wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Resensi Sunda

Total questions: 15

Worksheet time: 9mins

Name
Class
Date
1.

Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “resentie” nu asalna tina basa ....

a)

Prancis

b)

Jerman

c)

Bélgia

d)

Walanda

e)

Inggris

2.

Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....

a)

buku fiksi atawa non fiksi

b)

buku kasohor atawa buku teu kasohor

c)

buku penting atawa buku nu teu penting

d)

buku kandel atawa buku ipis

e)

buku murah atawa buku mahal

3.

Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....

a)

méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna

b)

ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana

c)

ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku

d)

méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna

e)

méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina

4.

nu nulis resensi kudu ngagambarkeun kapunjulan jeung kahengkeran tina eusi karya anu rek diresensina disebut oge bagian struktur resensi...?

a)

Identitas karya

b)

Ringkesan Carita

c)

Kacindekan karya

d)

Tilikan Eusi

5.

ieu di handap kalimah nu kaasup kana bagian resensi ngeunaan kapunjulan jeung kahengkeran anu mernah nya eta...

a)

luyu jeung genre drama history, pilem soekarno geus hasil nembongkeun fakta-fakta sajarah anu salila ieu can pati kaguar

b)

soekarno jeung Hatta, narekahan cita-cita jeung perjuangan sangkan Indonesia Merdeka....

c)

Film Soekarno "Tarekah Numuwuhkeun Sikep Nasionalisme Kaom Rumaja

d)

Ario Bayu salaku Soekarno, Lukman Sardi salaku Hatta, Maudy Koesnady salaku Inggit Garnasih ....

6.

Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....

a)

recensere

b)

review

c)

reduplication

d)

recensator

e)

resensi

7.

Titénan dadaran ieu di handap:


1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;

2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;

3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;

4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).


Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 2

b)

1, 2, jeung 3

c)

1, 3, jeung 4

d)

2 jeung 3

e)

2, 3, jeung 4

8.

“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar. Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....

a)

data buku

b)

déskripsi bab per bab

c)

kasang tukang

d)

rékoméndasi keur calon nu maca

e)

kritik kana eusi buku

9.

Ieu di handap aspek anu mernah enggoning mere tinimbangan ajen sacara objektif dina ngaresensi hiji karya nya eta

a)

Nu ngaresensi ku lega elmu pangaweruh dina sagala widang

b)

nu nulis resensi kudu sadar kana kawatesanan kana pamadegan kana hiji karya

c)

kudu weruh kana kalayan gembleng kana maksud jeung tujuan pangarang aslina

d)

nu ngaresensi kudu loba lalajo jeung maca buku sangkan gampil nulis resensina

10.

Bagian resensi anu eusina ngajen Alus Jeung gorengna hiji karya,biasana sok dituduhkeun lebah mana alusna, Mun goreng tuduhkeun lebah mana gorengna.

Eta bagian teh kaasup struktur resensi .......

a)

Data karya

b)

Kasang tukang

c)

Sinopsis

d)

Timbangan

e)

Rekomendasi

11.

Judul buku : Prabu Siliwangi

Karangan : Moh. Amir Sutarga

Penerbit. : Pustaka Jaya

Taun terbit : 1984

Kandelna : 70 kaca

Ukuran. : 14 x 21 cm

Diluhur nuduhkeun struktur resensi .....

a)

Data karya

b)

Kasang tukang

c)

Sinopsis

d)

Timbangan

e)

Rekomendasi

12.

1. Judul buku

2. Karangan

3. Warna cover

4. Kandelna

5. Durasi maca

Bagian nu kaasup data karya dituduhkeun ku nomer ....

a)

1,2,3

b)

2,3,4

c)

1,3,5

d)

3,4,5

e)

1,2,4

13.

Bahasan dina karangan resensi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga Kitu teh kapanggih dina Wanda resensi .......

a)

Argumentatif

b)

Informatif

c)

Kritis

d)

Naratif

e)

Deskriptif

14.

"Ku kitu ku kieu, ieu novel téh alus mun dibaca ku urang nu hirup di jaman ayeuna. Kahiji, caritana bisa dijadikeun conto keur urang, boh keur budak boh keur kolot. Ieu novel bisa muka implengan keur kolot kana panineunganana baheula keur leutik."

Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana .....

a)

Data buku

b)

Deskripsi bab per bab

c)

Kasang tukang

d)

Rekomendasi

e)

Kritik Kana eusi buku

15.

"Kiwari, teu loba buku fiksi anu hadé keur bacaeun barudak téh. Sok komo dina basa Sunda. Malah pamasrahan hadiah Samsudi, hadiah sastra keur buku bacaan barudak pinunjul anu medal saban taun, henteu unggal taun kapasrahkeun. Ari sababna, henteu unggal taun aya buku fiksi bacaeun barudak anu terbit. Kapaksa éta hadiah balik deui ka panitia."

Dadaran di luhur teh bisa kagolongkeun Kana ......

a)

Data buku

b)

Deskripsi bab per bab

c)

Kasang tukang

d)

Rekomendasi

e)

Sinopsis