Font size
WorksheetsPTS XII
Total questions: 45
Worksheet time: 24mins
Asal kecap drama tina basa yunani
Dramoi
Dramatic
Dramanas
Dramas
Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur naskah drama
Pertelaan palaku
Candraan
Prolog jeung epilog
Wirahma
Mana anu kaasup kana sastra lakon medium lisan
Longser
Drama
Sandiwara
Banjet
Bagean drama anu nerangkeun kaayaan latar, suasana, palaku, jeung kajadian
Pertelaan palaku
Babak jeung adegan
Candraan awal babak
Paguneman
Mana drama anu dicipta dumasar kana kahirupan di masarakat
Mundinglaya di kusumah
Lutung kasarung
Nini anteh
Bandung lautan api
Hal naon wae anu kudu ditataharkeun lamun rek ngagarap pintonan teater (jawaban leuwih ti hiji)
Nyusun kapanitiaan
Nangtukeun para pamaen, sutradara jeung jadwal latihan
Kudu latihan vokal
Ngatur wirahma
Anu mangrupa panutup drama, kacindekan lalakon jeung nasehat pangaranng
Prolog
Epilog
Monolog
Dialog
Anu ditulis dina awal drama jadi manggala sastra, dieusi ku katerangan pamanggih pangarang ngeunaan lalakon nu baris disuguhkeun
Prolog
Epilog
Monolog
Dialog
Pintonan teater anu pagunemn atawa mintonkeunana ku sorangan (saurang palaku)
Prolog
Epilog
Monolog
Dialog
Mana kalimah langsung nu bener
"bu nanan miwarang barudak sholat"
bu aan nembe dongkap? Saur pa satpam
Manehna nyarita, "isukan mah urang moal nelepon nelepon deui si merry"
"manehna nyaritakeun urang henteu?"
Tengetan sempalan teks ieu di handap !
“Di Désa Wanasari ribut yén aya garong nu sok ngararad sakur nu aya di hareupeunana. Hansip beak carita miskin pangakalan sangkan bisa néwak éta garong.”
Cutatan di luhur dina naskah drama kaasup kana bagéan …
Pertelaan palaku
Prolog
Epilog
Babak
Kalimah anu merenah pikeun ngalengkepan dialog di luhur nya eta...
Tah kaleresan simkuring téh nuju tunduh nya dileguk wé ku kuring téh
Tah kabeneran kula téh tunduh jadi dileueut
Tah kabeneran sim aing téh tunduh jadi diinum
Tah kaleresan abdi téh tunduh jadi wé di inum
Ku lantaran ngebrehkeun paripolah palaku, nya eta palaku teh sina langsung meta, boh lahirna boh batinna, drama teh sok disebut sastra
Lakon
Hirup
Paeh
Carita
Mana anu kaasup struktur drama (jawaban leuwih ti hiji)
Pertelaan palaku
Babak jeung adegan
Wirahma
Candraan
Pintonan drama anu ngandelkeun gerak, ibing, lagu, musik, jstem disebutna teater
Lakon
Verbal
Tradisional
Non verbal
Hal naon wae anu kudu ditataharkeun lamun rek ngagarap pintonan teater (jawaban leuwih ti hiji)
Nyusun kapanitiaan
Nangtukeun para pamaen, sutradara jeung jadwal latihan
Kudu latihan vokal
Ngatur wirahma
Carita pantun kaasup kana sastra sampakan, hartina...
Karya sastra anu dianggap asli
Ayana kapangaruhan ku karya sejen
Mangrupa titiron tina budaya deungeun
Karya serepan
Karya adaptasi
Carita pantun mangrupa genre sastra anu babari robah, lantaran...
Caritana gelar sacara lisan
Lalakona ditalar
Carita anu ditepikeun ku juru pantun sakapeung teu sagemblengna katarima ku pananggap catur
Unggal juru pantun boga gaya sorangan nurutkeun pangalamana jeung elmu nu katarima ti guruna
Caritana gelar sacara tulisan
Pantun anu dipagelarkeuna teu sagawayah, ngan ukur dina acara anu tangtu, dina poe salasa jeung jumaah. Make sasajen, dipagelarkeunna sapeuting jeput. Sarta juru pantunna kudu puasa heula, disebut pantun...
