wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

TEST SUMATIF NYUSUN LAPORAN KAGIATAN KELAS X

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Unsur -unsur anu kudu aya dina laporan kagiatan teh nyaeta 5 W + 1 H.

Who dina basa Sunda hartina...

a)

a. Naon

b)

b. Saha

c)

c.Iraha

d)

d.Kumaha

e)

e.Naha

2.

Anu dimaksud laporan kagiatan nyaéta....

a)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan, atawa hal naon waé nu geus kaalaman atawa kalaksanakeun

b)

ringkesan ngeunaan hiji matéri anu geus diajarkeun

c)

ringkesan ngeunaan anggaran salah sahiji kagiatn anu geus dilaksanakeun

d)

ringkesan ngeunaan hiji kagiatan anu rék dilaksanakeun

e)

laporan lalampahan

3.

Salah sahiji mangpaat laporan kagiatan téh nya éta pikeun pertanggungawaban ka pihak nu patali jeung kagiatan atawa biasa disebut minangka ….

a)

bukti jeung arsif

b)

draf kagiatan

c)

rarancang gawé nu bakal datang

d)

pamilon kagiatan

e)

bahan evaluasi

4.

Conto laporan kagiatan anu nuduhkeun waktu lumangsungna kagiatan nyaeta....

a)

Ieu kagiatan dilaksanakeun ping 31 Mei 2017, jam 08.00-11.00 wib.

b)

Ieu kagiatan dilaksanakeun di Bale Pamidangan SMK Sundalana Jalan Garut No. 2 Kota Bandung.

c)

Nu ngiringan ieu kagiatan julmahna aya kana 60 urang.

d)

Jumlah waragad anu dipake pikeun ieu kagiatan nyaeta Rp. 2.500.000,-.

e)

Nu jadi pinunjul dina ieu kagiatan nyaeta kelas X-1.

5.

(1) Kacindekan

 

(2) Kasang tukang kagiatan

 

(3) Tujuan kagiatan

 

(4) Jumlah waragad

 

(5) Saran

 

Bagian laporan kagiatan anu aya dina panutup dituduhkeun ku nomer....

a)

(1) jeung (2)

b)

(1) jeung (5)

c)

(2) jeung (3)

d)

(2) jeung (4)

e)

(3) jeung (5)

6.

Dina raraga milangkala SMK Sundalana anu ka-20, OSIS SMK Sundalana ngayakeun kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola. Ieu kagiatan teh minangka pangreuah-reuah, sarta salah sahiji kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa. Iwal ti eta, ieu acara teh ngarojong program Rebo Nyunda anu ditepikeun ku pamarentah daerah. Ku kituna dipiharep bisa numuwuhkeun kareueus jeung sumangrt siswa sangkan ngamumule seni tradisi Sunda.

Kasang tukang tina bubuka di luhur nyaeta....

a)

milangkala SMK Sundalana anu ka-20

b)

kagiatan Pagelaran Seni Sunda pikeun lingkungan sakola

c)

kasempetan pikeun nembongkeun kaparigelan jeung karancagean siswa

d)

ngarojong program Rebo Nyunda

e)

ngamumule seni tradisi Sunda

7.

Kelompok anu kapilih pikeun unggal kategori nyaeta:

(1) Kelompok 3 ti kelas X anu midangkeun layeutan kawih dileler “Pamidang Favorit.”

(2) Kelompok 4 ti kelas XI anu midangkeun angkung dileler “Pamidang Motekar.”

(3) Kelompok 1 ti kelas XII anu midangkeun drama Lutung Kasarung dileler “Pamidang Mencrang.”

Bagian laporan kagiatan di luhur kaasup kana bagian....

a)

Bubuka Kagiatan

b)

Waragad Kagiatan

c)

Pamilon Kagiatan

d)

Hasil Kagiatan

e)

Panutup Kagiatan

8.

