NEW
Font size
WorksheetsLatihan Soal
Total questions: 11
Worksheet time: 19mins
Pék tengetan kalimah ieu di handap!
Beurang peuting teu weléh sumujud ka Gusti ménta sangkan dipaparin anak-anak anu sampurna salamet, waluya sapuratina.
Kecap waluya dina kalimah di luhur ngandung harti...
a. Sugih
b. Beunghar
c. Sedih
d. Bagja
e. Sehat
Pék baca sempalan carpon ieu di handap!
Geus nincak kadalapan poé gering Si Usup téh. Ceuk Juragan Mantri klinik mah, henteu payah-payah teuing. Ukur malaria biasa. Tapi duka Juragan klinik nu salah, duka Si Usup nu céngéng, da ari nilik nu geringna mah bet kacida ripuhna. Ngalempréh teu usik teu malik. Éta waé da solat ogé geus ku giler panon wungkul, bari katénjo kunyemna. Atuh saban peuting sok diriung-riung dipangajikeun Yasin.
Nyaritakeun ngeunaan naon sempalan carpon di luhur téh...
a. Usup indit ka Pa Mantri
b. Usup keur gering payah geus dalapan poe
c. Usup budak anu céngéng
d. Pa Mantri mariksa Usup
e. Di imah Usup aya yasinan unggal peuting
Pék analisis ciri-ciri carpon tina kutipan carpon di handap!
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola. Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.
Tina sempalan di luhur téh palaku anu dicaritakeun ku pangarang téh nya éta aya sabaraha....
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
e. Lima
Pék baca sempalan carpon ieu di handap!
Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahlukNa anu kudu sukur ni’mat. Indung mangrupa “janggélékna” muara kahirupan Mantenna pikeun umatNa. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung téh “mediator” antara Mantenna jeung manusa.
Tina sempalan carpon di luhur aya kecap sawadina, naon hartina...
a. Pantes
b. Kuduna
c. Syukuran
d. Gaganti
e. Ciptaan
Pék baca sempalan carpon ieu di handap!
Sagala kapeurih asa can punah. Kasedih, nalangsa, tunggara masih gumulung jeroeun dada, teuing rék iraha musnana. Awak kuring nu kamari ieu ingsig, saeutik-saeutik karasa ngorotan. Sagala rupa taya nu mirasa, moal boa mun kurang-kurangna iman mah teuing geus milu nuturkeun, ninggalkeun dunya nu ramé ieu, nu pinuh ku sagala kapalsuan jeung katunggaraan.
Do’a kuring salawasna marengan, mugia manéhna beubeulahan ieu haté sing meunang kabagjaan di jero kubur, sing ditarima iman islamna. Ogé kuring teu kendat nga’dua muga-muga keur diri kuring nu ditinggalkeunana sing kuat nandang sagala cocoba nu tumiba. Ngalangkang kénéh kajadian dua minggu ka tukang. Kalayan haté teu tenang, antara bogoh jeung cangcaya nungguan manéhna. Ari pamajikan kuring nu rék ngalahirkeun turunan nu munggaran.
Tina sempalan carpon di luhur kumaha kaayaan jalmi anu dicaritakeun dina carita téh?
a. Keur bungah
b. Keur Sedih
c. Keur Keuheul
d. bingung
e. Keur Pasea
Pék tengetan kalimah ieu di handap1
Bet geuning kitu buktina, sagala kacangcaya ngabuah jadi tunggara. Hak kuring kiamah bareng jeung musnana sagala harepan. Ani mulang ka asal, dipundut ku Nu Kagungan, asal ti Anjeunna balik deui ka Anjeunna.
Tina kalimah di luhur aya kecap tunggara, kira-kira naon hartina...
a. sorangan
b. cilaka
c. sedih
d. gering
e. kecewa
Pék geura baca sempalan carpon ieu di handap!
Aya hiji awéwé mojang ngaranna sebut wéh si ira. Si ira awakna jangkis, bu’ukna péndék, saléwat mah pokona percis pisan jiga lalaki. Di lemburna ogé manéhna katelah budak tomboi, nu hobina naék motor.
