NEW
Font size
WorksheetsXI Basa Sunda
Total questions: 54
Worksheet time: 27mins
Ieu foto kaasup kana conto biantara anu make gaya ...
Konversasi
Religius
Didaktik
Agiator
Para hadirin anu ku simabdi dipikahormat, dina kasempatan ieu simabdi bade ngadugikeun hiji pidato atawa biantara nu judulna “pentingna ngalestarikeun budaya bahasa sunda dikalangan remaja atawa budak ngora di Jawa Barat”. Eta conto kalimah disebut ...
sanduk-sanduk
Du'a
Nepikeun jejer
Catur nuhun
Cunduk waktu anu rahayu, ninggang mangsa anu sampurna, nitih wanci anu mustari. Ieu mamanis basa payus upama dilarapkeun dina ... biantara.
Bubuka
Eusi
Panutup
Kacindekan
1) ngucapkeun salam bubuka
2) nepikeun jejer
3) nepikeun kacindekan
4) sanduk-sanduk
5) catur hormat
6) salam panutup
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta ...
1-2-3
2-5-6
1-2-5
2-4-5
1) sanduk-sanduk
2) ngucapkeun salam bubuka
3) nepikeun kacindekan
4) catur hormat
5) nepikeun jejer
6) salam panutup
Sawatara hal anu sok ditepikeun dina panutup biantara nyaeta ...
1-3-5
3-5-6
1-3-6
3-4-6
Sajeroning biantara téh urang kudu nyarita kalawan lancar, henteu gugup, jelas, sarta henteu loba ngarandeg, disebut ogé ...
Ngandung wirahma
Alus basana
Munel eusina
Tatag nyaritana
Eusi biantara téh kudu diluyukeun jeung sababarah hal, iwal ….
Kulawarga anu biantaran
Anu ngahadiran acarana
Kalungguhan anu biantara
Kapentingan acarana
1) nangtukeun tujuan
2) nyieun rangkay karangan
3) latihan
4) nepikeun jejer
5) sayaga mental
Leuwih hade tatahar biantara teh sistematis saperti ...
5-1-2-4-3
5-2-1-4-3
5-1-4-2-3
5-4-1-2-3
Anu katelah salaku orator ulung nyaeta ...
Di handap ieu mangrupa susunan biantara anu bener nyaéta….
Salam pamuka, eusi, panutup, mukadimah, pangwilujeng do’a
Salam pamuka, do’a, mukadimah, eusi, pangwilujeng, panutup
Mukadimah, salam pamuka, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup
Salam pamuka, pangwilujeng, mukadimah, eusi, do’a, salam panutup
Salam pamuka, mukadimah, pangwilujeng, eusi, do’a, salam panutup
“Sadaya puji kagungan Allah SWT, solawat sareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya nabi Muhammad SAW”
Kalimah di luhur mangrupa bagian tina biantara nu disebut…
Do’a
Mukadimah
Salam pamuka
Pangwilujeng
Salam panutup
Nu disebut ngandung wirahma nyaéta…
Omongan nu kudu diatur gancang kendorna jeung tarik halonna
Eusi biantara nu ditepikeun loba mangpaatna
Nyarita dina biantara kudu jelas jeung teges
Basa nu dipake dina biantara alus tur dibarengan ku gaya basa
Biantara nu ditepikeun teh kudu aktual
Aya sababaraha téhnik dina nepikeun biantara, di antarana nya éta…
Impromtu, Ékstemporan, Naskah, jeung Ngapalkeun
Impromtu, Eksempelar, Naskah, jeung Maca
Maca, Éksempelar, Impromtu, jeung Nulis
Maca, Nulis, Impromtu, jeung Ékstemporan
Impromtu, Ékstemporan, Nulis, jeung Ngapalkeun
Presiden Joko Widodo biantara di Istana Nagara, nalika poé kamerdékaan Indonésia. Anjeunna biantara ku cara maca tulisan nu diketik ku Jubirna. Présidén Jokowi ngagunakeun salah sahiji téknik biantara, nya éta…
Impromtu
Ngapalkeun
Ékstemporan
Bener kabeh
Naskah
1) ngucapkeun salam
2) nepikeun kacindekan tina masalah nu dipedar
3) ngucapkeun sukur ka allah
4) medar tema nu rek ditepikeun
5) ngahaturkeun nuhun ka nu sarumping
sawatara hal nu sok ditepikeun dina bubuka biantara nyaeta…...