Hiburan
Beton
Ritual
Sakral
Mantra
Dina pungkasan caritana, anu ngalalakon téh henteu kacatur mulang deui ka nagara asalna. Sabada ngéléhkeun sababaraha nagara téh tuluy tumetep ngaheuyeuk nagara patalukan nu pangahirna, disebut galur
Simpay
Leunjeuran
Maju
Mundur
Campuran
Titenan ieu pola carita pantun...
(1) Satria ngalalana
(2) Satria Pajajaran téh unggul perang
(3) Ngadahup ka putri
(4) Ngadeg raja
(5) Ngarandapan Ujian
Sacara ngaruntuy, pola carita pantun nya eta...
1-5-2-3-4
1-4-2-3-5
1-5-3-2-4
1-2-3-4-5
1-2-4-5-3
Sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rék ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk téh hartina ménta idin, ménta pangraksa jeung pangriksa ti nu ngageugeuh éta lembur sangkan saralamet. Ménta kasalamétan téh lain keur nu dipangmantunkeun baé tapi kaasup nu mantun jeung nu lalajo éta pantun. Eta bagean teh disebut...
Rajah
Narasi
Dialog
Monolog
Deskripsi
Ieu di handap mana anu teu kaasup kana klasifikasi carita pantun, nya eta...
Dumasar Wangun
Dumasar Galur
Dumasar Tempat
Dumasar Pagelaranna
Dumasar Pangarangna
Nu ka asup kana bagean eusi carita pantun nyaeta...
Eusi, narasi, dialog, monolog, epilog
Rajah, narasi, deskripsi, dialog, monolog
Rajah, narasi, deskripsi, monolog, epilog
Eusi, narasi, deskripsi, dialog, monolog
Narasi, deskripsi, dialog, monolog
Tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun téh umumna, nyaéta ....
Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran
Rakyat biasa ti Tatar Sunda
Raja-raja di Tatar Sunda
Raja-raja ti luar Tatar Sunda
Sing saha waé anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Ieu dihandap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongéng, nyaéta....
Pada-pada mangrupa carita rékaan (fiksi)
Pada-pada teu puguh nu ngarangna (anonim)
Pada-pada sumebar tur tatalépa ku cara lisan
Pada-pada ngandung rajah
Pada-pada ngandung unsur pamohalan.
Kocap nagara Pakuan Pajajaran
Nagri dikikis ku beusi
Dikuta ku waja
Déredés bénténganana
Agemna kabina-bina
Agemna mah kabina-bina.
Nagara kalingkung ku gunung
Nagara talaga ngembeng
Déngdék ngétan bahé ngalér
Pangarunh impungan dunya,
Layeut nagara kariung ku gunung
Ngocor cai ngétan ngulon
Nyiuk cai ka taweuran
Pangaruh tampian nonggéng ka langit
Nya bogoh saumur-umur.
Cutatan diluhur kaasup kana bagéan.....
Rajah
Eusi
Narasi
Dialog
Monolog
“Emh, na kaula téh ngagaduhan duur téh henteu cara deungeun-deungen. Maké aya dua tilu opat-lima genep-tujuh. Ngagaduhan dulur saibu-sarama téh kaula mah éstuning écés, jéntré. Sadérék téh mung hiji-hijina kadua kaula.”
Cutatan diluhur kaasup kana bagéan....
Narasi
Dialog
Monolog
Deskripsi
Eusi
Juru pantun biasana mah lolong. jeung carita patun anu dicaritakeun ku juru pantun gé, sagemblengna sok ditalar.
Harti kecap anu di miringkeun nyaéta...
Bolong, dilatar belakangi
Bongé, ditularkeun
Buta, diapalkeun
Boga, diisukeun
Bangga, dilataran
ieu di handap anu henteu kaasup kana struktur carita pantun ...