Dina hiji poé, si ira rék mangkat ka gedung caffe di jakarta, manéhna geus siap-siap bari geus mawa helm, maké jakét kulit nu sok biasa dipaké ku lalaki. Teu lila si ira ngaluarkeun motor nu eweuh kaca spionan sabelah, salewat mah émang mirip lalaki ieu budak téh. “Grungg…!!!” si ira téh tuluy ngacir indit ka gedung caffe.
Tina sempalan carpon di luhur katitén yén salasahiji ciri carpon téh nya éta..
a. caritana nonfiksi
b. eusina pamohalan
c. alurna berbelit-belit
d. tina kajadian sapopoe
e. loba unsur ngabohongna
Pék geura baca sing gemet sempalan carpon di handap!
Kulawarga geus teu boga. Gawé teu tangtu. Dahar kadang aya, kadang euweuh. Baju nu dipaké ogé sigana téh éta deui-éta deui. Éta mimitina mah anu ngabalukarkeun kuring kapikir méré baju téh. Nyedek pisan ka lebaran, piraku bajuna sararoéh.
Kapan ceuk agama gé lamun aya tatangga anu sangsara, urang wajib méré. Nya kuring téh meuli baju wé sasetél. Tuluy dibikeun ka manéhna. Euweuh. Euweuh kajadian nanaon deui harita téh. Malahan mah manéhna téh nunuhunan pisan ka kuring.
Tina sempalan carpon di luhur katitén yén aya ciri carpon nya éta méré hawa positif kanu maca, hal éta bisa kagambar dina kalimah nu mana...
a. Euweuh kajadian nanaon harita téh
b. Kapan ceuk agama gé lamun aya tatangga anu sangsara urang wajib méré.
c. Baju nu dipaké sigana téh éta deui, éta deui
d. Nyedek pisan ka lebaran piraku bajuna saroéh
e. Kulawarga geus teu boga, gawé teu tangtu
Pék baca sempalan carpon ieu di handap!
“Ampun Mang! Ampun! Sanes Unu abdi mah!” Sorana haharegungan nahan kanyeri. “Tong loba tingkah siah! Kakara ampun ayeuna mah nya!” bari hiuk deui peureup Mang Pardi ngahanca sirah si jurig. “Geus Mang karunya! Bawa ka dieu!” teu sirikna diséréd Si Jurig dibawa ka buruan. Tatangga nu padeukeut nungtutan nyalampeurkeun saoborna-saoborna.
Barang popocongan dibaruka, kuring mani ngagebeg. Teu sangka, nu dicipta téh beungeut Kang Unu nu pikarunyaeun, ari ieu bet Si Sarda, jelema baragajul tukang pulang-paling. Malahan sabulan ka tukang kakara ka luar ti pangberokan.
Tina sempalan carpon di luhur nyaritakeun aya jalma nu nyamar jadi pocong lantaran rék maling téa béh teu kanyahoan. Geus umun lamun tukang maling dimana-mana gé loba akalna. Lamun nilik kana éta kajadian aya ciri carpon nya anu nyangkaruk nya éta...
a. Caritana fiktif teu sesuai kajadian nyata
b. kaharti kuakal, realistis (nyata)
c. loba unsur pamohalanana
d. tara pernah kajadian di dunia nyata
e. alurna loba pisan
Pék tengetan kalimah ieu di handap!
“Kuring yakin sagala éta carita ukur jijieunan, ngan kuring tetep baluweng, kudu kumaha nyanghareupan masarakat nu masih kénéh kandel kapercayaanana kana soal nu kararitu”.
Tina sempalan kalimah diluhur aya kecap baluweng, kira-kira hartina naon...
a. sedih
b. kecewa
c. bungah
d. bingung
e. pusing
Pék analisis ciri-ciri carpon tina kutipan carpon di handap!
Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacidaan nya éta Dinda jeung Rani. Maranéhna ngabatur geus 3 taun lilana. Malih kalah loba ogé jalma anu nganggap manéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Dinda sok nyampeur ka imah Rani sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola. Beurangna manéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka super markét nu teu jauh jeung sakolana. Manéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Dinda. Ari ninina si Dinda téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Rani téh, sanajan lain cucuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Dinda ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.
Tina sempalan di luhur téh palaku anu dicaritakeun ku pangarang téh nya éta aya sabaraha....
a. Hiji
b. Dua
c. Tilu
d. Opat
e. Lima
