NEW
Font size
WorksheetsULANGAN BIANTARA
Total questions: 20
Worksheet time: 10mins
Runtuyan sturktur biantara nu bener sarta merenah, nya éta ....
Bubuka (salam panutup-salam bubuka-mukadimah) – Eusi – Panutup (nepikeun jejer biantara-sasadu-du’a)
Bubuka (salam pamuka-mukadimah-nepikeun jejer biantara) – Eusi – Panutup (sasadu-du’a-salam panutup)
Bubuka (sasadu-mukadimah-salam panutup) – Eusi – Panutup (du’a-salam bubuka-ngahaturkeun nuhun)
Bubuka (salam bubuka-du’a-kacindekan) – Eusi – Panutup (mukadimah-sasadu-salam panutup)
Bubuka (ngahaturkeun nuhun-nepikeun jejer biantara-kacindekan) – Eusi – Panutup (sasadu-ngahaturkeun nuhun-mukadimah)
“Puji sinareng sukur urang sami-sami sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Margi mung ku berkah sareng rohmat Mantenna, dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung, paamprok jonghok, patepang raray dina raraga paturay tineung siswa-siswi SMA 1 PARIGI”.
Jejer (tema) biantara di luhur nya éta ….
Kematian
Kamerdékaan
Syukuran
Perpisahan
Idul Fitri
Éta gambar ngélingan ka urang sangkan lamun nepikeun biantara ....
Ulah dihareupeun eunteng
Ulah dihareupeun jalma nu saré
Ulah loba teuing gaya
Ulah matak pikaboseneun
Ulah saré heula
Titénan gambar
Gambar nuduhkeun masalah nu keur biantara, nya éta ....
Ngarasa teu tenang lantaran aya nu karasa
Ngarasa soak lantaran hadirin kacida lobana
Ngarasa soak, teu tenang sarta teu bisa ngontrol kaayaan
Ngarasa soak lantaran poho nu rék diomongkeun
Ngarasa rendah diri lantaran boga awak leutik
Conto omongan nepikeun mukadimah nu merenah, nya éta....
Sakitu nu kapihatur, urang tutup ieu sawala ku aosan hamdallah sasar
Urang sanggakeun puji ka Gusti nu maha suci, shalawat miwah salam ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW
Tema sawala ayeuna ngeunaan pro-kontra perlu atawa henteu siswa nyandak hp ka sakola
Langkung saur bahé carék, bobo sapanon carang sapakan. Mugi agung cukup lumur jembar panghampura
Rupina, naon anu tadi didugikeun ku réréncangan sadaya moal tiasa dicindekeun dina sakalimah
“Sim kuring salaku wawakil ti kulawarga Bapa Ahmad, sakali deui ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan anu sanes kanten ka Ibu, Bapa, miwah para saderek sadayana....”
Wacana di luhur mangrupa...
Salam pamuka biantara
Eusi biantara
salam panutup biantara
Panutup biantara
Bubuka biantara
Hatur nuhun ka wawakil murid SMA , nu parantos ngebrehkeun pangwilujeung ka Bapa Mara. Urang teraskeun kana acara kagenep, masrahkeun kagegelan. Etang-etang tawis katineung ti murid-murid SMA ka Bapa Mara, mangga ka Saderek Esih sareng Bapa Mara dihaturanan ka payun.
Ungkara di luhur teh ucapan ti...
Komite Sakola
Ibu / Bapa Guru
Pupuhu OSIS
Pangatur acara
Pupuhu Sakola
Patugas anu kalibet dina hiji kagiatan pikeun ngalaksanakeun jeung ngatur sagala kaperluan sangkan kagiatan lumangsung lancar, keuna , tur aya manpaatna saluyu jeung nu dipiharep, disebut...
Panata calagara
Moderator
Panata harta
Protokol
Pamimpin acara
Hadirin sadayana, sateuacana seminar dikawitan, langkung ti payun sim kuring seja ngawanohkeun heula para pangjejer dina ieu seminar. Nu kahiji Ibu Dra. Irma salaku dosen Basa Sunda ti UPI Bandung. Nu kadua Bapa Prof. Dr. Istihari salaku dosen ITB. Wilujeng siang . Hatur nuhun kana kasumpinganana….”
Paragraf di luhur mangrupakeun caritaan panumbu catur dina…
Ngahaturanan pangjejer
Ngawanohkeun pangjejer
Nutup seminar
Ngatur jalanna seminar
Ngahaturanan pamiarsa
Saderek sadayana, tah kitu geuning pedaran ti kelompok limah teh. Cindekna mah tatakrama basa teh dipake pikeun silihajenan antar jalma nu nyaritana. Nanging, bilih diantawis saderek aya anu teu acan patos jelas atanapi bade nambihan kana pedaran ti kelompok nu midang, mangga dihaturanan.
