wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

LATIHAN SOAL BIANTARA

Total questions: 20

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Minangka pamungkas saur, bilih ngawur, moal seueur anu dicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, Wassalamu”alikum Wr.Wb.,

Paragraf di luhur kaasup...............biantara.

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Sambutan

d)

Salam Pamuka

e)

Salam Panutup

2.

Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMP Santo Yusup. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana.

Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

hajat kawinan

c)

tujuh belasan

d)

karang taruna

3.

Naon anu disebut biantara téh?

a)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun hiji hal dina hiji acara

b)

nyarita di hareupeun balaréa pikeun nepikeun ajaran agama

c)

nyarita di hareupeun balaréa salaku bagian tina acara

d)

nyarita di hareupeun balaréa dina hajatan

4.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nya eta :

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

5.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara

6.

Bagian-bagian dina biantara aya tilu, nya eta saperti ieu di handap, iwal

a)

eusi

b)

panutup

c)

bubuka

d)

salam panutup

7.

1) ngucapkeun salam

2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar

3) ngucapkeun sukur ka allah

4) medar tema nu rek ditepikeun

5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping


sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...

a)

1-2-3

b)

2-3-4

c)

1-3-5

d)

3-4-5

8.

…….

Hadirin anu dipihormat, aya sawatara hal nu kudu disiapkeun ku urang sadayana dina mayunan ujian ieu, diantara urang kudu pinter ngatur waktu pikeun diajar, ulah loba teuing ulin, kudu ngalobakeun maca di perpustakaan, sing mindeng diskusi ngeunaan pelajaran jeung babaturan…..


Ungkara kalimah diluhur mang rupa conto bagian…..

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

harepan biantara

9.

Kauntungan saupama urang biantara ngagunakeun teks, diantarana nyaeta…..

a)

Urang bisa leuwih percaya diri dihareupeun hadirin nu hadir

b)

Urang kudu mikirkeun materi nu rek ditepikeun

c)

Urang tampil sangakan ka puji ku batur

d)

Urang moal salah macakeun teks biantara

10.

Jalma nu ahli biantara disebut …..

a)

orator

b)

hotib

c)

operator

d)

proklamator

11.

1) Miboga tujuan

2) eusina ngandung bebeneran

3) cara nepikeunana disaluyukeun jeng pamiarsa/audience

4) nyiptakeun suasana efektif jeng pamiarsa/ audience

5) cara nepikeunana jelas serta matak ngirut

6) nggunakeun intonasi, artikulasi sarta volume sora nu jelas.


sawatara hal diluhur nyaeta mangrupa…...biantara

a)

sifat biantara

b)

Tujuan biantara

c)

ciri-ciri biantara

d)

fungsi biantara

12.

Dina téhnik biantara aya anu disebut téhnik ékstémporan. Naon éta téh maksudna …

a)

téhnik maca naskah

b)

téhnik ngapalkeun

c)

téhnik ngapalkeun gurat badagna

d)

téhnik improvisasi

13.

Hadirin sadayana.

Acara paturai tineung téh jadi panineungan kanggo abdi sareng réréncangan. Abdi moal tiasa lulus sepertos ayeuna, upami teu di didik sareng diaping ku ibu iwah bapa guru sadayana.

Ku kituna abdi sadaya ngahaturkeun séwu nuhun kasadaya, muga–muga waé amal kasaean ibu miwah bapa guru kénging ganjaran anu satimpal.


Saha nu biantara dina wacana diluhur téh !

a)

wakil murid

b)

wakil guru

c)

kepala sekola

d)

para siswa

14.
Hiji kagiatan nyarita di hareupeun umum pikeun nétélakeun sawangan (penilaian) atawa kamandang (pandangan) ngeunaan hiji perkara atawa hal disebut …..
a)
Dongeng
b)
Biantara
c)
Pupuh
d)
Pantun
e)
Carita Wayang
15.

pamingpin ieu di handap anu handal dina biantara atawa disebut orator ulung

a)
b)
c)
d)
e)
16.

struktur biantara kalayan runtuy nyaeta...

a)

salam bubuka, bubuka, eusi, panutup, jeung salam panutup

b)

bubuka, eusi, salam bubuk, panutup

c)

eusi, salam bubuka, panutup

d)

panutup, salam panutup, salam bubuka, bubuka

e)

bubuka, panutup, salam panutup

17.

Najan kasebutna komunikasi langsung, tapi komunikasi dina biantara mah lumangsung...

a)

saarah

b)

dua arah

c)

tilu arah

d)

patembal-tembal

e)

pacental-cental

18.

Muji ka Alloh sarta ngahaturkeun solawat ka Kanjeung Nabi teh dina biantara mah sok disebut....

a)

Salam pamuka

b)

salam pangwilujeng

c)

pangbagea

d)

mukadimah

e)

sanduk-sanduk

19.

Biantara nu make catatn inti biantara disebut.....

a)

ekstemporan

b)

impromtu

c)

langsung

d)

improptu

e)

maca teks

20.

...

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina dinten ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan….

Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto :

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi bianta

d)

mamanis biantara