1-2-3
2-3-4
1-3-5
3-4-5
Sisindiran asal kecapna tina sindir, hartina…
Wangun puisi nu maké patokan pupuh
Omongan nu teu puguh eusina
Omongan nu teu langsung dicaritakeun maksudna
Omongan anu teu miboga makna
Omongan nu langsung dicaritakeun maksudna
Peupeujeuh ari ka Dayeuh
Meuli kupat jeung gorengan
Peupeujeuh lamun geus euweuh
Tong ngupat kagorengan
Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran wangun…eusina.....
Paparikan sesebred
Paparikan piwuruk
Wawangsalan
. Rarakitan piwuruk
Rarakitan silih asih
Rarakitan ciri-cirina nyaeta …
Padeukeut sora tungtungna
Sasora (murwakanti)
Teu diomongkeun maksudna
Papak/sarua hareupna
Raket sorana
..............................
..............................
Reog dongkol asli Banjar
yu riksa ku sadayana
Cangkang nu luyu pikeun ngalengkepan paparikan di luhur nyaeta.....
Tangkal jengkol ngajalajar
hoyong ngalaan buahna
jaipong seni asal ti Banjar
hayu riksa seni Sundana
Barudak keur dialajar
harusu reujeung daria
Ka pasar jeung si Bi Ipah
Inditna kana kareta
Ongkos ti Bandung nepi ka Banjar
Hargana dualas lima
Nu teu kaasup kana ciri-ciri sisindiran nyaeta...
unggal jajaranana diwangun ku dalapan engang
padalisan katilu jeung kaopat disebut eusi
padalisan kahiji jeung kadua disebut cangkang
sapadana diwangun ku opat padalisan
padalisan kahiji jeung katilu disebutna cangkang
(1)Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun awak.
Sing getol neangan elmu,
nu guna dunya aherat.
(2) Daun kelor daun ganas,
kuciat jeung pacar keling.
Hutang motor tacan lunas,
sakilat aya nu maling.
(3)Los ka kulah los ka talun,
rek neangan bongborosan.
Insya Allah taun payun,
nepangan bade narosan.
(4) Aya lumat dina batu,
aya kuya di muara.
Sing tumut kana waktu,
di dunya ukur ngumbara.
Sisindiran anu ngandung piwuruk aya dina nomer...
(1) jeung (2)
(1) jeung(3)
(2) jeung (3)
(2) jeung (4)
(1) jeung (4)
Nu kaasup kana wangun rarakitan nyaeta...
cau naon cau naon
cau kulutuk dihiru
bau naon bau naon
bau hitut nu di juru
Sing getol nginum jajamu
nu guna nguatkeun anak
sing getol neangan elmu
nu guna dunya aherat
Ti Soreang ka Garunggang
meser bensin satalenan
sanaos arang patepang
batin tetep sasarengan
aya lumut dina batu
aya kuya di muara
kedah tumut kana waktu
di dunya urang ngumbara
peupeujeuh ari ka dayeuh
meuli kupat jeung gorengan
peupeujeuh lamun geus euweuh
ulah ngupat kagorengan
Dumasar kana watekna, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....
paparikan, rarakitan, wawangsalan
piwuruk, sésébréd, silih asih
cangkang, eusi, wangsal
wawangsalan, tatarucingan, paparikan
tatarucingan, wawangsalan, rarakitan
“Palawargi anu dipikahornat, sakumna rahayat Indonesia, dimana waé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyukcruk élmu tilembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.”
