NEW
Font size
WorksheetsPTS SUNDA SEM GANJIL X HOTEL
Total questions: 20
Worksheet time: 30mins
Di hiji leuweuh geledegan, aya dua tangkal kiara anu kacida gedéna. Perenahna di sisi sampalan paranti sato jarah nyatuan. Éta tangkal kiara téh sok dipaké panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, anu hiji deui panonoban bangsa merak.
Unsur intrinsik naon baé anu aya dina sempalan dongéng di luhur?
tokoh
latar, tokoh
tokoh, amanat
latar
jejer, latar
Ari sababna si Candrika teu daék betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu téh angger ngabetem.
“Keun baé antepkeun, meureun keur mangsa mangkat birahi” ceuk kokolot gagak.“Teu umum Olot,” ceuk gagak séjén. “Anu keur mangkat birahi mah biasana sok leuwih motah!”“Sing inget, Si Candrika mah béda jeung batur-baturna, tong disaruakeun jeung gagak anu biasa-biasa atuh!”“Enya ari kitu téa mah, anu loba kaleuwihan mah biasana ogé sok loba kaanéhan”. Antukna si candrika pada ngantep. “Keun, engké ogé cageur sorangan!” Ceuk kokolot gagak.
Ieu di handap kaayaan anu luyu jeung sempalan dongéng di luhur nyaéta?
Si Candrika keur begér
Si Candrika téh bangsa gagak
Si Candrika motah pisan
Kokolot gagak ngadeukeutan Si Candrika
Si Candrika betus ka kokolot gagak
Unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur carita, nyaéta….
tema
palaku
tokoh
latar
purwakanti
“Leuh tada teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu éndah, patinggurilap mun katénjo panonpoé. Na ari aing, bulu hideung lestreng, suku pacér, pamatuk gedé, meni teu mararatut!” ceuk si Candrika dina haténa.
Pasipatan Si Candrika anu kagambar dina sempalan dongéng di lihur nyaéta?
bageur
adigung
narima kaayaan dirina
teu narima kaayaan dirina
bageur
Hiji poé Si Candrika hiber néangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat kahiji walungan, manéhna nénjo baju merak, nambru disisi walungan. Ku manéhna di deukeutan. “Kamana anu bogana?” Si Candrika ngomong sorangan. Luak-lieuk euweuh sasaha. Buru-buru baé baju merak téh disamber, dibawa hiber kanu jauh tidinya. Clé dina tangkal anu suni. Rap baju merak téh dipaké. Logor teuing, waktu dicobaan 1. dipaké hiber téh kokoplokan. “Kawasna mah kudu dirapet!”
Ieu di handap mangrupa hal pamohalan anu aya dina sempalan dongéng di luhur, iwal.…
Si Candrika hiber néangan kahakanan
Si Candrika salin jinis jadi merak
Si Candrika manggih baju merak sisi walungan
Si Candrika make baju merak kana awakna
Baju merak bisa coplok tina awak merak
Ana pok teh Si Candrika ngomong “Tunya-tanya teuing atuh!”
“Pilakadar nanya, wajar wéh da urang téh tatangga,” tembal si Culindra.
“Tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak. Sing ngarumasakeun manéh wé atuh, boga rupa goréng patut, bulu hideung lestreng, teu béda ti areng! Béda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurang-hérang, éndah taya babandinganana!”
Dumasar sempalan dongéng di luhur sipat Si Candrika nyaéta….
rapékan
soméah
berewit
adigung
korét
Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….
fabel
farabel
mite
sasakala
sage
1. Si Kabayan ka Puskesmas
Éta mah si Kabayan meni unggal poé Kemis ka Puskesmas téh, teu aya pikir kadua, sagedé carangka da buktina, geus puguh rieut ka Dokter, nyeri beuteung ka Dokter, digégél sireum ogé ka Doktér, rorombéheun ogé disuntik. Pokona mah sagala ka dokter.
Ayeuna duka deuk naon geus andéprok deui waé.
Dokter : “Aya naon deui manéh Kabayan?”
Kabayan: “Sumuhun badé nyungkeun landong” Ceuk si Kabayan bari palaya-peleyé.
“Ieu aya anak beurit di jero beuteung”
Dokter: “Duh karunya teuing, di dieu mah teu sadia ubarna Kabayan. Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hirup, sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditewak”
Kalimah di handap ieu anu kaasup kana kalimah parentah anu diluhur nyaéta....
Aya naon deui manéh Kabayan?
