wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

B. Sunda Tema 3

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Ti imah Suci ka sakola téh ukur ku dua imah.

Kecap anu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta . . . .

a)

kareumppeukan

b)

kapindingan

c)

kalimpudan

d)

kahalangan

2.

Ayeuna mah loba alat anu modérn nyangu ogé bisa ditinggalkeun ka mana waé.

Sabalikna tina modérn nyaéta . . . .

a)

baheula

b)

tinggaleun

c)

tradisional

d)

kaliwat

3.

Urang kudu terus narékahan sangkan budaya urang henteu ku budaya deungeun.

a)

kasilih

b)

kapilih

c)

kagiridig

d)

katilik

4.

Tengetan gambar!

Kandaraan dina gambar kaasup kandaraan anu lajuna maké mesin jeung bahan bakar tur majuna leuwih gancang.

a)

tradisional

b)

modern

c)

beurat

d)

mahal

5.

Baca dina jero haté wacana di handap, tuluy jawab pananyana!

Globalisasi ngandung harti “asup kana lingkungan dunya”. Maksudna mah, dina campur gaul baé upamana, henteu ngan saukur gaul jeung batur salembur atawa sanagara, tapi jeung bangsa-bangsa anu aya di sakuliah dunya.

(Dicutat tina Buku Basa Sunda Mida Dami Kelas 6 kaca 40-41)

Tina wacana di luhur bisa kapaham, yén globalisasi téh hartina ….

a)

asup kana lingkungan dunya

b)

banggsa-bangsa sadunya bisa wawuh

c)

campur gaul jeung bangsa-bangsa di sakuliah dunya

d)

urang bisa cicing di mana wae saban nagara

6.

Baca téks déskripsi di handap kalawan taliti!

Globalisasi muncul raket patalina jeung kamekaran tehnologi. Anu karasa pisan mah dina widang informasi. Komo sanggeus aya internét, urang bisa nyaho kajadian di sakuliah dunya dina waktu harita kénéh.

Cing pék jelaskeun pangaruh globalisasi pikeun widang nformasi . . .

a)

Informasi loba pisan anu nyampak di saban nagara kudu disaring.

b)

Informasi kudu dipilih bisi anu matak ngabahayakeun pikeun bangsa.

c)

Informasi loba anu nepi kalawan dina waktu gancang tur ongkosna mahal

d)

Informasi di sakuliah dunya bisa kanyahoan dina waktu harita keneh.

7.

Lamun keur teu dipake, lampu kudu . . . .

a)

Dihurungkeun

b)

Diantepkeun

c)

Dipareuman

d)

Ditingalikeun

8.

Urang kudu . . . listrik sangkan mahi nepi ka jaga.

a)

Ngahambur-hambur

b)

Ngantep

c)

Ngahemat

d)

Ngaruksak

9.

. . . teh sumber energi panas.

a)

Panonpoe

b)

Bulan

c)

Bentang

d)

Bumi

10.

1. Sumber energi teh rupa-rupa, aya nu disadiakeun ku alam, aya anu kudu diolah heula. Bensin, solar, minyak tanah, batu bara jeung sakur energi lianna anu asalna ti jero taneuh hiji waktu bakal beak. Ku sabab kitu urang kudu hemat energi ulah dihambur-hambur. Salah sahiji cara pikeun ngahemat energi ...

a)

A. gunakeun listrik saperluna

b)

B. make cai sasukana

c)

C. kamana-mana naek kendaraan

d)

D. ngadurukan runtah plastik

11.

Cara anu bisa ku urang lakukeun guna ngajaga kasèhatan nyaèta .....

a)

Loba nginum cai hèrang

b)

Loba ngonsumsi kadaharan instan

c)

Loba ulin di lapang pas tengah poè

d)

Loba sarè

12.

ari jadi jalma kudu amis budi, sangkan dipikaresep batur. Amis budi nyaeta

a)

ramah

b)

rajin

c)

bernasib mujur

d)

berpikir jernih

13.

Jadi budak teh ulah beurat birit, ngarah dipikanyaah kolot. Sabalikna ti beurat birit nyaeta

a)

handap asor

b)

hampang birit

c)

heuras genggerong

d)

lesang kuras

14.

harti tina babasan gurat batu nyaeta

a)

pemalas

b)

bermuka masam

c)

keras kepala

d)

pelit

15.

Diheureuyan saeutik ge, terus we ceurik ari budak . . . mah

a)

hampang leungeun

b)

epes meer

c)

beurat birit

d)

hejo tihang

16.

Badru: “Punten, Ceu Romlah abdi ....... céngék saparapat.”

Ceu Romlah: “Mangga, badé ngagaleuh naon deui?”

a)

Meser

b)

Meuli

c)

Nyandak

d)

Ngagaleuh

17.

Wangsul ti Bandung abdi téh Kang Badru.”

Kecap wangsul sarua hartina jeung …

a)

balik

b)

indit

c)

datang

d)

sumping

18.

Basa kasar digunakeun keur ...

a)

Ka babaturan anu geus akrab

b)

Sakahayang

c)

Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,

d)

Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)

19.

Basa hormat atawa basa lemes digunakeun keur ...

a)

Ka babaturan anu geus akrab

b)

Sakahayang

c)

Jelema anu leuwih kolot, saperti orang tua, guru, sesepuh, pejabat,

d)

Hewan atawa sasatoan, atawa bisa wae dipake ku jelema anu keur ngambek (marah)

20.

“mangga ah dikantun, bade ka rorompok heula.”


kecap rorompok sarua hartina jeung …

a)

imah dulur

b)

imah sorangan

c)

imah kabogoh

d)

imah babaturan