Ceuk nu biantara di luhur, urang kudu “nyukcruk élmu ti lelembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.” éta kalimah téh ngandung harti …
Kudu boga élmu
Kudu daék diajar atawa sakola
Kudu boga pangarti
Kudu boga pangabisa
Kudu jadi jalma pinter
Karya rekaan/fiksi dina wangun prosa tur biasana ukuranna panjang, nyaéta …
Biografi
Wawacan
Novel
Pantun
Carpon
1) Umumna panjang, heuteu pondok kawas carpon
2) Galur caritana atawa plot ngarancabang (loba)
3) Midangkeun rupa-rupa tokoh (palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter tokohna.
4) Nyaritakeun kahirupan sapopoé
5) Caritana teu leuwih ti lima kaca
Tina pedaran di luhur, nu teu ka kaasup ciri-ciri novel nyaéta . . .
1
2, 3
4
3, 4
5
Hiji mangsa si dirun ngarasa dosa jeung hanjakal kanu jadi kolot lantaran manéhna sok ngabohongan waé kanu jadi kolot, pas manéhna kanyahoan judi ku kolotna sabab arloji anu paméré bapana di jual jeung duitna di paké judi, tah ku bapana ka nyahoan yén si dirun beuki judi, tidinya sidirun dicarékan bébéakan, terus manéhna janji ka kolotna yén manéhna moal bangor bangor deui. Ti harita si dirun jadi budak bageur tur soléh nu nurut ka kolot jeung jadi budak pinter.
Amanat nu hayang ditepikeun tina éta tingkesan téks novel, nyaéta …
Kudu dicarékan heula, karék tobat
Judi bisa jadi cukang hirup bener
Tong ngajual jam kolot lamun rék judi
Hirup kudu bageur, sholeh nurut ka kolot
Dirun éraeun ku bapana, kusabab kapanggih judi
….
Ku sabab dukun gagal, Si Lamsijan ngumbara ka mama yai, kiai anu daekeun nulungan, Si Lamsijan manéhna lain ku lantaran bogoh ku kageulisan si Amoy hungkul tapi hayang Si Amoy téh asup muslimah. Tapi Si Lamsijan kalah kawin ka Si Cepleu éta lantaran salah sasaran nu sarua goréng patutna. Indungna Si Lamsijan haténa kabeuli lantaran Si Cepleu rajin mantuan gawé sapopoé.
….
Tokoh utama anu kapanggih di luhur, nyaéta…
Dukun
Lamsijan
Amoy
Si Ceupleu
Mama Yai
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita. Jalan carita sacara umum (bubuka, mimiti masalah, masalah muncer, ngarengsekeun masalah, pungkasan carita) disebut …
Alur
Latar
Palaku
Amanat
Jejer
Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung nu sadarajat jeung manéhna nyaéta Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung anu sadarajat. Ari si Ujang Kusen prustasi lantaran ninggali Nyi Rapiah dikawin ku Aom Usman, Ujang Kusen tidinya sok gunta-ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti Nyi Rapiah, Ujang Kusen sok judi, mabok, pokonamah beda jeung Ujang Kusen basa jadi salaki Nyi Rapiah, ahirna Ujang Kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit éta téh dipaké jang judi deui.
