NEW
Font size
WorksheetsLatihan Bahasa Sunda Ganjil 9
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Hiji perkampungan dieusi ku masyarakat anu masih nyekel pageuh kana adat istiadat karuhun, nyaeta disebat…
Kampung Adat
Kampung Wisata
Kampung hejo
Kampung cagar alam
Dihandap mangrupa kampong adat nu aya di Jawa Barat, iwal (kecuali) nyaeta…
Kampung Naga
Kampung suku Dayak
Kampung adat Baduy
Kampung Ciptagelar
Kampung Naga ayana di…
Bandung
Bogor
Depok
Tasikmalaya
Bacaan: Kampung Naga teh mangrupa salah sahiji kampong adat di Tatar Sunda, Perenahna di Desa Neglasari, kacamatan Salawu, kabupaten Tasikmalaya. Beda jeung Kampung adat liana. Kampung Naga mah kawilang babari dijugjuna, lantaran tempatna henteu jauh ti jalan gede antara Garut jeung Tasikmalaya.
Kampung Naga babari dijugjugna lantaran…
Lantaran tempatna dina gawir
Lantaran tempatna deukeut jeung puseur dayeuh (pusat kota)
Lantaran tempatna henteu jauh ti jalan gede antara Garut jeung Tasikmalaya
Lantaran tempatna deukeut jeung jalan
Wangun imah kampong Naga kudu imah panggung, anu dijienna tina kawi jeung awi. Hateupna wangun julang ngapak kudu tina injuk, eurih, atawa kiray. Teu meunang aya anu make kenteng. Teu meunang ditembok deuih, sanajan mampuh oge nyieun imah tembok atawa gedong. Sakabeh imah kudu nyanghareup ka kidul atawa kaler. Teu menang dicet, iwal dikapur atawa dimeni.
Wangun imah kampong Naga, hateup imahna teu menang tina…
Injuk
Eurih
Kiray
Kenteng
Di Kampung Naga teu meunang nanggap kasenian anu datangna ti luar, seperti wayang golek, dangdut, kendang penca satra kasenian liana anu make goong. Ari lalajo mah meunang urang dinya oge, asal ulah dijero Kampung Naga. Kasenian anu meunang ditanggap di Kampung Naga nyaeta terebang, beluk, jeung rengkong. Kasenian anu dianggap warisan turun temurun ti karuhunna.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur . Kasenian anu meunang ditanggap dikampung Naga nyaeta, iwal (Kecuali) …
Terbang
Wayang golek
Beluk
Rengkong
Urang Kampung Naga oge pantrang nyaritakeun ngeunaan lembur katut sajarahna dina poe Salasa, Rabu, jeung Saptu. Komo nyaritakeun luluhurnna atawa karuhunna mah, dipahing pisan. Ari sababna poe Salasa, Rebo jeung Saptu teh mangrupa poean nyepi.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur poe salasa, Rebo, jeung Saptu urang kampong Naga teu meunang…
Nyaritakeun sejarah lemburna jeung karuhunna
Nyaritakeun sajarah jeung karuhun lembur sejen
Nyaritakeun kaayaan jeung kahirupan lemburna
Nyaritakeun kayaan jeung kahirupan lember sejen
Masarakat Kampung Naga percaya ayana jurig cai nu ngageugeuh leuwi, ririwa nu sok ngaganggu tipeuting, atawa kuntilanak nu asalna awéwé nu maotna keur kakandungan, nu sok ngaganggu ka nu rék ngalahirkeun, jeung ayana sawatara tempat nu dianggap sanget.
Informasi nu diébréhkeun tina wacana di luhur, ngeunaan ....
Adat kapercayaan Kampung Naga
Adat budaya Kampung Naga
Adat sosial masarakat Kampung Naga
Adat pacabakan masarakat
Tanggapan urang kana adat istiadat kampung Naga, saupama urang ngajugjug ka Kampung Naga, nyaéta …
Keun baé teu patuh ogé kana aturan Kampung Naga, lantaran urang mah lain penduduk kampung Naga.
Ngajénan kana adat istiadat urang Kampung Naga, kucara henteu ngarempag kana aturan masarakat Kampung Naga.
Ngaganti aturan masarakat Kampung Naga sangkan saluyu jeung aturan kampung-kampung liana.
Ngalaksanakeun kawajiban adat saperti masarakat Kampung Naga sok sanajan urang lain pendudukan kampung Naga.
Gambar dihandap disebutna suhunan…
Jalopong
Badak Heuay
Julang Ngapak
Capit Gunting
Nami Kantor pamarentahan jeung tempat ngantorna walikota nyaeta…
Asrama
Klinik
Bale Kota
Imah
Bapana Amir keur nyieun kandang sapi.Kandang sapi dina istilah arsitéktur disebut…..
Karamba
Pangupon
Karapyak
Langgar
“Duh, Buku pancen basa Sunda abdi teh gening (poho) teu (kabawa)!”
Basa hormat ti kata “poho” jeung “bawa”, kalimat di luhur nya eta…
Lali, Kacandak
Hilap, Kacandak
Hilap, Kabantun.
Lali, Kabantun
“Bapak (balik) ti Kantor”
Basa hormat ti kata “balik”, kalimat di luhur nya eta…
Mulih
Wangsul
Uwih
Sumping
Di handap ieu nyaeta conto kalimah akrab (loma) atawa akrab anu merenah, nya eta...
“Abdi rek indit ka Bandung isukan”
“Kuring rek indit ka Bandung isukan”
“Kuring rek mios mios ka Bandung isukan”
“Abdi rek angkat ka Bandung isukan”
Aya sawatara hal nu kudu diperhatikeun upama urang biantara nya eta…
Sora, lentong, wirahma, nada, paroman jeung pasang peta.
Sora, lentong, wirahma, nada, paroman jeung intonasi
Sora, lentong, nada, paroman jeung diksi.
Sora, lentong, nada, paroman jeung purwankanti
Perhatikeun kalimat dihandap!
1)Ngaringkes eusi pidato
2)Ungkara ngahormat
3)Ungkara hampura bisi aya kekecapan anu salah
4)Du’a jeung salam
5)ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping.
sawatara hal nu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-5
1-3-4
3-4-5
Upama ditilik tina eusi jeung adeganana, biantara téh diwangun ku bubuka, eusi jeung panutup. Anu ditatan ieu di handap mangrupa hal anu biasa ditepikeun dina bagian bubuka biantara, iwal (Kecuali).....
Salam bubuka
Ngahaturkeun nuhun ka panata calagara
Manjatkeun puji jeung sukur ka Alloh SWT
Ngajéntrékeun tujuan jeung kacindekan biantara
Sempalan Biantara:
Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta bade miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.
Cutatan biantara di luhur téh mangrupa bagian tina
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
Ieu di handap mangrupa metodeu-metodeu biantara iwal (kecuali) .....
Metodeu ngapalkeun
Metode Naskah
Metodeu ngadadak
Metodeu gabungan
