wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Artikel

Total questions: 20

Worksheet time: 15mins

Name
Class
Date
1.

Wangun tulisan non fiksi nu ditulis dumasar kana data jeung fakta kalawan diwuwuhan ku analisis jeung pamadegan ti nu nulisna disebut ...

a)

Artikel

b)

Opini

c)

Esey

d)

Kolom

e)

Resensi

2.

Salah sahiji jenis artikel upama didasarkeun kana eusi jeung sifat paragrafna nyaeta ...

a)

Deduktif

b)

Induktif

c)

Persuasif

d)

Informatif

e)

Komunikatif

3.

Artikel anu tujuanana pikeun nepikeun pamadegan, konsepsi, atawa opini ka nu maca dumasar kana logika sarta diwuwuhan (didukung) ku bukti, conto, jeung rupa-rupa alesan anu kuat nyaeta artikel ...

a)

Deskriptif

b)

Naratif

c)

Eksposisi

d)

Argumentatif

e)

Persuasif

4.

Media atawa tempat jang nuliskeun artikel disebut ...

a)

Lembar

b)

Halaman

c)

Teras

d)

Judul

e)

Kolom

5.

Seureuh mangrupa tutuwuhan nu ngarambat, daunna sari lada, sok dipake nyeupah jeung dipake ubar. Sanajan kiwari wanoja nu ngarora langka nyeupah, tapi seureuh masih aya keneh dijarualan di tukang rampe.

Upama ditilik tina eusina, paragraf artikel di luhur kaasup kana artikel jenis ...

a)

Narasi

b)

Deskripsi

c)

Argumentasi

d)

Persuasi

e)

Eksposisi

6.

1. Editing

2. Ngumpulkeun bahan

3. Nyieun rangkay

4. Ngamekarkeun rangkay

5. Nangtukeun tema

Susunan padika (langkah-langkah) dina nulis artikel anu merenah nyaeta ...

a)

1 - 2 - 3 - 4 - 5

b)

5 - 4 - 3 - 2 - 1

c)

5 - 2 - 3 - 4 - 1

d)

2 - 3 - 4 - 5 - 1

e)

3 - 5 - 4 - 2 - 1

7.

Bagian rangkay karangan dina artikel anu ngagambarkeun atawa nunjukkeun judul tulisan disebut ...

a)

Tema

b)

Head

c)

Lead

d)

Body

e)

Ending

8.

Mangpaat daun seureuh bisa oge keur ngubaran sariawan. Panyakit sariawan dina istilah urang Sunda, biasana sok ditandaan ku kaluarna getih tina liang pangambung. Dina basa Indonesia mah disebut mimisan. Cara ngubaranana, daun seureuh dipintel-pintel. Tuluy daun seureuh nu meunang mintel-mintel tea teh dicocokkeun kana pangambung. Insya Alloh, moal lami deui oge getihna bakal saat.

Ditilik tina eusina, paragraf dina artikel di luhur kaasup kana paragraf ...

a)

Eksposisi

b)

Deskripsi

c)

Narasi

d)

Argumentasi

e)

Persuasi

9.

Urang Sunda geus ti baheula wawuh jeung seureuh (piperbetle). Seureuh teh aya rupa-rupa, diantarana nyaeta seureuh Jawa, rupana hideung sarta leuwih lada; seureuh nu rada beureum uratna, ngaranna tikuhur; jeung seureuh nu hejo uratna.

Pokok pikiran utama tina paragraf artikel di luhur nyaeta ...

a)

Seureuh teh asalna ti Sunda

b)

Seureuh teh ngaran ilmiahna nyaeta piperbetle

c)

Rupa-rupa seureuh

d)

Seureuh rasana semu lada

e)

Seureuh teh asalna ti Jawa

10.

Ragam basa nu biasa dipake dina nulis artikel nyaeta ...

a)

Basa loma

b)

Basa pergaulan

c)

Basa hormat atawa basa baku

d)

Basa sedeng

e)

Basa kasar

11.

Essey anu dimuat dina media massa saperti surat kabar, majalah, atawa internet disebut...

a)

Artikel

b)

Carita Pondok

c)

Dongeng

d)

Pantun

e)

Wawacan

12.

Dumasar kana wangunna, artikel teh bisa dipasing-pasing jadi sababaraha wanda, iwal...

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Deskripsi

c)

Artikel Argumentasi

d)

Artikel Persuasi

e)

Artikel Aktualisasi

13.

Artikel anu nyaritakeun situasi atawa kaayaan, boh dumasar kana runtuyan waktu boh runtuyan kajadian disebut....

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Deskripsi

c)

Artikel Eksposisi

d)

Artikel Argumentasi

e)

Artikel Persuasi

14.

Artikel anu ngagambarkeun kaayaan atawa kajadian luyu jeung kanyataan (fakta) nepi ka kabayang ku nu maca disebut....

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Deskripsi

c)

Artikel Eksposisi

d)

Artikel Argumentasi

e)

Artikel Persuasi

15.

Artikel anu medar hiji jejer. Bisa mangrupa pedaran ngeunaan wangenan, kagunaan, bagean tina gunana hiji konsep. Bisa oge mangrupa lengkah-lengkah, cara-cara, atawa proses migawe hiji hal disebut...

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Deskripsi

c)

Artikel Eksposisi

d)

Artikel Argumentasi

e)

Artikel Persuasi

16.

Artikel anu diwuwuhan ku alesan-alesan. Kasang tukangna mangrupa kritik kana hiji perkara atawa pamadegan. Ieu artikel teh diwuwuhan ku opini (sawangan, kamandang) pribadi, tapi didadasaran ku fakta jeung data, nepi ka katarima ku nu maca disebut...

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Deskripsi

c)

Artikel Eksposisi

d)

Artikel Argumentasi

e)

Artikel Persuasi

17.

Artikel pangjurung laku (motivasi). Eusina mangrupa uar pangajak pikeun ngalakukeun hiji hal anu dianggap aya mangpaatna disebut...

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Deskripsi

c)

Artikel Eksposisi

d)

Artikel Argumentasi

e)

Artikel Persuasi

18.

Ieu di handap mangrupa hal-hal anu kudu diperhatikeun saupama urang rek nulis artikel, iwal...

a)

Tangtukeun heula jejerna

b)

Susun pokok-pokok nu rek dibahas

c)

Tepikeun pamanggih kalayan jelas

d)

Kudu ngayayay

e)

Basana enteng sarta ngeunah dibaca

19.

Eusi artikel biasana ngawengku hal-hal ieu di handap, iwal...

a)

Karya Ilmiah

b)

Gambaran eusi hate

c)

Opini

d)

Laporan Lalampahan

e)

Kritik kana hiji pasualan

20.

Kota Bandung, utamana disabudeureun tempat lumangsungna KAA, dipapaes jeung diendah-endah. Di sapanjang jalan Asia Afrika dipasangan pot kembang, bal-balan tina batu anu masing-masing dingaranan nagara di Asia-Afrika. Diwuwuhan ku lampu-lampu jeung bangku-bangku klasik. Kitu deui di jalan hareupeun pasar baru, diluhureunana dipapaes ku payung warna-warni.


Nitenan kana sempalan artikel di luhur, eta artikel teh kaasup kana wanda....

a)

Artikel Narasi

b)

Artikel Persuasi

c)

Artikel Argumentasi

d)

Artikel Eksposisi

e)

Artikel Deskripsi