wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PUHB SEMESTER GENAP

Total questions: 40

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Warta nyaéta béja anu ditulis dumasar kana ....

a)

referensi

b)

opini

c)

fakta

d)

tema

e)

waktu

2.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut ....

a)

editing

b)

kameramen

c)

jurnalistik

d)

redaktur

e)

jurnalis

3.

Eusi warta téh kudu ngawengku 5W + 1H. Nu dimaksud 5W + 1H dina basa Sunda nyaéta ....

a)

naon, iraha, dimana, saha, kunaon, naha

b)

naon, kunaon, saha, dimana, iraha, naha

c)

naon, kunaon, naha, dimana, iraha, kumaha

d)

naon, iraha, dimana, saha, kunaon, kumaha

e)

kunaon, iraha, dimana, saha, naha, kumaha

4.

5W + 1H dina warta posisina kudu ....

a)

Matok urutana teu meunang dirobah

b)

Matok urutanana tapi meunang sabagian unsur nu aya

c)

Sakahayang nu nulis warta

d)

Teu aya patokan urutana nu penting kabéh unsur aya

e)

Teu aya patokan urutana jeung bisa wae sabagian unsur wungkul nu aya

5.

Tanya jawab jeung hiji jalma, boh ahli boh jalma biasa nu dianggap apal kana perkara anu rek diwartakeun ku urang disebut ....

a)

dokumentasi

b)

wawancara

c)

riset

d)

konflik

e)

paniten

6.

Di handap ieu prinsip penting anu kudu dipikanyaho dina nulis warta, iwal ti

a)

subjektif

b)

objektif

c)

faktual

d)

netral

e)

fakta

7.

Dina nulis berita, ulah nunjukeun beurat sabeulah kahiji pihak atawa golongan, nepika dianggap ngarugikeun pihak atawa golongan nu séjén. Mangrupa pengertian tina prinsip nulis berita, nyaéta ….

a)

subjektif

b)

objektif

c)

faktual

d)

netral

e)

fakta

8.

Titénan teks warta di handap ieu !

“Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna”

Téks di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W + 1H, nyaéta …

a)

Kumaha réaksi ti masarakat anu aya di tempat tabrakan?

b)

Kumaha kajadian éta tabrakan téh?

c)

dimana kajadian éta tabrakan?

d)

Kendaraan naon anu tabrakan?

e)

Saha anu tabrakan téh?

9.

Titénan teks warta di handap ieu !

“Ceuk salah sahiji saksi, nyaéta Asep (40), mobil treuk anu ditumpakan ku supir jeung kenék téh ujug-ujug méngpar ka katuhu, nepi ka ahirna nabrak motor anu keur maju di jalur sabalikna”

Unsur 5W + 1H anu aya dina téks di luhur nyaéta …

a)

what

b)

where

c)

when

d)

why

e)

how

10.

Istilah pikeun jalma anu sok nyieun warta disebut ....

a)

editing

b)

kameramen

c)

jurnalistik

d)

redaktur

e)

jurnalis

11.

Jalma anu macakeun berita di TV disebut ….

a)

master of ceremony

b)

reporter

c)

newsanchor

d)

wartawan

e)

jurnalis

12.

Di handap ieu hal anu teu kudu dikawasa (dikuasai) ku jalma anu macakeun berita nyaeta ....

a)

artikulasi

b)

gestur

c)

lafal

d)

gaya

e)

intonasi

13.

Dina macakeun berita, kudu niténan (memperhatikan) naék turunna irama suara, tekanan suara, volume suara, sarta jeda suara. Eta hal mangrupa wangenan (pengertian) tina ….

a)

pengucapan

b)

intonasi

c)

pelafalan

d)

gestur

e)

artikulasi

14.

“Saméméh jadi cagar alam, éta lahan téh dipimilik ku Cornélis Chastelein, tuan tanah urang Walanda anu kasohor lega tanahna”

Téks berita singkat di luhur bisa ngajawab pertanyaan tina rumus 5W+1H, nyaéta ….

a)

what

b)

who

c)

where

d)

when

e)

how

15.

Dina prinsip nulis berita, urang kudu objéktif. Anu dimaksud objéktif nyaéta ….

a)

Tulisan berita kudu mangrupa fakta, tapi bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis.

b)

Tulisan berita lain fakta, sarta bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis jeung pendapat jalma séjén

c)

Tulisan berita lain fakta, sarta bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis.

d)

Tulisan berita kudu murni mangrupa fakta, henteu ditambah-tambahkeun ku pendapat ti para panulis.

e)

Tulisan berita kudu mangrupa fakta, tapi bisa ditambah-tambahkeun ku pendapat ti wartawan.

16.

