wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

mandu acara

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Panata acara sok disebut ogè...

a)

Panata calagar

b)

Pangjejer acara

c)

Narasumber

d)

Panata harta

2.

Istilah panata acara dina basa Sunda, sarua hartina jeung........dina basa Indonesia.

a)

Protokol

b)

Notulen

c)

Moderator

d)

Pemakalah

3.

Salah sahiji conto acara anu make peran panata acara nyaeta..........

a)

diskusi

b)

seminar

c)

debat

d)

pelantikan

4.

Anu teu kaasup kana tugas panata acara nyaeta...........

a)

ngajelaskeun urutan acara

b)

muka acara

c)

nutup acara

d)

ngeusi acara

5.

"wilujeng siang sadayana. dina kasempetan ayeuna urang tiasa patepang deui dina raraga acara serah terima jabatan ketua OSIS periode 2013-2014. hatur nuhun ka sadayana anu tos ngersakeun hadir di dieu tempat."

Cutatan di luhur mangrupa tugas panata acara, nyaeta............

a)

muka acara

b)

nutup acara

c)

ngajelaskeun urutan acara

d)

nyambungkeun acara

6.

Runtuyan acara ditutup ku...

(Runtutan acara ditutup dengan)

a)

Pintonan Kasenian

b)

Balakecrakan

(Makan-makan)

c)

Do'a

d)

Sasalaman

(Bersalaman)

7.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta…

a)

Ngucapkeun panuhun ka panata calagara

b)

Ngucapkeun pangwilujeng ka nu hadir

c)

Ngucapkeun salam bubuka

d)

Ngucapkeun salam panutup

8.

Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta…

a)

Anu ngahadirkeun éta acara

b)

Réngréngan panata calagara

c)

Runtuyan kagiatan panata calagara

d)

Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan

9.

Pembawa acara atawa panata acara (bahasa

Inggris: master of ceremony disingkat MC) nyaéta jalma anu pancénna mingpin hiji acara. Misalna dina acara panggung pagelaran hiburan, pernikahan, jeung acara lianna boh formal atawa informal. https://id.wikipedia.org/wiki/Pembawa_acara

a)

Bener

b)

Salah

10.

Tugas pemandu acara: ngatur hiji acara sangkan lumangsung kalayan tartib tur lancar, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun.

a)

Bener

b)

Salah

11.

Dina prakna, aya sawatara hal anu kudu dipaliré upama urang jadi panata acara, di antarana:

1) Sorana kudu bedas jeung béntés

2) Létong jeung wirahmana merenah

3) Miboga panagweruh nu jembar kana éta acara.

4) Miboga kamampuh ngaréka basa pikeun bumbu pangirut.

5) Surti kana suasana jeung kahayang hadirin

6) Miboga sikep nu hade, anu ngawengku tatakrama, paroman, jeung réngkak paripolah liana.

7) Miboga kamampuh pikeun ngahirupkeun suasana.

a)

Bener

b)

Salah

12.

Pancèn panata acara diantarana...

a)

Ngatur jalanna acara

b)

Ngadeudeulan hiji acara

c)

Makalangan dina hiji acara

d)

Nyusun materi acara

13.

"Salajengna simkuring ngahaturanan ka Bapa Kapala Sakola kanggo ngadugikeun biantarana."

Cutatan teks diluhur kaasup kana bagian...

a)

Nganuhunkeun

b)

Nepikeun komentar

c)

Ngahaturanan

d)

Nutup acara

14.

Kekecapan sanduk-sanduk menta hampura dina ngejejeran acara mangrupa bagian tina...

a)

Nganuhunkeun

b)

Ngahaturanan

c)

Nutup acara

d)

Nepikeun komentar

15.

Maos ayat suci Alqur'an biasana aya dina .... acara

a)

Bubuka

b)

Tengah-tengah

c)

Ahir

d)

Panutup

16.

Dina prakna, panata acara sorana kudu ....

a)

Laun jeung béntés

b)

Tarik jeung béntés

c)

Bedas jeung béntés

d)

Ngagorowok jeung béntés

17.

Pancén panata acara téh di antarana ....

a)

Maoskeun ayat suci Alqur'an sareng saritilawahna

b)

Nepikeun laporan ngawakilan panata calagara

c)

Ngatur jalanna acara ti mimiti nepi ka réngsé

d)

Nangtukeun saha waé nu kudu ngeusi acara

18.

Runtuyan acara dibuka ku ....

a)

Biantara

b)

Salam bubuka

c)

Hiburan

d)

Salam panutup

19.

Di handap ieu rupa-rupa kasenian budaya ti daérah Jawa Barat, iwal ....

a)

Sisingaan

b)

Kuda Rénggong

c)

Barongsai

d)

Réak

20.

Gamelan, pupuh, jaipongan, ka asup kana unsur budaya ....

a)

Kasenian

b)

Téhnologi jeung pakakas

c)

Élmu pangaweruh

d)

Basa