wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Wawancara

Total questions: 20

Worksheet time: 47mins

Name
Class
Date
1.

Baca sing gemet téks wawancara di handap!

Rifki           : “ Assalamualaikum, Pa, damang? ”

Pa Hasan     : “Waalaikumussalam, pangéstu Alhamdulillah”

Rifki           : “ Nepangkeun Pa, wasta pun Rifkil, punten pami jenengan Bapa téh saha?”

Pa Hasan     : “ Mangga, abdi sareng Pa Hasan”

Rifki           : “ Bapak, abdi badé tumaros perkawis aturan  lalu lintas di jalan raya. Conto aturan lalu lintas téh naon waé?

Pa Hasan     : “Seueur aturan lalu lintas mah, contona wae upami Ujang berkendara  motor, éta kedah ngaggé hélem, gaduh Surat Izin Mengemudi (SIM), kedah taat kana rambu-rambu lalu lintas, jrrd.

Rifki           : “……………………….”

Pa Hasan     : “Tangtu waé aya, misalna kanggo pengendara motor di jalan raya ditilang, teras henteu gaduh SIM, éta dipidana ku pidana kurungan panglamina 4 bulan atawa denda pangseueuerna sajuta rupiah”.

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawancara di luhur nya éta ….

a)

“Aya sanksi anu tangtu henteu upami urang ngarempak éta aturan?”

b)

“ Teras saé atanapi henteu  upami éta aturan teu aya?”

c)

“  Kumaha carana urang taat kana aturan lalu lintas?”

d)

“ Kumaha kamandang bapak ngeunaan aturan lalu lintas?”

e)

“Naon fungsina aturan lalu lintas téh?”

2.

Baca sing gemet téks wawancara di handap!

Euis          : “ Sampurasun, punten Ibu ngawagel”

Bu Encas  : “Rampés, mangga néng hoyong naon?”

Euis          : “Ieu bu abi badé tumaros, harga céngék ayeuna sabaraha?

Bu Encas  : “Mahal puguh néng, kamari mah sakilo 20 rébu, ayeuna mah naék jadi 35 rébu sakilona téh”

Eusi          : “ Kumaha harga-harga anu sanésna?

Bu Encas  : “ Kantenan geulis”

Euis          : “ Hatur nuhun ibu kanggo informasina”

Bu Encas  :“ Sawangsulna”

Eusi téks wawancara di luhur téh nya éta ….

a)

harga sembako

b)

harga sayur

c)

néng euis ngajak wawanohan ka tukang sayur

d)

harga céngék

e)

naékna harga

3.

Baca téks wawancara di handap!

Nu nanya      : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalama hususna generasi ngora teu kalibet nggunakeun narkoba?”

Narasumber   :”Anu leuwih utamana mah dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora kudu dididik, diatik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram nu dilarang ku agama jeung pamaréntah, sabab bakal ngarusak méntal jeung runtuhna nagara”.

Ragam basa nu digunakeun ku narasumber dina wawancara di luhur nyaéta ....

a)

lemes keur sorangan

b)

lemes keur ka batur

c)

cohag

d)

Kasar

e)

Loma

4.

Tanya jawab langsung pikeun ngajaring informasi ti narasumber disebutna…

a)

Paguneman

b)

Sawala

c)

Konferensi

d)

Seminar

e)

Wawancara

5.

Ari wawancara téh kagiatan nyarita dua arah, aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Tujuan tina wawancara nya éta…

a)

pikeun manjangkeun silaturahmi

b)

pikeun meunangkeun informasi ti narasumber

c)

pikeun meunangkeun opini

d)

pikeun meunangkeun informasi ti reporter

e)

pikeun meunangkeun fakta

6.

Baca téks wawancara di handap!

CM: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang   kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?

YM: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.

Téks wawancara di luhur nyaritakeun ngeunaan...

a)

pamaén senior

b)

bobotoh jeung pamaén senior

c)

kontribusi bobotoh nalika pamaén keur tanding

d)

Viking sok ngabring ngadukung Persib

e)

pamaén senior nu wawuh ka bobotoh

7.

