NEW
Font size
WorksheetsPTS BASA SUNDA KELAS 8
Total questions: 15
Worksheet time: 3hrs 30mins
Tanah Sunda
Tanah Sunda gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda sing toweksa
Nyangga drama anu nyata
Rumpaka kawih "Tanah Sunda" teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka ...
lemah cai
kabogoh
indung bapa
kaendahan alam
Nu ngumbara suka betah di Tatar Sunda lantaran
Urang Sunda balageur
tanahna lega
tanahna subur
pendudukna loba
Tanah Sunda
Tanah Sunda, gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda, sing toweksa
Nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
geten titen rumawat Tanah Pusaka
Anu dimaksud seuweu Pajajaran dina eta rumpaka kawih nyaeta ...
Prabu Siliwangi
Anak raja
Sakumna urang Sunda
Urang Sunda baheula
Sunda kukuh kuat diraksa dirumat
Pasti jembar wibawa Indonesia
Sempalan rumpaka di luhur netelakeun yen ...
Tatar Sunda beda jeung Indonesia
Tatar Sunda mangrupa bagean ti Indonesia
Tatar Sunda sarua jeung Indonesia
Tatar Sunda taya hubunganna jeung Indonesia
"Mojang Priangan"
Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang Priangan
Lagu "Mojang Priangan" teh eusina nyaritakeun ...
kaendahan alam
nyaah ka sasama
nyaah ka lemah cai
pasipatan jalma
"Mojang Priangan"
...
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan
Lagu "Mojang Priangan" teh ngagambarkeun mojang anu ...
daekan
someah
judes
centil
Mojang Priangan
...
Mun dierok denok
Mun disanggul ayu
Mun disinjang lenjang
Mojang Priangan
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang Priangan
Mojang Priangan anu digambarkeun dina eta lagu, keuna kana babasan ...
awak sampayan
awak sabeulah
ngukur awak sorangan
awak satilas
Peuyeum Bandung
Di mana-mana, di kampung di kota
Geus kakoncara ku nimat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina, ku matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Peuyeum Bandung teh mangrupa kadaharan ...
oleh-oleh ti Bandung
Nu ngan aya di Bandung
Kabeuki urang Bandung
Anu ngan dijual di Bandung
Peuyeum Bandung
Di mana-mana, di kampung di kota
Geus kakoncara ku nimat rasana
Sampeu asalna teu direka-reka
Naon namina, ku matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur
Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Peuyeum Bandung dijieunna tina ...
Ketan
Cau
Sampeu
beas
Kadaharan ti Bandung anu bahanna tina peuyeum nyaeta ...
Dodol peuyeum
Colenak
Kolek peuyeum
peuyeum bakar
Naon rumpaka teh? Rumpaka nyaeta ...
puisi anu dilagukeun
wacana anu dilagukeun
lagu nu dipuisikeun
Lagu nu dijieun jadi wacana
Rumpaka diwangun ku dua unsur, rumpaka jeung kawih. Rumpaka raket patalina jeung ...
Carpon
Puisi
kawih
lagu
Rumpaka diwangun ku dua unsur, rumpaka jeung kawih. Kawih raket patalina jeung ...
seni tari
seni lukis
seni rupa
seni musik
Upama nilik dina rumpaka Sunda buhun, umumna mangrupa sisindiran. Contona di handap ieu, iwal ti ...
Bubuy bulan
Es lilin
Anak jalanan
Sorban palid
Kiwari, sajak anu dijadikeun rumpaka lagu sok disebut ...
Puisi modern
Musikalisasi Puisi
Sajak modern
Musikalisasi carpon
