WorksheetsSOAL EVALUASI HARIAN MATERI BIANTARA
Total questions: 10
Worksheet time: 3mins
Nyarita di hareupeun balaréa kalawan eusina luyu jeung tujuan anu rék ditepikeun disebut...
Biantara
Wawancara
Warta
Orasi
Hutbah
Biantara teh dibedakeun jadi dua rupa nyaeta...
Biantara Penting jeung BiantaraTeu Penting
Biantara Resmi jeung Biantara Teu Resmi
Biantara Dadakan jeung Biantara Ngapalkeun
Biantara Ekstemporan jeung Biantara Impromtu
Biantara Ngapalkeun jeung Biantara Maca Naskah
Ilaharna, basa anu digunakeun dina biantara teh nyaeta...
Basa Loma
Basa Kasar
Basa Hormat
Basa nu disaluyukeun jeung situasi kondisi
Basa nu merenah
Di handap ieu mangrupa conto biantara dina kagiatan resmi, iwal...
Biantara pamapag ti Gubernur Provinsi Jawa Barat dina acara peresmian gedong kabudayaan Sumedang
Biantara pamapag ti Menteri Pendidikan dina raraga mieling Poe Atikan Nasional 2022
Amanat pembina upacara dina raraga mieling poe guru nasional taun 2022
Biantara pamapag ti Ketua MPR RI dina sidang pleno
Biantara pamapag ti pupuhu karang taruna dina kagiatan pentas seni
Di handap ieu mangrupa sempalan tina bagian..
Alhamdulillahirobbil’alamin. Washolatu assalamu ‘ala asrofil anbiyaai wal mursalin, sayyidina muhammadin wa’ala alihi washohbihi ajma’in.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad Saw,ka para kulawagina, para sohabatna dugi ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin
Salam bubuka
Salam panghormat
Salam panutup
Mukadimah
Dunga
Di handap ieu anu mangrupa bagian sanduk-sanduk nyaéta…
Pamungkas, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur. Sakali deui ka sadaya siswa kelas XII, wilujeng ngahontal harepan sareng cita-cita nu langkung luhur, bral geura miang, geura tandang makalangan.
Hapunten bilih aya basa nu kirang merenah larapna. Pondok nyogok Panjang nyugak, neda tawakupna ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal.
Mugia urang sadaya dipaparin kasehatan tur kasalametan pikeun ngahontal sagala cita-cita urang.
Hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana.
Métode biantara anu henteu tatahar heula lantaran ditunjuk harita kénéh kudu nepikeun biantara disebut..
Métode catetan inti biantara
Métode ékstémporan
Métode maca naskah
Métode ngapalkeun
Métode impromptu
“Dina hiji poé, kuring ditunjuk ku Bu Hérlina pikeun nepikeun biantara pangwilujeng ka kelas XII minangka wawakil ti kelas X-XI dina acara paturay tineung. Lantaran kuring embung ngérakeun entragan jeung embung nguciwakeun kapercayaan ti guru, kuring ngapalkeun beurang peuting eusi biantara nu rék ditepikeun. Dina prakna kamari, Alhamdulillah kuring nepikeun biantara kalawan lancar”
Dina kasus di luhur ngagunakeun métode biantara…
Maca naskah
Ngapalkeun/ nalar
Catetan Inti Biantara
Dadakan/ Impromtu
Ekstemporan
"Bapa Kepala Sakola hormateun sim kuring, bapa miwah ibu guru, staf tata usaha anu ku sim kuring dipihormat, teu hilap rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipicinta"
Sempalan di luhur kaasup kana bagian...
Salam Panghormat
Salam Bubuka
Salam Panutup
Pangbagea
Pangwilujeng
Diah jadi delegasi olimpiade matematika internasional. Ku guru matematika, Diah geus diperedih pikeun nataharkeun kedal ucap anu bakal ditepikeun dina biantara pamapag saupama lolos di babak final tur jadi pinunjul. Ceuk guru matematika, dina biantara pamapag teh usahakeun make basa Inggris lantaran pamilonna ge kapan sadunya. Diah nuliskeun inti anu rek ditepikeunana saupama jadi pinunjul. Singhoreng bener. Diah harita jadi pinunjul tur dipenta nepikeun biantara pamapagna. Ku lantaran sieun aya bagian anu poho, Diah mawa catetan inti dina kertas leutik. Tina kasus di luhur, Diah ngagunakeun metode...
Maca Naskah
Nulis Biantara
Dadakan
Catetan Inti Biantara
Impromtu
