wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAT BAHASA SUNDA KELAS XI

Total questions: 40

Worksheet time: 35mins

Name
Class
Date
1.

kagiatan nyarita hareupeun balarea, kalawan eusina luyu jeung tujuan nu rek ditepikeun

a)

biantara

b)

wawaran

c)

pedaran

d)

tarjamahan

e)

sisindiran

2.

Sisindiran asal kecapna tina . . .

a)

Sindir

b)

Sindiran

c)

Kasindiran

d)

Pasindir-sindir

e)

pasindiran

3.

Dihandap ieu anu lain kaasup wangun sisindiran nyaeta . . .

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Pupujian

e)

panghormatan

4.

Mawa peti dina sundung,

dibawa ka Nusa Jawa.

Pangarti teu beurat nanggung,

kabisa teu beurat mawa.


Sisindiran di luhur mibanda sifat....

a)

silih asih

b)

sésébréd

c)

piwuruk

d)

silih asah

e)

silih asuh

5.

mana nu teu ka asup kana biantara resmi

a)

biantara rapat

b)

biantara upacara

c)

biantara agustusan

d)

biantara ulang tahun

e)

biantara pernikahan

6.

mana struktur biantara anu bener

a)

bubuka, eusi, panutup

b)

bubuka mukadimah, panutup

c)

bubuka, kacindekan, panutup

d)

bubuka, salam bubuka, panutup

e)

bubuka, penutup ,isi

7.

Dumasar kana eusina, sisindiran téh bisa dibédakeun jadi tilu rupa, nyaéta....

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

piwuruk, sésébréd, silih asih

c)

cangkang, eusi, wangsal

d)

wawangsalan, tatarucingan, paparikan

e)

tatarucingan, wawangsalan, rarakitan

8.

Poé saptu metik entéh

bubukna arék dibeuleum

Deuleu itu aki manéh

buukna dipulas beureum


Sisindiran di luhur eusina ngeunaan?

a)

Piwuruk

b)

Silih asih

c)

Cinta

d)

Sésébréd

e)

rarakitan

9.

Kuring dahar arumanis

Arumanis anu kamari

Saha itu anu geulis

Singhoréng kabogoh abdi


Kaasup kana sisindiran dina wangun...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Cacaritaan

e)

Rarakitan dan Paparikan

10.

Sakitu panginten sawala anu parantos dipidangkeun. Hatur nuhun ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar, M.Hum anu tos kersa janten pangjejer dina acara sawala ieu. Kitu deui hatur nuhun sadaya hadirin anu parantos partisipasi dina ieu acara, sahingga lancar acarana.


ungkara diluhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu....

a)

Ngawanohkeun MC

b)

Ngahaturanan pangjejer

c)

Ngawanohkeun pangjejer

d)

Nutup Sawala

e)

Narik kacindekan tina sawala

11.

Hadirin nu ku simkuring dipikahormat, waktos anu disayogikeun ku panata calagara teh 90 menit. Kanggo medarkeun ieu perkara panginten simkuring masihan ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar 30 menit. Salangkungna nyaeta 60 menit kangge sawala. Dihaturanan ka pangersa Bapa Drs. Anwar Munawar kanggo medarkeun pamadenganana.


Ungkara di luhur teh ditepikeun ku panumbu catur dina waktu....

a)

Nerangkeun katangtuan dina sesi tanya jawab

b)

Ngahaturkeun ka pangjejer medar materi

c)

Ngawanohkeun pangjejer

d)

Narik kacindekan tina sawala

e)

Nutup sawala

12.

Sanajan carpon mangrupa carita hayalan atawa rekaan, tapi di satiap caritana si pangarang hayang ngabagi nilai positipna pikeun nu maca.

Ungkaran di luhur mangrupa unsur carpon...

a)

tema

b)

galur

c)

latar

d)

palaku

e)

amanat

13.

Wangun sisindiran teh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ditilik tina wacana, sisindiran kaasup kana wangun...

a)

lancaran

b)

prosa

c)

ugeran

d)

laras

e)

mendoan kawit

14.

Panumbu catur téh sarua jeung….

a)

Panata Acara

b)

MC

c)

moderator

d)

orator

e)

narasumber

15.

Di handap ieu jalma nu sok iluan dina kagiatan sawala, iwal ti….

a)

panata acara

b)

pangjejer

c)

pamilon

d)

panumbu catur

e)

girang serat

16.

Jalma nu miboga pancén nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi nyaéta….

a)

pamilon

b)

panumbu catur

c)

girang serat

d)

panata calagara

e)

pangjejer

17.

Panumbu catur teu meunang mihak ka salasahiji pihak. Sikep panumbu catur ieu disebutna sikep….

a)

Nétral

b)

Subjéktif

c)

Objéktif

d)

Aktif

e)

Pasif

18.

Carita pondok téh ngabogaan ciri di antarana sifat caritana naratif nu hartina….

a)

Wangun fiksina pondok nyaéta saumpama ditilik tina jumlah kecapna atawa caritana leuwih saeutik tibatan prosa-prosa séjén.

b)

Anu dicaritakeun téh mangrupa kajadian anu lain saenyana atawa bener-bener anu kaalaman ku manusa.

c)

Najan mangrupa hasil rékayasa pangarang, tapi tetep jalan caritana kudu kaharti ku akal.

d)

Carita pondok téh ngan ukur nyaritakeun kajadian-kajadian nu kaalaman ku palaku.

19.

Nu kaasup novel barudak nya éta

a)
b)
c)
d)
20.

