wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

guguritan

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Guguritan nya éta….

a)

Karangan anu ditulis dina wangun pupuh (puisi)

b)

Karangan anu ditulis dina wangun prosa

c)

Karangan anu ditulis dina wangun wawacan

d)

Karangan anu ditulis dina wangun teu kauger

2.

Aya sabara pupuh anu bisa dipaké dina guguritan?

a)

20

b)

18

c)

17

d)

16

3.

Naon anu disebut guru wilangan?

a)

Jumlah kecap dina sapada

b)

Jumlah engang dina padalisan

c)

Jumlah vokal dina padalisan

d)

Jumlah padalisan

4.

Sora tungtung dina unggal padalisan disebut naon?

a)

Guru wilangan

b)

Guru pupuh

c)

Guru padalisan

d)

Guru lagu

5.

Aya sabaraha patokah pupuh dina guguritan?

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

6.

Naon bédana guguritan jeung wawacan?

a)

Guguritan diwangun ku hiji pupuh, wawacan diwangun ku sababaraha pupuh

b)

Guguritan diwangun ku sababaraha pupuh, wawacan diwangun ku hiji pupuh

c)

Guguritan diwangun ku tilu pupuh, wawacan diwangun ku lima pupuh

d)

Guguritan diwangun ku opat pupuh, wawacan diwangun ku sababaraha pupuh

7.

Keur bobotoh éstu henteu jadi soal,

Saha pamaén Persib,

Saha ketuana,

Jeung saha palatihna,

Nu penting Persib walagri,

Waras waluya,

Digjaya tandang-tanding.

Aya sabaraha guru lagu jeung guru wilangan dina pupuh di luhur?

a)

12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 8-i, 5-a, 7-i.

b)

12-a, 7-i, 6-u, 7-é, 8-o, 5-a, 7-i

c)

8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

d)

8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-e

8.

10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u.

Diluhur mangrupa guru lagu jeung guru wilangan dina salasahiji guguritan ….

a)

Geus cunduk kana waktu,

mungkas mangsa ngariung mungpulung,

nitih wanci papisah teras patebih,

kantenan urang pajauh,

kedah anggang najan sono.

b)

Meugeus atuh ulah rék pabedang-bedang,

badis nu taya budi,

éra ku sasama,

lampah téh kawas budak,

hadé silih mikaasih,

silih ajénan,

ulah sok hiri dengki.

c)

Hanjakal ku laku diri,

angkuh songong reujeung sombong,

wangkelang reujeung mantangul,

piwuruk diapi lain,

kutan kieu tamahana,

taya anu mikahéman.

d)

Katumbiri melengkung di langit,

ngempur tebéh kulon,

beuki lami tambih éndah baé,

peupeuntasan para widadari,

muru geusan mandi,

siram icikibung.

9.

Leumpang nanjak babawaan,

pabeubeurang meujeuhna panas ngabetrik,

taya liuh tangkal linduk,

taya cai keur hanaang,

atuh puguh kesang téh ngoprot nyuruluk,

jaba jauh kénéh pisan,

duka iraha rék tepi.

Aya sabaraha padalisan dina rumpaka diluhur?

a)

9

b)

8

c)

7

d)

6

10.

Guguritan ogé sok disebut ….

a)

Pupuh

b)

Dangding

c)

Kawih

d)

Tembang