wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LAPORAN KAGIATAN SARENG KAWIH

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Dina nulis laporan urang diperedih sangkan nyieun laporan nu faktual,

maksudna....

a)

Kudu saluyu antara data jeung fakta

b)

Kudu saluyu jeung kaayaan haté nu nulisna

c)

Kudu saluyu jeung paménta pingpinan

d)

Kudu diluyukeun jeung laporan saméméhna

e)

Kudu ditulis ku ahlina

2.

Eusi laporan nu nuduhkeun maksud jeung tujuan, nya éta ....

a)

Siswa ngalaksanakeun kagiatan Saba Reuma ngaliwatan leuweung sarta walungan

b)

Anapon kagiatan nu baris dilaksanakeun saperti balap karung, tarumpah, tarik tambang, jsb.

c)

Dina ngalaksanakeun outbond siswa teu dipénta waragad atawa haratis

d)

Siswa dipiharep leuwih aktif sarta kreatif dina nyanghareupan kagiatan séjénna

e)

Kagiatan milangkala KabupatenPangandaran dilaksanakeun ping 20-23 November 2019 di Pangandaran

3.

Kagiatan Pramuka dilaksanakeun ping 21-24 November 2018 di Lapangan Cialit, Pangandaran.

Struktur bagian naon nu katara tina éta sempalan laporan....

a)

Jejer    

b)

Téma

c)

Waktu-tempat

d)

Tujuan

e)

Kagiatan

4.

Runtuyan nu bener sarta merenah pikeun nyusun laporan kagiatan, nya éta ....

a)

Kasang tukang-tujuan kagiatan-tempat kagiatan-pamilon-proses kagiatan-hasil

b)

Kasang tukang-proses kagiatan-hasil-tujuan kagiatan-tempat kagiatan-pamilon

c)

Kasang tukang-hasil-tujuan kagiatan-tempat kagiatan-pamilon-proses kagiatan

d)

  Kasang tukang-pamilon-tujuan kagiatan-tempat kagiatan-proses kagiatan-hasil

e)

Kasang tukang-tempatkagiatan-tujuan kagiatan-pamilon-proses kagiatan-hasil

5.

Laporan anu sok dijieun sanggeus ngayakeun hiji kagiatan disebut .....

a)

Laporan penelitian

b)

Laporan kagiatan

c)

Karya tulis

d)

Dongeng

e)

Kawih

6.

Arti waragad téh nyaéta ...

a)

Waktu

b)

Tempat

c)

  Biaya

d)

Peserta

e)

Acara

7.

Biasa na laporan sok ngandung unsur jawaban tina prinsip ....

a)

pananya kunaon

b)

pananya 5w+1H

c)

pananya saha

d)

pananya kumaha

e)

pananya iraha

8.

Arti pamilon téh nyaéta ...

a)

Waktu

b)

Tempat

c)

Biaya

d)

Peserta

e)

Tamu

9.

Perhatoskeun ieu bacaan di handap!

“Dina raraga milangkala SMA N 1 PARIGI nu ka 40, OSIS SMA N 1 PARIGI ngaayakeun kagiatan pagelaran seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan téh minangka...”

Di luhur téh mangrupa bagéan ... dina laporan kagiatan.

a)

Panutup

b)

Bubuka

c)

Waktu

d)

Pamilo

e)

Kacindekan

10.

Perhatoskeun ieu bacaan di handap!

Kagiatan ieu lumangsung lancar, sanajan dihadapkeun dina tahanan-tahanan salila persiapan atawa sabot acara lumangsung. Sedengkeun kagiatan ieu dilaksanakeun dina :

Wayah  : Kemis, 25 Pebruari 2022, tabuh 08.00

Tempat : Masjid SMA Negeri 1 PARIGI

Di luhur téh mangrupa bagéan ... dina laporan kagiatan.

a)

Panutup

b)

Bubuka

c)

Waktu

d)

Pamilo

e)

Kacindekan

11.

Perhatoskeun ieu bacaan di handap!

1.    Bubuka

2.    Maosan ayat-ayat suci Al-Qur’an

3.    Khotmil Qur’an jeung doa khotmil

4.    Shalawat Al-Barjanji

5.    Istirahat

6.    Prakata panitia

7.    Sambutan kepala desa

8.    Pengajian

9. Doa panutup

Di luhur téh mangrupa bagéan ... dina laporan kagiatan

a)

Tujuan kagiatan

b)

Dasar kagiatan

c)

Prosés lumangsungna kagiatan

d)

Saran

e)

Susunan acara

12.

Teu kasawang tianggalna

Teu kapikir ti tadina

Lamun bakal nyeri haté

Horéam teu sudi teuing

Néangan pipanyakiteun...

 

Ungkara di luhur ngébréhkeun rasa ....

a)

Sumanget

b)

Nalangsa

c)

Gumbira

d)

Hanjelu

e)

Kasieun

13.

Sugan téa moal gagal

Kembang geus aya nu boga

Balik téh asa horéam

Leumpang gé asa ngalayang...

 

Eusi tina rumpaka di luhur, nya éta ....

a)

Manggih kuciwa lantaran manéhna geus aya nu boga

b)

Aya kasieun manéhna direbut batur

c)

Teu tulus indit ka tempat nu dituju

d)

Gumbira sabab panggih manéhna

e)

Sapanjang jalan manggih cilaka

14.

Unggal bulan

Unggal bulan abdi téang

Unggal poé

Unggal poé ogé hadé

Judul kawih diluhur téh nyaéta ...

a)

Es lilin

b)

Mojang priangan

c)

Panon hideung

d)

bubuy bulan

e)

Cingcangkeling

15.

Di handap ieu mangrupakeun kaulinan barudak anu dibarung ku kakawihan, iwal ...

a)

Ngadu kaléci

b)

Oray-orayan

c)

Ambil-ambilan

d)

Cingciripit

e)

Perepet jengkol

16.

Kakawihan téh biasana diwangun kalayan teu nurut aturan ....

a)

Kawih

b)

Pupuh

c)

Pola

d)

Pepak

e)

Primbon

17.

Anu kaasup judul kawih klasik nyaéta ....

a)

Manuk Dadali

b)

Samoja

c)

Mojang Priangan

d)

Cingcangkeling

e)

Bubuy Bulan

18.

Di handap ieu nu mangrupakeun kawih Mojang Priangan, nyaéta ....

a)

És lilin mah didorong-dorong Dibantun mah dibantun ka Sukajadi Abdi isin dunungan samar kaduga Sok inggis mah aduh henteu ngajadi

b)

Cingcangkeling manuk cingkleung cindeten Blos ka kolong bapak satar buleneng Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten Blos ka kolong bapak satar buleneng

c)

Eundeuk-eundeukan lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku nini Beunang deui ku aki

d)

Diraksukan kabaya Nambihan cahayana Dangdosna sederhana Mojang priangan

e)

Aduh-aduh si bapa Nganyényeri ka ema Bapa mah suka-suka Eujeung nu ngora

19.

(1) Darso

(2) Aam Amalia

(3) DoelSoembang

(4) Siti Juleha

(5) NiningMeida.

Anukaasup kana penyanyiSunda, nyaéta...

a)

(1), (2), (3), (4), (5)

b)

(1), (3), (4), (5)

c)

(1), (2), (3), (5)

d)

(1), (2), (3)

e)

(1), (3), (5)

20.

Di handap ieu ngarupakeun istilah kasenian, iwal....

a)

guguritan

b)

rumpaka

c)

guru

d)

tembang

e)

kawih