Pungsi dijieuna laporan kagiatan nyaaeta, iwal....

a)

Alat pikeun nepikeun inpormasi

b)

Keur pertanggung jawaban

c)

Dokumen pikeun kagiatan kahareupna

d)

Sumber pangalaman keur batur

e)

Supaya meunang paniten pamarentah

9.

Laporan kagiatan teh kudu di konsep heula sok sanajan ditepikeun sacara ringkes, alesana nyaeta.....

a)

Supaya panjang caritana

b)

Eusina loba

c)

Supaya gampang nyarita

d)

Supaya ngaguluyur sistematis

e)

Supaya teu poho

10.

Pikeun nyusun laporan kagiatan aya nu namina "waragad" naon hartina waragad teh.....

a)

Peserta

b)

Waktu jeung tempat

c)

Tujuan Kagiatan

d)

Laporan keuangan

e)

Hasil kagiatan

11.

Arti pamilon téh nyaéta ...

a)

waktu

b)

tempat

c)

biyaya

d)

peserta

e)

tamu

12.

Jumlah nu miluan dina ieu kagiatan téh 255 urang (250 urang siswa jeung 5 urang guru pangaping) kalimah di luhur kaasup struktur laporan kagiatan anu nandakeun......

a)

Waktu kagiatan

b)

Tujuan

kagiatan

c)

Kasang tukang kagiatan

d)

Waragad

e)

Pamilon

13.

Ieu Wisata Budaya diayakeun sangkan para siswa wanoh kana adat kabiasaan di Kampung Naga sarta para siswa bisa ngajénan kana budaya nu hirup di eta wewengkon.

a)

Tujuan Kagiatan

b)

Pamilon

c)

Waragad

d)

Waktu kagiatan

e)

Panutup

14.

Laporan kagiatan teh nyaeta...

a)

minangka bukti yen eta kagiatan teh geus lumangsung

b)

kagiatan anu dijieun jadi laporan

c)

mangrupa bukti fisik

d)

sagala rupa kagiatan ditulis dina buku

e)

laporan dijieun pikeun kagiatan

15.

sawatara hal anu kudu aya dina laporan kagiatan nyaeta...

a)

bubuka, waktu jeung tempat, pamilon waragad, eusi jeung hasil kagiatan, panutup

b)

bubuka jeung tempat kagiatan

c)

pamilon jeung waragad

d)

eusi jeung hasil kagiatan

e)

bubuka jeung panutup

16.

Bubuka dina laporan kagiatan eusina mangrupa...

a)

panganteur pikeun mawa nu maca kana pasualan anu rek dilaporkeun

b)

ngabuka acara kagiatan

c)

salasahiji panganteur kagiatan

d)

dibuka ku salam pamuka

e)

bagian mimiti tina acara

17.

waragad dina laporan kagiatan eusina...

a)

modal awal anu dipake keur kagiatan

b)

ngadadarkeun timana meunang waragad, wincikan dipakena eta waragad sarta jumlahna.

c)

sagala rupa pamasukan anu aya dina kagiatan

d)

laba tina kagiatan

e)

pengeluaran biyaya salila lumangsungna kagiatan

18.

pedaran kagiatan dina laporan kagiatan eusina mangrupa...

a)

didadarkeun lumangsungna kagiatan jeung hasil anu dicangking sabada eta kagiatan geus rengse

b)

runtuyan acara ti awal nepi ka ahir

c)

hasil pinunjul dina lomba

d)

kacindekan dina hiji kagiatan

e)

rupa-rupa bangbaluh anu karandapan.

19.

Di handap ieu salah sahiji lengkah-lengkah nyieun rarancang laporan nya eta...

a)

tangtukeun jeung identifikasi kasang tukangna ngalaksanakeun eta kagiatan

b)

neangan ideu anu hade

c)

ngumpulkeun anggota anu bakal jadi panitia

d)

nyiapkeun sagala rupa pakaks anu diperlukeun

e)

nataharkeun biyaya anu diperlukeun

20.

panata calagara hartina...

a)

ketua

b)

ketua pelaksana

c)

wakil ketua

d)

sekretaris

e)

bendahara