Baca téks wawancara di handap pikeun ngajawab !

CM:   Nepangkeun, abdi Ari Ardiansyah ti Majalah Cupumanik.

DKS:  Dédén. Mangga linggih! Aya nu tiasa dibantos?

Téks wawancara di luhur kaasup kana bagian…

a)

salam

b)

Bubuka

c)

eusi

d)

Panya

e)

pamungkas

8.

CM: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang   kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?

YM: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.

Nilik kana cara ngawawancarana, téks wawancara di luhur kaasup kana wanda wawancara ….

a)

Pribadi

b)

Kelompok

c)

Konferensi

d)

Kauger

e)

Bebas

9.

Baca téks wawancara di handap!

Siswa      :……………….

Patugas : Anu naratas ngadegna Museum KAA téh nya éta Mentri Luar Negri RI manten (1978-1988), nu jenengan Prof. Dr. Muchtar Kusumatmadja, S.H., LL.,M. turta alpukahna Joop Ave, minangka Ketua Panitia 25 Tahun Konferensi Asia Afrika jeung nu ngajabat Diréktur Jéndral Potokol dan Konsuler Departemén Luar Negri, rukun gawé jeung Departemen Penerangan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, Pemerintah Daérah Tingkat I Propinsi Jabar, sarta Universitas Pajajaran, diistrénan tanggal 24 April 1980 ku Présidén Suharto.

Patalékan nu saluyu pikeun ngalengkepan sempalan wawancara di luhur nya éta…

a)

Saha nu ngadegkeun museum KAA?

b)

IIraha museum KAA diadegkeun?

c)

Dimana pernahna museum KAA téh?

d)

Naon waé kalungguhan Prof. Muchtar téh?

e)

Saha nu ngaistrénan museum KAA téh?

10.

Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun heula ku pawawancara disebutna wawancara…

a)

Bebas

b)

Kauger

c)

Madya bebas

d)

Madya kauger

e)

Bebas kauger

11.

Kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun kecap pananya 5W+1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap…

a)

naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha

b)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

mana, di mana, ka mana, iraha, ku naon, kumaha

d)

saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kumaha

e)

saha, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha

12.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri kalimah pananya, nya éta…

a)

ngandung kecap pananya

b)

ditungtungan ku tanda pananya

c)

diwangun tina kalimah wawaran

d)

miharep résponsi nu mangrupa jawaban

e)

miharep résponsi nu mangrupa tindakan

13.

A: … waktu kacilakaanana?

A: … nu jadi korbanna?

A: … kajadianana dugi ka tiasa kacilakaan?

Runtuyan kecap pananya dina téks pertanyaan wawancara di luhur nu bener nya éta…

a)

abaraha urang- iraha- kumaha

b)

dimana- saha- naha

c)

iraha- naha- kamana

d)

iraha- saha- kumaha

e)

kumaha- naha- naon

14.

Rahadian  : “Naha Upacara Nyangku tẻh aya sasamianana sareng upacara-upacara di tempat

             nu sanẻsna?”

Pa H. Ucẻ : “Saleresna mah Upacara Nyangku tẻh teu bẻnten sareng upacara-upacara adat 

             nu remen digelar disababaraha wewengkon sanẻsna. Sapertos ‘Upacara Pajang

             Jimat’ di Cirebon, ‘Sekatẻn’ di Jogjakarta. Kitu tah sakaterang Bapa mah!”

Wacana di luhur kaasup kana wangun ….

a)

Bewara

b)

Biantara

c)

Wawancara

d)

Paguneman

e)

Mandu Acara

15.

Baca téks wawancara di handap!

CM: Minangka pamaén senior, akang tangtos wanoh jeung bobotoh. Kumaha numutkeun Akang   kontribusi Viking kanggo pamaén Pérsib?

