Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis DONGENG

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

(1) Sumebar sacara tinulis

(2) Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3) Kaasup kana wangun lancaran

(4) Kaasup kana wangun ugeran

(5) Ngandung ajén atikan

(6) Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7) Ngandung unsur seni

(8) Sumebar sacara lisan

(9) Ngandung hal-hal nu teu pamohalan


Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng di antarana ....

a)

1, 2, 3, 4, 5

b)

2, 3, 5, 6, 8

c)

2, 4, 6, 8, 9

d)

5, 6, 7, 8, 9

e)

1, 6, 7, 8, 9

2.

Baca sempalan dongéng di handap!


Déwa Anta pok unjukan bari ngalimba, “Nun Batara, anu mawi abdi sedih, rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung.” “Na, ku naon?” ceuk Batara Narada. Déwa Anta ngawalon, “Pan tadi saur Batara, sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung. Ari abdi taya petana tiasa nyumponan, margi kapan teu gaduh leungeun teu gaduh suku.” Batara Narada ngaheneng, socana mencrong ka nu keur sedih. Clak, clak, clak, cipanon Déwa Anta murag kana taneuh. Gorolong, gorolong, gorolong, cimata téh jadi endog tilu siki.

(Dicutat tina buku Waruga Basa)


Hal nu pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....

a)

“Rumasa moal lami deui hirup, da tangtos diteukteuk beuheung”

b)

“Sing saha anu teu tiasa nyumponan éta pamundut, baris diteukteuk beuheung...”

c)

“Margi kapan teu gaduh leungeun teu gaduh suku.”

d)

Clak, clak, clak, cipanon Déwa Anta murag kana taneuh.

e)

Gorolong, gorolong, gorolong, cimata téh jadi endog tilu siki.

3.

Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...

a)

Bagian carita anu kaharti ku akal

b)

Bagian carita anu logis

c)

Bagian carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagian carita anu deskripsina jelas

e)

Bagian carita anu deskripsina teu jelas

4.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

manusa bisa ngapung

e)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

5.

Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...

a)

Lisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung teater

e)

Tulisan

6.

Istilah anu nuduhkeun yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...

a)

Homonim

b)

Akronim

c)

Anonim

d)

Sinonim

e)

Antonim

7.

Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Galur

d)

Palaku

e)

Latar

8.

Isukna sang ratu reungit, marentahkeun ka tentara jeung rahayatna, pokna,”Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling téa, tempoan dina unggal ceuli jelema!”

Hal nu teu asup akal (pamohalan) dina sempalan dongéng di luhur nyaéta ….

a)

Jalma bisa ngomong

b)

Reungit bisa ngomong

c)

Reungit sok disada

d)

Reungit sok hiber

e)

Jalma lumpat

9.

Gambar di luhur ka asup kana dongeng....

a)

Sasakala

b)

Parabel

c)

Fabel

d)

Sage

e)

Pamuk

10.

Dongeng Si Kabayan teh kaasup kana jenis dongeng . . . .

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Sasakala

d)

Sage

e)

Mitos