Jalma anu ngalalakon dina carita, sok disebut....

a)

Jejer

b)

Tema

c)

Palaku

d)

Latar

e)

Galur

21.

unsur - unsur intrinsik novel nyaeta dihandap ieu,iwal....

a)

tema

b)

palaku

c)

galur

d)

amanat

e)

nada

22.

Biografi teh sok disebut...

a)

Carpon

b)

Riwayat hirup

c)

Sajak

d)

Dongeng

23.

Nu kaasup conto teks biografi...

a)

Sangkuriang

b)

Sangsakala danau toba

c)

Riwayat hirup RA Kartini

d)

Sakadang kuya jeung sakadang monyet

24.

Ka Pasar rék meuli déblo,

ngaliwatan parapatan.

Kieu nasib budak jomblo,

ku batur sok dipoyokan.

Sisindiran diluhur kaasup kana wangun...

a)

Wawangsalan

b)

Rarakitan

c)

Kaulinan

d)

Paparikan

e)

Tatarucingan

25.

Ulah sok nyalahkeun bujur,

sabab hitut ngaburudul.

Ulah sok nyalahkeun batur,

sabab anjeun nu teu jujur.

Sisindiran diluhur kaasup kana wangun...

a)

Rarakitan

b)

Paparikan

c)

Tatarucingan

d)

Kaulinan

e)

Wawangsalan

26.

Wawacan mangrupa carita dina bentuk...

a)

Kawih

b)

Prosa

c)

Dongéng

d)

Pupuh

e)

Kakawihan

27.

Salah sahiji conto carita wawacan nya éta...

a)

Sangkuriang

b)

Mahabharata

c)

Panji Wulung

d)

Asmarandana

e)

Santri Ngalalana

28.

Kasmaran kaula muji

ka Gusti Ajawajala

Nu Murah ka mahluk kabéh

jeung muji utusanana

Kangjeng Nabi Muhammad

nya éta Nabi panutup

miwah muji sahabatna


Guru lagu dina sempalan wawacan di luhur nya éta...

a)

i-a-é-a-a-u-a

b)

i-a-e-a-a-u-a

c)

i-a-e-e-a-u-a

d)

i-a-a-a-a-u-a

e)

i-a-é-a-e-u-a

29.

Sora (vokal) tungtung unggal padalisan dina pupuh disebut...

a)

Guru gatra

b)

Guru lagu

c)

Guru nada

d)

Guru angka

e)

Guru wilangan

30.

Abad ka sabaraha wawacan asup...

a)

15 M

b)

16 M

c)

17 M

d)

18 M

e)

12 M

31.

Kasmaran kaula muji

ka Gusti Ajawajala

Nu Murah ka mahluk kabéh

jeung muji utusanana

Kangjeng Nabi Muhammad

nya éta Nabi panutup

miwah muji sahabatna


Guru lagu dina sempalan wawacan di luhur nya éta...

a)

8-8-8-8-8-8-8

b)

8-8-8-8-7-8-8

c)

8-8-8-8-8-7-8

d)

8-8-8-7-8-8-8

e)

8-8-8-7-7-8-8

32.

Waktu Janggala jeung Janggali rék mulang deui ka Cempa, Patih Sokadana nulis surat keur ditepikeun ka Panji Wulung. Dina suratna patih nyaritakeun sakabéh rusiah kahirupan Panji Wulung sarta méré piwulang sangkan Panji Wulung ulah sombong, nyaah ka pamajikan, jeung bisa nahan hawa napsu.

Harti kecap "rusiah" dina ieu sempalan nyaéta....

a)

rahasia

b)

sesuatu

c)

motif

d)

kajadian

e)

kelakuan

33.

Riwayat atawa lalakon hirup hiji jalma dina wangun tulisan anu ditulis ku batur, disebut…

a)

Otobiografi

b)

Biografi

c)

Géografi

d)

Biologi

e)

Séismografi

34.

Riwayat hirup anu ditulis ku dirina sorangan tur nyaritakeun kahirupan pribadina,disebut…

a)

Otobiografi

b)

Biografi

c)

Géografi

d)

Biologi

e)

Séismografi

35.

Radén Déwi Sartika téh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Déwi Sartika nyarita “Kuring tigin ngaping ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayangeun maju”.

Wacana di luhur kaasup kana wangun…

a)

Ésséi

b)

Artikel

c)

Biografi

d)

Otobiografi

e)

Tajuk rencana

36.

Anu teu kasup kana unsur-unsur biografi nyaéta...

a)

Bentuk fisik jeung pasipatanana

b)

Gaji poko unggal bulam

c)

Kalahiran jeung asal-usul kaluarga

d)

Ngaran lalandian atawa jujuluk

e)

Préstasi jeung pangajén anu pernah katarima

37.

Biografi biasana ditulis dina wangun…

a)

Eksplanasi

b)

Deskripsi

c)

Argumentasi

d)

Narasi

e)

Eksposisi

38.

Carita Panjang atawa naratif, tapi aya ogé anu mangrupa dadaran (déskriptif), nu dianggit dina wangun pupuh disebut…

a)

Carita pantun

b)

Carita wayang

c)

Pupuh

d)

Sisindiran

e)

Wawacan

39.

Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadengan, dumasar kana kanyataan, disebutna ....

a)

béwara

b)

iklan

c)

médsos

d)

warta

e)

Amanat

40.

Gambaran kajadian anu ditepikeun dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya ...

a)

naon, ku naon, tina naon, ku saha, ti saha, ka saha

b)

saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha

c)

iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana

d)

naon, ku naon, saha, ku sahasa, man, i mana

e)

mana, nu mana, di mana, ti mana,ka mana, belah mana