Sikap tubuh jeung éksprési nalika nyarita atawa macakeun berita, disebut ….

a)

gaya

b)

gerak

c)

pasemon

d)

gestur

e)

ekspresi

17.

Nu teu kaasup bagian pikeun ngumpulkeun fakta nyaeta ku cara ….

a)

observasi

b)

aktualisasi

c)

wawancara

d)

dokumen

e)

riset media

18.

Naskah siaran teu meunang ngahina sual SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA nyaéta ...

a)

suku

b)

agama

c)

rasa

d)

antar golongan

e)

ras

19.

Sesebutan liana tina Judul warta nyaeta ....

a)

headline

b)

lead

c)

intro

d)

tubuh warta

e)

timeline

20.

Pikeun nanyakeun kaayaan ilaharna digunakeun kecap pananya …

a)

naon

b)

iraha

c)

di mana

d)

naha

e)

kumaha

21.

Karya sastra caritaan nu caritana leuwih kompleks, palakuna ogé rada loba, jeung wangunna buku nya éta ...

a)

Cerpen

b)

Guguritan

c)

Dongéng

d)

Novel

22.

Novel mangrupa bagéan tina jinis karya sastra ...

a)

Prosa

b)

Puisi

c)

Drama

d)

Anyar

23.

Judul novel Sunda nu mimiti nya éta ...

a)

Baruang ka nu Ngarora

b)

Nyi Halimah

c)

Patepung di Bandung

d)

Paturay Tineung

24.

Nu lain ciri tina novel nya éta

a)

caritana panjang

b)

palaku rada loba

c)

teu aya pangarangna

d)

luyu jeung kahirupan sapopoé

25.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
26.

Baruang Ka Nu Ngarora diterbitkeun taun ...

a)

1914

b)

1924

c)

1945

d)

1918

27.

Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....

a)

Jejer

b)

Tema

c)

Palaku

d)

Latar

e)

Galur

28.

Galur teh runtuyan kajadian nu lumangsung ti awal nepi ka ahir. Galur aya tilu nya eta merele, mundur jeung bobok tengah. Galur bobok tengah sarua hartinna jeung....

a)

Campuran

b)

Maju

c)

Mundur

d)

Flashback

e)

Merele

29.

Prasasti nu Ngancik dina Ati

(Popon Saadah)

Basa kuring keur ngaderes "Burni jeung Manusa" di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

"Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.

"Yup!”

"Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!"

"Pamasihan."

"Parnasihan saha?"

Teu dijawab.

"Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?"

Manéhna ku kuring ukur dirérét.

"Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!"

Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun.

"Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun." Manéhna mencrong kénéh.

"Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug rnasihan," kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.

Dina sempalan tek di luhur palakuna saha wae...

a)

Prasasti

b)

Kuring

c)

Prasasti, Kuring

d)

Prasasti, Kuring (Rin), Fauzan

e)

Prasasti, Fauzan, Rinega, Margareta

30.

Muga baé tiwas-sucina Prabu Linggabuana heunteu jadi mamala. Kecap Mamala ngandung harti…

a)

ruksak

b)

bahaya

c)

prihatin

d)

apes

e)

sial

31.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

32.

novel "Baruang ka nu ngarora" karangan...

a)

moh.Amri

b)

Aam amelia

c)

D.K. Adiwinata

d)

Dadan Sutisna

e)

Tatang sumarsono

33.

Novel teh mangrupa carita ...

a)

nyata

b)

rekaan

c)

hayalan

d)

mitos

34.

Nu lain ciri tina novel nya éta

a)

caritana panjang

b)

palaku rada loba

c)

teu aya pangarangna

d)

luyu jeung kahirupan sapopoé

35.

Nu kaasup unsur-unsur intrinsik novel nya eta..

a)

Tema, nada, rasa, amanat

b)

Tema, dialog, prolog, latar

c)

Tema, latar, tokoh, galur, sudut pandang

d)

Tema, latar, sudut pandang, pangarang

36.

Mana nu teu kaasup kana unsur-unsur dina novel?

a)

Galur

b)

Latar

c)

Palaku

d)

Scene

37.

Galur dibagi jadi 3, iwal....

a)

Maju

b)

Mundur

c)

Campuran

d)

Mandeg

38.

Nu teu kaasup kana unsur latar nyaeta....

a)

Sipat

b)

Suasana

c)

Tempat

d)

Waktu

39.

Biasana jejer/tema dina novel Sunda dicokot tina....

a)

Kahirupan di alam aherat

b)

Kahirupan sapopoe

c)

Kahirupan sasatoan

d)

Kahirupan samemeh aya di alam dunya

40.

Novel nu nyaritakeun ngeunaan muja muji ka setan kusabab hayang beunghar judulna....

a)

Burak Siluman

b)

Munjung

c)

Lebe kabayan

d)

Dukun lepus