NEW
Font size
WorksheetsEVALUASI SAJAK
Total questions: 10
Worksheet time: 10mins
Pangarang Sunda anu mimiti ngawanohkeun karya sastra wangun sajak dina kasusastraan Sunda nyaéta…
Abdullah Mustappa
Wahyu Wibisana
Kiswa Wiriya Sasmita
Godi Suwarna
Karna Yudibrata
Judul buku kumpulan sajak anu munggaran dina kasusastraan Sunda nyaeta.... anu dijieun ku Sajudi dina taun 1963.
Janté Arkidam
Tepung di Bandung
Lalaki di Tegalpati
Surat Kayas
Ombak Laut Kidul
Anu jadi ugeran dina sajak nyaéta...
guru lagu jeung guru gatra
cangkang jeung eusi
diksi jeung wirahma
jumlah engang dina unggal padalisan
kekecapan anu ngandung kakuatan gaib
Dua unsur anu dipahing pisan sangkan ulah nepi ka papalingpang dina sajak nyaéta....
jejer jeung wirahma
imaji jeung gaya basa
simbul jeung wirahma
suasana jeung jejer
imaji jeung lambang
Naon anu disebut imaji dina sajak....
puseur implengan panyajak dina sajakna
gambaran anu karasa, kadenge, atawa katenjo dina hiji sajak
runtuyan galur anu gumulung nepi ngawangun hiji sajak
pangalaman jeung kasang tukang panyajakna
harti injeuman tina hiji kecap pikeun ngantebkeun maksud
Tengetan ciri-ciri sajak ieu di handap!
(1) Gambaran rasa panyajakna.
(2) Sajak anu ngalalakon.
(3) Sipatna leuwih objéktif.
(4) Aya runtuyan caritana.
(5) Panyajak mibanda kabébasan dina méré tafsiran kana jejer sajakna.
Nu kaasup kana ciri sajak lirik nyaéta dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1 jeung 5
2 jeung 3
3 jeung 4
4 jeung 5
Ieu di handap mangrupa ungkara anu ngandung gaya basa mijalma (personifikasi) nyaeta...
geura tampi ieu ka héman tina raga anu hapa
raga badag ditapuk jamparing takdir
bulan imut, ngangkleung di langit
bentang anu rek murag kana jajantung
sihung ajal ranggeteng kabina-bina
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Ajengan Cigalumpit lalaki langit
Geus lawas leungit
Mastakana dibayar ku walanda rébuan ringgit
Késangna taya nu ngajénan najan sagedé reungit
Sempalan sajak Ajengan Cigalumpit karya Apip Mustopa di luhur kaasup kana jenis sajak...
Lirik
Hymne
Epik
Ode
Elegi
Baca Sajak ieu di handap!
Priyangan
Karya Rahmat M. Sas Karana
Mojang lenjang nu hideung santen
Diaping srangéngé ti énjing dugi ka sonten
Upami wengi dipépéndé bulan ngempur
Jungjunan
Upami dugi ka puput umur
Kurebkeun kuring dina pangkonan
(Dicutat tina Tepung di Bandung, ......)
Harti Jungjunan dina sajak di luhur nyaéta ....
nu dipikacinta
nu dipikangéwa
nu dipikareueus
nu dipikamelang
nu dipikahariwang
Baca sempalan sajak ieu di handap!
Langit ngemprai, langit harepan
Seuneu teuneung geni kawani
Ngalentab sagara keusik
Ngahuru ngabebela
Ngaduruk leuweung-gonggong langit-langgong
Afrika-Asia bebas merdeka
Naon eusi tina sempalan sajak Seuneu Bandung karya Karna Yudibrata di luhur...
kamerdekaan afrika-asia
langit bandung anu ngagebray caang
seuneu anu hese dipareuman
kawani jeung sumanget ngabela lemah cai
Bandung nu kahuruan ku sabab perang ngalawan walanda