Rajah
Eusi
Deskripsi
Dialog
Singlar
carita pantun anu judulna ciung wanara téh asalna ti wewengkon...
tasikmalaya
indramayu
subang
ciamis
bandung
Tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun umumna, nyaeta...
satria atawa putri ti Karajaan galuh jeung Pajajaran
rayat biasa ti Tatar sunda
raja-raja ti Tatar Sunda
raja-raja ti luar Tatar Sunda
sing saha wae nu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Pun sapun,
Ka luhur ka Sang Rumuhun,
Ka Guru Putra Hyang Bayu,
Ka handap ka Sang Batara,
Ka Batara Nagaraja,
Ka Batara Nagasugih,
Sempalan kalimah di luhur kaasup kana struktur carita pantun anu merna nya éta ...
Monolog
Dialog
Narasi
Wawacan
Rajah
“karunya teuing ka Aki Panyumpit,
Gila ku ruksak,
Dideuleu Pakuwon,
Jeg lain enggon jalma,
...”
Ungkara di luhur kaasup kana struktur carita pantun anu mernah nya éta ...
Monolog
Dialog
Narasi
Wawacan
Rajah
Bul kukus mendung ka manggung ,
Ka manggung neda papayung,
Ka déwata neda suka,
Ka pohaci neda suci,
Kuring rék diajar ngidung,
Nya ngindung carita pantun,
Ngahudang carita wayang,
Nyiloka nyukcruk laku,
Nyukcruk laku nu bahayu,
Mapay lampah nu baheula,
Lulurung tujuh ngabandung,
Kadalapan keur disorang,
Bisina nurus narutus,
Bisina narajang alas,
Da puguh galuring tutur,
...
Upama nilik kana wangunna, rajah di luhur téh mangrupa ...
Basa Ugeran
Dangding
Sisindiran
Basa Lancaran
Pupuh
Sawala nyaeta ....
Kagiatan ngebrehkeun pamadegan ngeunaan perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
Kagiatan ngebrehkeun perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
Kagiatan menta pamadegan ngeunaan perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
Kagiatan ngomong dina perkara sangkan bisa diteang jalan kaluarna
Kagiatan silih tembal jeung batur
Ieu di handap galur nu bener dina sawala ....
Kacindekan, tanya jawab, pedaran ti pangjejer, bubuka
Bubuka, pedaran, kacindekan, panutup
Kacindekan, tanya jawab, pedaran ti pamilon, bubuka
Bubuka, pedaran ti pangjejer, tanya jawab, kacindekan
Bubuka, silih tembal, panutup
Capetang ngagunakeun basa Sunda dina sawala, capetang hartina ....
Aktif
Cerewet
Make basa Sunda
Pinter
Lantang
Jalma nu ngatur jalanna dina diskusi teh disebutna ....
Girang serat
Pangjejer
Panumbu catur
Pamilon
Narasumber
Pilih anu lain pancen utama panumbu catur .....
Boga kaweruh ngeunaan perkara nu dipedar
Ngatur waktu
Nyarita diborong ku sorangan
Mibanda sikep sopan
Milih tempat
Panumbu catur ngabogaan pancen pikeun ngawanohkeun jati diri (CV) pangjejer ka..
Pamilon
Pangjejer
Guru
Murid
Notulen
Wanda / jenis sawala teh loba pisan. Diantarana..
Iwal,
Kagiatan Sarasehan
Kagiatan Seminar
Kagiatan Konferensi
Kagiatan Muharaman
Kagiatan Lokakarya
Lamun Aya pamilon anu adurenyom paduduaan nepika pasea, naon anu kudu dilakukeun salaku panumbu catur ?
Di antepkeun wae
Kudu bisa nyapih atawa misahkeun pamilon
Sina tuluy pasea
Di fotokeun jeung di video
Dititah kaluar sadayana
Naon nu dilakukeun ku girang serat dina waktu tanya jawab ?
Ngawanohkeun pangjejer
Nyusun kacindekan sawala
Nyatet saha nu nanya jeung naon pananyana
Ningalikeun pamilon hungkul
Foto jeung video pamilon
Naon pancen panumbu catur teh ?
Ngatur komsumsi
Nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi
Ngatur patalimarga/jalana diskusi ngarah teu awut-awutan
Ningalikeun pamilon hungkul
Ngatur tempat
