wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pedaran Budaya

Total questions: 20

Worksheet time: 17mins

Name
Class
Date
1.

Waditra musik Sunda nu dijieunna tina awi nya éta, iwal ....

a)

angklung

b)

suling

c)

calung

d)

karinding

e)

kacapi

2.

Ayana sistem kekerabatan, pancakaki, jeung sistem pamarentahan di masarakat mangrupa conto tina sistem ... nu jadi bagian unsur kabudayaan.

a)

Basa

b)

Pangaweruh (pengetahuan)

c)

ekonomi

d)

organisasi sosial kemasyarakatan

e)

kapercayaan

3.

Kadaharan nu dijieunna tina tipung béas, gula beureum, jeung kalapa, diasakanna ku cara diseupan dina sééng (sajenis panci nu dipaké neundeun aseupan. Aseupan mangrupa anyaman nu wangunna kerucut) nyaéta ....

a)

seupan sampeu

b)

seupan taleus

c)

dodongkal

d)

klepon

e)

bolu kukus

4.

Togé goréng, dina ngasakan togéna téh sabenerna mah ....

a)

digoreng

b)

dikulub

c)

diseupan

d)

dibeuleum

e)

disangray

5.

Daunna bisa dijieun lalab atawa urab, beutina bisa dijieun gegetuk, katimus, peuyeum jeung sajabana, tangkalna bisa dipelakeun deui ngarah jadi tur beutian deui. Nu dimaksud nyaéta ....

a)

hui

b)

suuk

c)

taleus

d)

sampeu

e)

kalapa

6.

Tangkalna jangkung, daunna bisa dipaké pikeun hateup imah, tulang daunna bisa jadi nyéré, buahna caruluk, cai geutahna bisa diala pikeun diolah jadi gula. Tangkal nu dimaksud nyaéta ....

a)

tangkal kalapa

b)

tangkal kawung

c)

tangkal awi

d)

tangkal gedang

e)

tangkal jambe

7.

Di nu kiwari ngancik nu bihari, seja ayeuna sampeureun jaga. Kecap bihari miboga harti ....

a)

ayeuna

b)

kamari

c)

baheula

d)

isuk

e)

mangkukna

8.

Kecap urang nu hartina sarua jeung kita nya éta aya dina kalimah ....

a)

Yi, urang ka kantin, yu!

b)

Ah, urang mah moal milu.

c)

Bosen, urang deui-urang deui anu capéna téh, manéh mah ngadon cicing.

d)

Fajri téh urang Ciapus.

e)

Urang mana Enéng téh?

9.

Nu teu kaasup kana unsur kabudayaan nyaeta ....

a)

basa

b)

kasenian

c)

pendidikan

d)

kapercayaan

e)

organisasi sosial kemasyarakatan

10.

Panutup sirah nu dijieunna tina kaén, bisa kaén polos atawa kaén batik, dipakéna ku cara dibeulitkeun. Salian dibeulitkeun, kiwari geus loba dikréasikeun jadi panutup sirah nu langsung paké. Panutup sirah nu dimaksud nyaéta ....

a)

kopeah

b)

totopong

c)

dudukuy

d)

topi

e)

blangkon

11.

Pesor teh sajenis kupat atawa lontong nu dibungkus ku daun patat. Salian ti pesor, aya oge kentang, tahu, jeung kadang make endog. Terus dibanjur ku samara kacang. Katuangan nu dimaksud nyaeta (a)  

12.

Kuliner khas Bogor anu miboga harti bahasa "LOBA". Disebut loba kusabab pedah loba samara nu dipakena.

(a)  

13.

Ieu inuman teh dijieunna make jahe jeung gula beureum nu langsung digodog dina cai nepi ka kaluar saripatina. Bisa oge ditambahan rempah nu lain pikeun nguatan rasana

(a)  

14.

Pakean has Sunda pikeun lalaki. Warnana bisa hideung atawa bodas.

(a)  

15.

Dinu kiwari ngancik nu bihari seja ayeuna sampeureun jaga. Ungkara di luhur jadi slogan Kota Bogor anu kiwari bisa kaciri dina wangunan (a)   Salapan Dasakerta

16.

Pakakas senjata nu jadi ciri jati diri urang Sunda nyaeta

(a)  

17.

Ngasakan katuangan ku cara diasupkeun kana cai nepi ka asak disebut di (a)  

18.

alat musik nu dipopulerkeun ku Daeng Sutigna jeung Ujo Ngalagena nyaeta (a)  

19.

tipung beas, gula beureum, jeung parudan kalapa mangrupa bahan tina katuangan (a)  

20.

Panutup sirah nu dipake ku lalaki, dijieunna tina kaen anu dibeulitkeun disebut (a)