wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PTS B.SUNDA GENAP X

Total questions: 20

Worksheet time: 37mins

Name
Class
Date
1.

Dumasar catetan sajarah, aksara Sunda Kaganga dipaké ku urang Sunda ti ...

a)

Abad 12

b)

Abad 13

c)

Abad 14

d)

Abad 15

e)

Abad 16

2.

Disebut aksara Sunda Kaganga, lantaran ....

a)

Asalna ti Prasasti Kawali

b)

Abjadna dimimitian ku lambang ka, ga, jeung nga

c)

Béda jeung aksara Sunda Cacarakan

d)

Mangrupa aksara anu dianggap asli Sunda

e)

Asalna tina Prasasti Tuguaksuaksa

3.

Di handap ieu nu dibaca "Ga" , nyaéta ...

a)
b)
c)
d)
e)
4.

Anu gunana pikeun ngaleungitkeun sora vokal aksara dasar anu miheulaanana, nyaéta ...

a)

Pangwisad

b)

Panyiku

c)

Pamaéh

d)

Pamingkal

e)

Pamepet

5.

Kalimah di luhur dibaca ...

a)

Brag brig brug

b)

Bro di juru bro di panto

c)

Bubuka carita

d)

Mantra pamuka carita

e)

Trang tréng trong

6.

Nu di baca "korsi" nyaéta ...

a)
b)
c)
d)
e)
7.

Pikeun nuliskeun kecap imah, diperlukeun rarangkén ....

a)

Pangwisad

b)

Panghulu

c)

Panyuku

d)

Panyiku

e)

Panyecek

8.

Rarangkén anu gunana pikeun ngarobah vokal /a/ jadi /i/, nyaéta ...

a)

Panghulu

b)

Panyecek

c)

Pangwisad

d)

Panglayar

e)

Panyiku

9.

Lamun rék nuliskeun aksara angka, kudu dihapit ....

a)

Dua gurat dengdek

b)

Dua gurat lurus

c)

Kekenteng

d)

Kurung siku

e)

Kurung kurawal

10.

Dina aksara Sunda aya nu disebut aksara ngalagena, nyaéta aksara anu ....

a)

Ngabogaan tujuh aksara swara

b)

Ngabogaan rarangkén

c)

Ngabogaan wianjana (konsonan) dituturkeun ku sora /a/

d)

Aya konsonan asing nu dipake

e)

Dituliskeun maké dua gurat lurus

11.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan.

Soal: Saha ari Prabu Geusan Ulun téh?

a)

Raja Karajaan gedé

b)

Raja anu adil wijaksana

c)

Raja Karajaan Sumedang Larang

d)

Raja anu mawa rahayatna ma’mur

e)

Raja anu kaceluk ka awun-awun nu kakoncara ka janapria

12.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan.

Soal: Ngaran Prabu Geusan Ulun téh ngandung ma’na ...

a)

Tempat jalma anu kasohor

b)

Tempat jalma anu gagah perkasa

c)

Tempat jalma anu rahayatna ma’mur

d)

Tempat jalma anu bisa dipéntaan tulung

e)

Tempat jalma anu ahli dina élmu santika (pangperangan)

13.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan

Soal: Saha putrana Guru Gantangan ...

a)

Sunan Corenda

b)

Prabu Siliwangi

c)

Ratu Pucuk Umum

d)

Prabu Geusan Ulun

e)

Ratu Nyi Mas Patuakan

14.

Dihandap ieu nu kaasup kana unsur sajarah dina sempalan babad, kajaba...

a)

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran.

b)

Hiji mangsa waktu maung keur ngalantung néangan kahakanan, kabeneran aya peucang keur ngahuleng jiga anu susah.

c)

Éta papatah ku kuya diturutkeun, tuluy manéhna nyieu deui imah anu alus jeung kuat, gedéna ngukur kana awakna.

d)

“Tung jigana mah ngan bulu urang baé anu teu rupa-rupa warnana téh, nya?” ceuk si Kuda Sébra.

e)

Ceuk béja, cenah baheula  mah maung téh antara cangkéng jeung dadana teu sabaraha béda, ampir sarua baé gedéna.

15.

Karajaan munggaran di Jawa Barat, nyaéta ...

a)

Tarumanegara

b)

Sunda Sembawa

c)

Galuh

d)

Salakanegara

e)

Kawali

16.

Dihandap ieu anu henteu kaasup kana carita babad, nyaéta ....

a)

Babad Cikundul

b)

Babad Galuh

c)

Babad Sumedang

d)

Babad Sukabumi

e)

Babad Panjalu

17.

Kolotna nini atawa aki urang disebutna ...

a)

Bao

b)

Buyut

c)

Janggawaréng

d)

Udeg-udeg

e)

Kait siwur

18.

BABAD SUMEDANG

Ujaring carita, jaman baheula di Sumedang aya hiji karajaan gedé nu katelahna Karajaan Sumedang Larang. Rajana anu kaceluk ka awun-awun kakoncara ka janapria. Prabu Geusan Ulun jenenganana. Anjeunna pohara gagahna. Adil tur wijaksana. Rahayatna ma’mur negri gé subur.

Prabu Geusan Ulun gé kasohor ku kapinteranana sarta kaparigelanana dina élmu santika. Geusan Ulun téh lain ngaran dapon waé, tapi hiji ngaranna anu nagndung ma’na kacid alusna, geusan hartina tempat, ulun hartina jalma anu bisa dipéntaan tulung.

Maluruh silsilahna mah, Prabu Geusan Ulun téh masih turunan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran. Prabu Geusan Ulun téh putrana Pangeran Santri ti Ratu Pucuk Umum, ari Ratu Pucuk Umum putrina Sunan Corenda ti Ratu Nyi Mas Patuakan. Sedengkeun Sunan Corenda putrana Guru Gantangan. Guru Gantangan téh putrana Prabu Siliwangi. Jadi, ana kitu mah Prabu Geusan Ulun téh kaasup turunan kaopat Prabu Siliwangi.

Puseur kota Karajaan Sumedang Larang téh nyaéta Kutamaya. Éta karajaan dikurilingan ku gunung, di beulah kaler diwatesan ku Gunung Gede (Gunung Tamponas), sarta diapit ku dua pasir jeung Walungan Cipeles, nu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan.

Soal: Walungan naon anu ngaliwatan puseur dayeuh karajaan Sumedang Larang ...

a)

Cibéo

b)

Cipeles

c)

Citanduy

d)

Cimuntur

e)

Cikahuripan

19.

Geusan Ulun ka Sintawati téh perenahna ....

a)

Nini

b)

Buyut

c)

Bao

d)

Janggawaréng

e)

Udeg-udeg

20.

Tokoh Siliwangi dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun

a)

Karajaan Tarumanagara

b)

Karajaan Galuh

c)

Karajaan Pajajaran

d)

Karajaan Kawali

e)

Karajaan Salakanagara