wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PRE-TEST

Total questions: 10

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

   Sisindiran téh mibanda fungsi sosial pikeun piwuruk, silih asih jeung sésébréd.

Titénan conto sisindiran di Handap:

Pais lauk, urab kangkung,

Dibawa ka Rancaékék,

Abdi bogoh kanu jangkung

Nu hayang jajaka pendék

Upamanilikfungsisosialna,sisindirandiluhurkaasupkanapiwuruk

a)

Bener

b)

Salah

2.

Titénan ieu ciri sisindiran di Handap!

1.    Diwangun ku dua padalisan dina sapadana

2.    Padalisan kahiji gambaran eusi wangsal

3.    Padalaisan kadua ngandung kecap anu sorana padeukeut jeung eusi wangsal

4.    Eusina mirupa tatarucingan

Dumasarciri-ciridiluhur,wangunsisindirananudimaksudtéhnyaétawawangsalan

a)

Bener

b)

Salah

3.

   Prak titénan téks sisindiran ieu di handap!

Lamun hayang melak wijén,

tong di deukeut imah panggung.

Lamun hayang pada ngajén,

tong jadi jalma adigung.

Ditilik dumasar wangunna, sisindiran di luhur téh kaasup rarakitan.

a)

Bener

b)

Salah

4.

Bédana paparikan jeung rarakitan anu paling katangén nya éta paparikan mah papak di

puhuna, ari rarakitan mah henteu.

a)

Bener

b)

Salah

5.

    Tengetan Pupuh Dangdangguna di Handap!

Méga beureum surupna geus burit

Ngalanglayung panas pipikiran

Cikur jangkung jahé konéng

Naha teu palay tepung

Sim abdi mah ngabeunying leutik

Ari ras cimataan

Gedong ditengah laut

Ulah kapalang nya béla

Paripaos Gunting pameulahan gambir

Kacipta salamina

 

Pupuh di luhur diwangun ku 5 sisindiran wangun wawangsalan.

a)

Bener

b)

Salah

6.

    Ulah ngeumbing aareuyan

Bisi lésot ninggang jurang

Ulah teuing heuheureuyan

Bisi kolot meunang wirang

Sisindiran di luhur kaasup sisindiran...

a)

Wangun paparikan eusina piwuruk

b)

wangun rarakitan eusina sesebred

c)

wangun paparikan eusina sesebred

d)

wangun rarakitan eusina piwuruk

7.

   Ka toko rék meuli beusi

Meuli beusi keur bangunan

Da Akang mah boga mérsi

Hayu urang jalan-jalan

Eusi sisindiran di luhur mangrupa….

a)

sesebred

b)

piwuruk

c)

silihasih

d)

kanyaah

8.

Salasahiji sipat unik tina wawangsalan nya éta

a)

a. sok biasa dilisankeun dina omongan sapopoé

b)

b.    cangkang jeung eusina ngan diwangun ku dua jajar

c)

c.    nu sok dilisankeun ngan cangkangna hungkul

d)

d.    tarucingna tara dilisankeun

9.

    Beulit cinggir simpay réma

Ulah lali ka sim abdi

Cik teguh naon wangsalna?

a)

tali

b)

ali

c)

kali

d)

bali

10.

      Dibawana naék hartop.

Cik teguh naon wangsalna?

a)

CPU

b)

MONITOR

c)

LAPTOP

d)

NETBOOK