YM: Kontribusi bobotoh, pangpangna Viking, saé pisan. Karaos pisan ku pamaén mah. Viking teu weléh satia masihan sumanget, upamina mun nuju tanding. Boh upami maén di Bandung boh nuju maén tandang. Mun nuju maén tandang, Viking sok ngabring ngadukung Persib, sanaos sakedik tapi éta téh kacida ageung pangaruhna kanggo pamaén mah.

Téks di luhur ka asup kana ngalaksanakeun wawancara...

a)

Sasadu

b)

Nanya Identitas

c)

Patalekan

d)

Ngahaturkeun nuhun

e)

Panutup

16.

Rahadian  : “Naha Upacara Nyangku tẻh aya sasamianana sareng upacara-upacara di tempat

             nu sanẻsna?”

Pa H. Ucẻ : “Saleresna mah Upacara Nyangku tẻh teu bẻnten sareng upacara-upacara adat 

             nu remen digelar disababaraha wewengkon sanẻsna. Sapertos ‘Upacara Pajang

             Jimat’ di Cirebon, ‘Sekatẻn’ di Jogjakarta. Kitu tah sakaterang Bapa mah!”

Wacana di luhur kaasup kana tujuan wawancara anu mernah nya éta …

a)

Seleksi pagawéan

b)

Panalungtikan/Data

c)

Déskripsi

d)

Warta/berita

e)

Hiburan/entertainment

17.

Baca téks wawancara di handap!

Nu nanya           : “Tarékah naon kinten-kintenna sangkan jalma-jalama hususna generasi ngora teu kalibet nggunakeun narkoba?”

Narasumber       :”Anu leuwih utamana mah dibina ku kolotna di lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora kudu dididik, diatik ku ajaran agama, sangkan kandel kaimanan. Barudak kudu apal yén narkoba téh barang haram nu dilarang ku agama jeung pamaréntah, sabab bakal ngarusak méntal jeung runtuhna nagara”.

Wacana di luhur kaasup kana rupa-rupa wawancara anu mernah nya éta:…

a)

Wawancara warta

b)

Wawancara pribadi

c)

Wawancara Jalma loba

d)

Wawancara Interaktif

e)

Wawancara Dadakan

18.

Wawancara nyaéta komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan anu geus ditangtukeun saméméhna.

Ieu di handap kaasup kana léngkah-léngkah wawancara anu mernah nya éta iwal:…

a)

Nataharkeun stratégi wawancara

b)

Ngalaksanakeun wawancara

c)

A.    Ngukur Narasi wawancara

d)

Ngukur hasil

e)

Persiapan téhnis jeung non téhnis

19.

CM           : Hatur nuhun kana waktos anu parantos disayogikeun. Hapunten parantos ngarewong kana waktosna. Manga atuh. Asalamualaikum Wr.Wb.

DKS          : Sami-sami. Ulah kapok nya. Manga. Waalaikumsalam Wr.Wb.

Ket            : Cupumanik

DK            : Dede Kosasih

Téks wawancara diluhur kaasup kana struktur…

a)

Muka wawancara

b)

Wawanohan

c)

Nyandak informasi

d)

Mungkas wawancara

e)

Salam pamungkas

20.

Reporter   : Kumaha numutkeun bapa Dubes hubungan ekonomi dina kagiatan G20 antara Indonesia sareng Uni Emirat Arab?

Dubes       : Alhamdulillah hubungan ekonomi antara Indonesia sareng Uni Emirat Arab saé pisan. Teu aya masalah! Malih mah kapayunna investasi Uni Emirat Arab Bakal leuwih seueur ka Indonesia malih mah ieu investasi téh langkung ngaronjat tibatan investasi RRT ka Indonesia.

Ungkara wawancara di luhur upam dijieun kana laporan karangan anu mernah nya éta:

a)

Karangan deskripsi

b)

Karangan Narasi

c)

Karangan Eksposisi

d)

Karangan  Argumentasi

e)

Karangan Persuasi