NEW
Font size
WorksheetsTradisi Sunda
Total questions: 15
Worksheet time: 30mins
Istilah bahasan téh sok aya nu nyebut karangan éséy. Hal éta dilantarankeun....
Karanganna pondok tur medar hiji perkara sacara singget.
Karanganna panjang tapi eusina kurang lengkep.
Karanganna ngagambarkeun hiji kajadian dumasar sawangan (pendapat) nu nulis.
Karanganna panjang tur medar hiji perkara kalawan gemet.
Karanganna mangrupa carita fiksi.
Pacaduan téh rupa-rupa halu dilarang atawa teu meunang dilakonan. Lamun éta pacadian dirempak, akibatna sok jadi mamala. Lain baé ka diri jalma anu ngarempakna, tapi ogé sok jadi mamala ka balaréa.
Bagian téks di Luhur téh mangrupa ... tina karangan bahasan.
Bubuka
Eusi
Panutup
Rancangan
Tambahan
Lian ti bahanna, polana ogé teu sagawayah. Hateupna kudu maké suhunan panjang. Urang dinya mah dilarang nyieun imah maké suhunan juré, julang ngapak, atawa wangun suhunan séjénna.
Gambar di handap, nu mangrupa wangun suhunan julang ngapak nya éta...
Bari tembang, tukang sawér téh kadang-kadang ngawurkeun béas tina bokor, campur jeung duit logam, jeung konéng meunang ngeureutan. Ngawurkeunana kana payung upacara téa. Sora béas patingparalak. Duitna murag, pating gorolong. Barudak parebut, pahibut mulungan duit.
Paragraf di Luhur disusun dina wangun....
Narasi
Déskripsi
Arguméntasi
Éksposisi
Campuran
Di Sumedang mah diantara nu sok pada ngarep-ngarep ku balaréa téh iring-iringan, nya éta ngaleutkeun budak sunatan, dina poéan mandi kembang piisukaneun ngeureut. Kuda rénggong jeung bangbaronganana nu pangdidago-dagona téh.
Bacaan di luhur mangrupa salasahiji tradisi dina acara....
Sunatan
Nikahan
Lahiran
Nyawér pangantén
Maoteun
Kampung budaya Sindangbarang téh ayana Bogor. Pernahna diDésa Pasir Eurih Kacamaran Taman Sari Kabupatén Bogor. Kasebut kampung pangkolotna di wewengkon kota jeung kabupatén Bogor mah. Ngaran Sindangbarang téh kaunggel dina carita Pantun Bogor jeung Babad Pajajaran.
Bagian bahasan di Luhur téh biasana mangrupa....
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
Panambah
Masarakat Sunda percaya yén dina bulan sapar téh sok loba balai, ku kituna di sawatara daérah sok aya tradisi Rebo wekasan. Ieu tradisi biasana dilaksanakeun dina....
Poé Rebo munggaran dina bulan Sapar
Poé Rebo kadua dina bulan Sapar
Poé Rebo dina tanggal ganjil bulan Sapar
Poé Rebo panungtung dina bulan Sapar
Poé Kemis dina bulan Sapar
Wangun suhunan imah saperti gambar di luhur téh sok disebut suhunan....
Jolopong
Julang ngapak
Badak heuay
Capit gunting
Parahu kumereb
Salasahiji tradisi nu ayana di wewengkon Pangandaran nya éta....
Séba
Sérén taun
Hajat laut
Kawin tiwu
Nyangku
Tradisi ngurus orok di Pakampungan mah sok dipapagahan ku indung beurang. Istilah indung beurang téh sarua hartina jeung....
Bidan
Dokter
Perawat
Paraji
Mitoha
1. Nincak endog
2. Sawér pangantén
3. Meuleum harupat
4. Nyadiakeun sato ékah
5. Ngaleupaskeun manuk japati
6. Huap lingkung
Tradisi Sunda anu nyampak dina upacara adat kawinan dituduhkeun ku nomor...
1,2,3,5
1,2,3,6
2,3,4,5
2,3,4,6
3,4,5,6
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat disebutna
Folklor
budaya
tradisi
etika
tatkrama
Gambar di luhur mangrupa salah sahiji tradisi dina daur hirup manusa nu ngaranna ...
Ngeuyeuk seureuh
Siraman
Tingkeban
Huap lingkup
Sungkem
Adat nu kakandungan
Adat ngariksa nu ngababarkeun
Kapapaténan (tahlilan)
Dina tradisi kawinan, aya ngaranna tradisi huap lingkung. Kadaharan nu dipaké huap lingkung téh nya éta....
Saté hayam
Opor hayam
Bubur bodas bubur beureum
Rujak bebek
Bakakak hayam