Tingkesan téks di luhur kaasup kana karya prosa rekaan. Novel nu munggaran medal di tatar Sunda, nyaéta …
Srangéngé Surup Manten
Baruang ka nu Ngarora
Mantri Jero
Béntang Lapang
Arca
Ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita (palaku utama, palaku kadua, palaku tambahan), disebut …
Palaku
Jejer
Latar
Amanat
Katerangan
Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu aya dina novel, disebut …
Amanat
Alur
Jejer
Latar
Tokoh
Carita atawa lalakon anu ditulis dina wangun pupuh, kauger ku guru wilangan, guru lagu, jeung jumlah padalisan dina sapadana, disebut …
Novel
Wawacan
Pantun
Biantara
Paguneman
Wawacan mimiti dipikawanoh dina sastra Sunda dina abad ka …
16
17
18
19
20
Naskah Wawacan umumna ditulis ngagunakeun aksara …
Kaganga
Palawa
Hanacaraka
Arab Pegon
Hindu-Budha
Wawacan gédé pangaruhna kana sastra Sunda, lalakon anu ditulis ngagunakeun wangun pupuh tur kauger ku guru wilangan jeung guru lagu ieu sok dipintonan dina hajat, syukuran orok, jsb. Seni cara maca wawacan anu teu ngagunakeun waditra, nyaéta …
Gembyung
Terbang
Pantun
Beluk
Mamaos
1. Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya…
naon
naha
mana
sabaraha
kumaha
Warta téh nya éta berita anu ditulis dumasar kana.....
opini
fakta
rekaan
sawangan
paguneman
Kode etik jurnalis teh nya eta padika anu ngadadasaran moral jeung etika parainsan pers. Ari kode etik pers teh ditetepkeunna ku PWI. Kecap PWI kapanjangan tina…
Persatuan warga Indonesia
Perkumpulan warga Indonesia
Persatuan wartawan Indonesia
Perkumpulam wartawan Indonesia
Pekerjaan wartawan Indonesia
Ieu di handap anu teu kaasup kana padika siaran radio nya éta…
Nyiapkeun heula naskah
Paham kana eusi naskah
Sora (vocal) kudu ngoncrang
kudu alus peta jeung dangdanan
teu ngandung unsure SARA
Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut..
editing
jurnalis
kameramen
tabloid
redaktur
Mangrupa alénia atawa paragraf ahir atawa omongan langsung pikeun mungkas warta disebut..
Waruga warta
End
Lead, intro
Headline
waktu
Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya....
naon, kunaon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha
saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
naon, kunaon, saha, ku saha, mana, di mana
mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana
Anu disebut lead dina warta téh, nyaéta....
judul warta
bubuka warta
waruga warta
pamungkas warta
nu nulis warta
Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal boh sawangan boh pamadegan,dumasar kana kanyataan, disebutna...
béwara
iklan
médsos
warta
amanat
Media warta diantarana
Media citak, media elektronik, media online
media informasi
media hayalan
media baca
Ditilik tina wangunna, Sisindiran dibagi jadi tilu, nyaeta ...
paparikan, rarakitan, jeung sesebred
piwuruk, silih asih, jeung sesebred
paparikan, rarakitan, jeung wawangsalan
silih asih, wawangsalan, jeung paparikan
Nilik tina wangun puisina, sisindiran dina basa Sunda sarua jeung .... dina basa Indonesia
pantun
sajak
gurindam
puisi
Sisindiran diwengku ku opat jajar, unggal jajar diwangun ku ... engang
lima
genep
tujuh
dalapan
Jajar kahiji jeung kadua dina sisindiran disebut ...
kulit
cangkang
bungkus
eusi
Rarakitan mah boga ciri anu mandiri, nyaeta katembong dina ...
purwakantina diatur dua jajar dua jajar
purwakantina ngan katembong dina jajaran eusi wungkul
kecap dina awal jajaran cangkang dibalikan deui dina jajaran eusi
kecap dina tungtung jajaran cangkan biasana sarua
Beda jeung rarakitan sarta paparikan, wawangsalan mah ukur diwangun ku ...
opat jajar
sajajar
tilu jajar
dua jajar
1. Kagolong kana wangun sisindiran
2. Diwangun ku dua jajar
3. Diwangun ku cangkang jeung eusi
4. Aya unsur tatarucingan
5. sajajarna diwangun ku 12 engang
6. Cara ngalarapkeunana dina omongan
Anu kaasup ciri-ciri wawangsalan nyaeta ...
1,2,3,4,5
1,2,3,4,6
1,2,4,5,6
1,3,4,5,6
Béas ditutuan deui, iraha atuh patepung
Wangsalna nyaeta ....
tipung
tutut
butuh
pare