Ieu aya anak beurit di jero beuteung
Cing cobaan ayeuna mah neureuy anak ucing hirup-hir
Si Kabayan bari palaya-peleye.
sangkan éta anak beurit anu dijero beuteung téh ditéwak
Mana anu bener ngeunaan dongéng ieu di handap?
Dongéng sasakala nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasal kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
Dongéng parabel nya éta dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upama baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran.
Dongéng mite nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah.
Dongeng fabel nya éta dongéng anu eusina nyaritakeun jalama biasa
Dongéng babad nya éta dongéng anu patali jeung kapercayaan masarakat
1. Di Jawa Timur aya lembur anu ngaranna Bubat. Aya anu nyangka pangna dingaranan kitu téh, lantaran baheulana di dinya kungsi aya riributan nu ngabubat-babit pedang. Nyaéta dina waktu balad Sunda perang campuh jeung balad Majapait. Éta kajadian katelah baé Perang Bubat. Caritana sakumaha anu rék dicaritakeun ayeuna.
Waktu Prabu Hayam Wuruk dijenengkeun Jadi Raja di Karajaan Majapait, yuswana kaétang anom kénéh pisan. Malah nepi ka sawatara taun ti harita, tetep baé henteu kagungan praméswari. Éta hal ku sapangeusi karaton, katut abdi-abdina di Karajaan Majapait, dianggap ngurangan komara nu jeneng raja.
Ku sabab kitu, parasepuh jeung parayogi, geus ngémutan kalayan hormat, sangkan Kangjeng Raja énggal kagungan garwa. Ari walerna, sanés teu kersa kagungan garwa, nanging teu acan aya anu cop sareng manahna. Pirang-pirang putri anu gareulis, putra bupati, malah aya putra raja, anu sasatna mah bari dibaktikeun ka Sang Raja, henteu aya hiji ogé anu kamanah.
Nilik kana carita jeung tokohna, dongéng di luhur mangrupa dongéng….
fabel
parabel
mite
sage
sasakala
Tarjamahan anu paling bener tina kalimah “Ibu pergi ke pasar” nyaéta….
Pun Bapa angkat ka Pasar
Pun Bapa mios ka Pasar
Pun Biang angkat ka Pasar
Pun Biang mios ka Pasar
Ema nuju ka Pasar
“Paman saya memakai baju sangat rapih”. Tarjamahan anu paling bener tina éta kalimah nyaéta….
Amang abdi maké baju rapih pisan
Mamang kuring dibaju rapih pisan
Pun Paman maké acuk rapih pisan
Pun Paman nganggé acuk rapih pisan
Pun Paman nganggé raksukan rapih pisan
.“Kreatifitas dalam belajar merupakan salah satu hal yang penting. “ Tarjamahan basa Sunda tina kalimah di luhur anu paling merenah nya éta....
Kréatifitas dina diajar mangrupa salasahiji hal anu penting
Kréatifitas dina diajar mangrupakeun salasahiji hal anu penting
Kréatifitas dina diajar mangrupakeun salasahiji hal anu penting
Kaparigelan dina diajar mangrupa salasahiji hal anu penting
Kaparigelan dina diajar mangrupakeun salasahiji hal anu penting
Tarjamahan tina paribasa “dari mulut ke mulut” nyaéta….
tina biwir ka biwir
tina cangkem kana cangkem
cacarita
tina lisan kana lisan
tatalépa
Tarjamahan nyaéta karya hasil narjamahkeun tina basa séjén, atawa istilahna....
Alih bahasa
Alih kecap
Alih aksara
Alih basa bébas
Alih caritaan
Kecap takwa mangrupa kecap serepan tina basa….
Indonesia
Arab
Sunda
Turky
Madinah
Tarjamahan tina amis daging nyaeta….
daging yang manis
manis dagingnya
memiliki daging yang manis
mudah terkena panyakit kulit
selalu berwajah manis dalam kehidupan
Tarjamahan tina paribasa béngkok tikoro nyaéta ....
tenggorokan yang bengkok
bengkok tenggorokan
tidak kebagian makan karna telat datang
tenggorokan yang melengkung
tenggorokan manusia yang melengkung
Tarjamahan tina paribasa agul ku payung butut nyaeta ....
sombong dengan silsilah keluarga atau keluarga sendiri
keluarga yang punya payung sudah jelek
sombong dengan paying jelek
punya payung yang rusak
Bahagia punya payung rusak
Tarjamahan bentik curuk balas nunjuk nyaeta ....
jari telunjuk sedang menunjuk
jari telunjuk membalas telunjuk
suka memarahi orang lain
suka menyuruh-nyuruh orang lain
suka meminta-minta padahal mampu