Wacana di luhur ngagunakeun ragam basa....
Lemes keur sorangan
Lemes keur ka batur
Kasar
Loma
Paguneman
jalma anu ahli biantara sok disebut naon.....
narator
narasi
orator
orasi
adminator
Eusian titik-titik ieu di handap ku kecap sulur atawa kecap gaganti sing meranah!
“Beu! dugi ka kituna éta .... putra téh, kabatur taya pisan kasopanan”.
sim
pun
tuang
manéhna
Urang
ieu dihandap mangrupa kecap anu larapna keur batur, iwal....
sumping
ngagaleuh
mondok
angkat
ngadangu
Eusian titik-titik ieu di handap ku kecap sulur atawa kecap gaganti sing meranah!
"abdi mah artos teh mung .... dua rebu deui"
boga
gaduh
kagungan
masihan
mendak
Eusian titik-titik ieu di handap ku kecap sulur atawa kecap gaganti sing meranah!
“Acuk kagungan ... rai téh parantos disanggakeun ka anjeunna basa mangkukna sumping ka dieu”.
tuang
sim
téh
pun
mah
Titénan teks di handap!
Ku hal éta, jelas pamuda anu hébat téh nya éta pamuda anti narkoba. Lantaran pamuda anti narkoba saéstuna pamuda nu sadar yén lalampahan hirupna panjang kénéh, dirina boga kasempetan pikeun ngamajukeun bangsana, sarta nanjeurkeun agamana. Pamuda anti narkoba, sadar moal jadi runtah masarakat, sarta boga visi anu jelas pikeun pikahareupeun hirupna.
Kacindekan tina téks di luhur, nya éta ....
Pamuda anu hébat nya éta pamuda nu boga visi dina kahirupanana
Pamuda anu hébat nya éta pamuda anti narkoba
Pamuda anu hébat nya éta pamuda anu sadar kana dirina
Pamuda kudu nanjeurkeun agama sarta bangsana
Pamuda nu lalampahan hirupna manjang
Titénan ieu teks biantara!
Nonoman, atawa pamuda téh sok disebut generasi emas. Naon pangna disebut kitu, sabab nya pamuda nu bakal nuluykeun kahirupan kahareupana, gaganti generasi sepuh. Bayangkeun, saupama para pamuda ruksak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?Namung hanjakalna, kanyataanana loba nonoman tos ruksak méméh déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar. Diantara nu jadi sababna nya éta kajiret narkoba!
Naha loba nonoman nu muguran saméméh mekar...?
Lantaran loba nu jadi kriminal satuluyna asup bui
Lantaran gaya hirupna nu konsumtif
Lantaran henteu miara dirina
Lantaran kajiret narkoba
Lantaran umurna kurang ti 63 taun
Titénan ieu teks biantara!
Nonoman, atawa pamuda téh sok disebut generasi emas. Naon pangna disebut kitu, sabab nya pamuda nu bakal nuluykeun kahirupan kahareupana, gaganti generasi sepuh. Bayangkeun, saupama para pamuda ruksak, bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana? Namung hanjakalna, kanyataanana loba nonoman tos ruksak méméh déwasa. Lir kembang muguran saméméh mekar. Diantara nu jadi sababna nya éta kajiret narkoba!
Nonoman atawa generasi ngora sok disebut generasi emas, naon maksudna ...?
Pamuda téh pamingpin diantara kaumna
Pamuda nu bakal nuluykeun kahirupan gaganti generasi sepuh
Pamuda mangrupa generasi nu panggaulna di lingkungan masarakat
Pamuda leuwih cocog dianggap pamingpin tibatan pamudi
Pamuda téh generasi unggul
Eusian titik-titik ieu di handap ku kecap sulur atawa kecap gaganti sing meranah!
“Katingalna .... rama téh sedep pisan kana kopi nya, da éta tos séep sagelas masih palay ninyuh deui”.
sim
pun
téh
anjenna
tuang
"Biantara teh nepikeun caritaan dihareupeun jalma loba anu disusun sacara merenah tur rapih, komunikasi na biasana monologis."
maksad kecap monologis nyaeta.........iwal?
bisa ditembal ku cara diskusi
bisa ditembal ku cara keprok
bisa ditembal ku cara gogodeg
bisa ditembal ku cara ngacungkeun jempol leungeun
bisa ditembal ku cara unggeuk
