayan luar léor mapay kebon Entong ka kebon, loba barudak keur ngangon
Oray-orayan luar léor mapay leuwi Mending gé teuleum, di leuwi loba nu mandi
Saha anu mandi?
Anu mandi di pandeuri.
Conto kakawihan di luhur mangrupa salah sahiji kakawihan nu dipaké kaulinan barudak bihari,ngaran
kauliananana nyaéta...
Ambil-ambilan
Cingciripit
Oray-orayan
Perepet jengkol
Kaulinan barudak bihari, biasana dipaénkeun ku leuwih ti saurang, tur ngandelkeun pakakas nu basajan atawa geus nyampak, gumantung kana wangun kaulinannana. Kaulinan nu ngagunakeun pakakas tina awi nyaeta...
Congkak
Gatrik
Sonlah
Cingciripit
Sanggeus hidep mikawanoh pintonan "kaulinan barudak" hidep tiasa nalungtik sababaraha cini dina kaulinan barudak. Nu kaasup ciri kaulinan barudak kiwari nyéta...
Sauyunan
Teu poho waktu
Dunya maya
Sosialisasi fisik
Titénan ieu hal di handap!
1) Anu dibarengan ku kakawihan
2) Anu sipatna olah raga
3) Anu sipatna seni
4) Anu sipatna kaulinan biasa
5) Palakuna leuwih ti saurang
Anu ditataan di luhur téh kaasup kana...
Unsur-unsur Kaulinan
Ciri-ciri kaulinan barudak nu hadé
Rupa-rupa kaulinan barudak lembur
Rupa-rupa kaulinan barudak kota
Kaulinan bihari ngajarkeun barudak hirup sauyunan jeung paheuyeuk-heuyeuk leungeun, biasana tara leupas tinan kakawihan, sanajan kawihan saukur kawihan pondok tur leuwih deuket kana mariring batan nagwih, beda jeung kaulinan elektronik nu sifatnya...
Teu merlukeun waragad
Sauyunan
Nyorangan
Di barengan ku kakawihan
Istilah dina Langlayangan kaulinan su sok di pake dina kaulinan nyaeta..
Nyasar
Log in
Kewuk
Oles
Dina kaulinan daring, aya dua unsur utama di antarana sérver jeung client, nu ngalakukeun administrasi kaulinan, nyaéta...
Gamers
Servers
Internet
Client
Naon kaulinan dina gambar diluhur
Sonlah
Congkak
Gatrik
Maen kaleci
Jawab sakur panalék dihandap ku jawaban nu bener!
1. Saparantos bidep maca kana sababaraha conto paguneman, tangtuna hidep tiasa nyindekkeun naon jeung kumaha ari paguneman téh. Prak ayeuna ku hidep tuliskeun naon ari harti paguneman téh!
2. Tine sababaraha conto paguneman anu tos dibaca ku hidep, tangtuna hidep tos maham jiga kumaha an paguneman téh. Sangkan leuwih maham, ku kituna prak ayeuna jieun hiji téks paguneman anu témana bébas, tong hilap, basa anu digunakeun kedah basa sorangan kalayan hadé tur merenah!
3. Sanggeus hidep mikawanoh kana "kaulinan Barudak", pék ayeuna talungtik hal-hal naon wae mu kapanggih ku hidep tina éta kaulinan barudak téh, diantarana!
4. Salah sahiji conto kaulinan barudak bihari nyaéta oray-orayan nu dina metakeunana dibarengan jeung ngawih. Dina metakeunana ogé ngabutuhkeun tempat anu lega. Pikeun leuwih ngarti pék jéntrékeun
kumaha prak-prakaanana kaulinan oray-orayan téh!
5. Dina kaulinan barudak téh aya dua rupa, nyaéta kaulinan barudak bihari jeung kiwari (kota). Conto kaulinan barudak bihari nyaéta oray-orayan, sapintrong, békles, éncrak, gatrik, jsb. Ayeuna prak tulis kuhidep 5 conto kaulinan barudak kiwari (kota) anu sok loba dipaénkeun!
