wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH Kelas 5 Basa Sunda Bab 5 (Reueus Jadi Bangsa Indonésia)

Total questions: 20

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Conto anu salah ngabudidayakeun cinta produk Indonésia, nyaéta ....

a)

maké baju batik

b)

meuli buah lokal

c)

maké sapatu ti Cibaduyut

d)

maké baju ti luar negeri

2.

Sikap cinta lemah cai di sakola anu salah, nyaéta ....

a)

masang bandéra merah putih di unggal sakola

b)

tara ngalaksanakeun upacara unggal poé senén

c)

ngajarkeun sajarah bangsa Indonesia

d)

nerapkeun jeung ngamalkeun Pancasila

3.

Anu osok nyiptakeun lagu disebut ....

a)

Juru sanggi

b)

Juru rumpaka

c)

Juru kawih

d)

Kawih

4.

Salah sahiji anu ngajadikeun urang reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

Indonésia pernah dijajah Walanda

b)

di wangun ku rupa-rupa sélér bangsa di Indonésia

c)

wargana ngahiji jeung nagara tatangga

d)

teu pernah dijajah ku nagara séjén

5.

Sumanget para pamuda dina ngeusian kamerdekaan téh nyaéta conto tina ....

a)

reueus jadi bangsa Indonésia

b)

ngarasa adigung

c)

pasrah kana kaayaan

d)

nurutan pagawéan batur

6.

Di handap ieu anu ka asup ciri kabudayaan Indonésia téh nyaéta ....

a)

panonna saripit

b)

tiap sélér maké baju adat nu sarua

c)

alat kasenianana ngan ukur sarupa

d)

adat jeung kasenianana béda-béda

7.

Cara urang miara jeung ngajaga lemah cai téh nyaéta ....

a)

ngalestarikeun kaéndahan alamna

b)

ngaruntah di taman umum

c)

ngarusak fasilitas umum

d)

tatangkalan di leuweung dipugaran

8.

Anu jadi sabab ruksakna lemah cai téh nyaéta iwal ti ....

a)

caah jeung urug

b)

lini jeung hujan angin

c)

miceun runtah ka walungan

d)

miluan kagiatan kerja bakti

9.

Tanah Sunda

Tanah Sunda gemah ripah

Nu ngumbara suka betah

Urang Sunda sing towéksa

Nyangga dharma anu nyata

Jumlah padalisan kawih di luhur aya ... padalisan.

a)

4 padalisan

b)

3 padalisan

c)

2 padalisan

d)

1 padalisan

10.

Kalimah nu saluyu jeung kalimah gemah ripah nyaéta ....

a)

Baheula nagara urang mah katelah turunan bangsawan

b)

Baheula nagara urang mah katelah tulatén

c)

Baheula nagara urang mah katelah jembar

d)

Baheula nagara urang mah katelah subur ma’mur

11.

Pakéan adat Sunda anu sok dipaké ku lalaki diantarana nyaeta ....

a)

pangsi

b)

seragam

c)

lurik

d)

kabaya

12.

Sajak "Indonésia Pujaan Ati" mangrupa karya ....

a)

Lugiena Dea

b)

Karna Yudibrata

c)

Rizal Sabda

d)

Ari Ardiansah

13.

Dudi ruwatan pisan kana barang-barang milikna.

Kecap ruwatan hartina ....

a)

berséka

b)

daék méré

c)

ngurus kaayaan hadé

d)

medit

14.

Anu kaasup kecap kaayaan nyaéta ....

a)

diajar

b)

lumpat

c)

kaulinan

d)

alus

15.

Rumpaka jeung lagu "Karatagan Ki Sunda" dikarang ku ....

a)

Mang Koko

b)

Ganjar Kurnia

c)

Kang Ibing

d)

Darso

16.

Indonésia pupujaan ati téh maksudna Indonésia anu ....

a)

dipikarunya

b)

dipikacinta

c)

dipikangéwa

d)

dipikagimir

17.

Kawih "Tanah Sunda" mangrupa kawih sasanggian ....

a)

Tatang Benyamin

b)

Mang Koko

c)

Euis Komariah

d)

Nano S.

18.

Urang micinta lemah cai Indonésia téh di mimiti ....

a)

dijajah nepi ka merdeka

b)

gubrag ka dunya nepi ka maot

c)

mérdeka nepi ka maju

d)

rumaja nepi ka kolot

19.

Inti tina sajak "Indonésia Pupujaan Ati" téh nyaeta bangsa Indonésia kudu .... salaku bangsa Indonésia.

a)

sedih

b)

reueus

c)

nalangsa

d)

sieun

20.

Sikep nu teu nunjukkeun reueus jadi bangsa Indonésia nyaéta ....

a)

micinta barang produksi Indonésia

b)

micinta budaya bangsa Indonésia

c)

leuwih resep lagu-lagu asing tibatan lagu-lagu Sunda

d)

miara sabubunderan lingkungan