wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UM B SUNDA IX 2026

Total questions: 40

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Nyarita di hareupeun jalma loba anu naskahna disusun sacara rapih jeung merenah, nyaeta

a)

Biantara

b)

Pedaran

c)

Paguneman

d)

Bintara

2.

Dihandap ieu bagean anu aya dina biantara teh, nyaeta....

a)

Bubuka, Kasimpulan

b)

Bubuka, Panutup

c)

Bubuka, Eusi, Panutup

d)

Bubuka, Eusi, Kasimpulan, Panutup

3.

Perhatikeun biantara di handap ieu! Ibu kepala sakolah, bapak, ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan anu ku sim kuring dimulyakeun. Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka Tuhan Yang Maha Esa, margi urang sadaya tiasa kempel dina ieu acara. Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto …

a)

Panutup biantara

b)

Euisi biantara

c)

Awalan biantara

d)

Bubuka biantara

4.

Perhatikeun biantara di handap ieu! Bapak,ibu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji hal anu peryogi ku urang diperhatoskeun, naon margina? Kabersihan ieu ngarupikeun hiji konci kahirupan urang di alam dunya. Dimana urang bisa ngarawat kabersihan lingkungan sakola atanapi lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. Ungkara kalimah di luhur mangrupa conto …

a)

A. Panutup biantara

b)

B. Euisi biantara

c)

C. Awalan biantara

d)

Bubuka biantara

5.

Baca ieu sempalan biantara! Bapak,ibu sareng rerencangan sadayana perkawis kabersihan ngarupakeun hiji hal anu peryogi ku urang diperhatoskeun, naon margina? Kabersihan ieu ngarupikeun hiji konci kahuripan urang di alam dunya. Dimana urang bisa ngrawat kabersihan lingkungan sakola atawa lingkungan rumah tanggi hartosna urang tos ngalaksanakeun tina sabagian iman. Ku kituna kawajiban urang salaku siswa kedah ngalaksanakeun kabersihan sakola. Lingkungan sakola bisa beresih lamun urang bisa ngajagaana. Ku kituna kabersihan sakola kudu dipiara kalawan sae. Mugia urang sadayana anu nempatan ieu tempat bakal sehat, tebih tina panyakit anu datang tina kotorna lingkungan. Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngenaaan naon eusina teh?

a)

Perayaan 17 Agustus

b)

Sumpah pemuda

c)

Hari kemerdekaan

d)

Kebersihan sekolah

6.

Baca ieu sempalan biantara! Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat. Tina elmu kabagjaan dunya tiasa urang rasakeun, tina elmu oge kabagjaan alam akherat tiasa urang rasakeun. Makin loba elmu nu ku urang dipiboga kabutuhan sareng kabagjaan dunya tiasa urang hontal. Kitu oge sami, panghareupan urang kana kabagjaan akherat tiasa urang rasakeun. Janteun kitu nunggu elmu te kedah diutamakeun. Komo deui pikeun siswa-siswi anu calik dibangku sakola, teu aya alesan kanggo urang males-malesan tina diajar Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngenaaan naon eusina teh?

a)

Kabersihan

b)

Hari kemerdekaan

c)

Kautamaan menuntut ilmu

d)

Sumpah pemuda

7.

Tema biantara nu luyu pikeun dina acara paturay tineung nyaeta …

a)

Miara kabersihan lingkungan

b)

Ngalaksanakeun bakti social

c)

Milih pergaulan nu sehat

d)

Papisah lain hartina megatkeun silaturahmi

8.

Aya sababaraha hiji anu kudu diperhatikeun dina biantara. Tah ieu dihandap bagean anu kudu diperhatikeun teh, kecuali....

a)

Sora

b)

Nada

c)

Wirahma

d)

Baju

9.

Masrahkeun babawaan calon panganten lalaki ka kulawarga calon panganten awewe, disebut …

a)

Papasrahan

b)

Mas kawin

c)

Nyerahkeun

d)

Seserahan

10.

Budak mah lamun nempo babaturanna meuli barang anyar teh sok direuah-reuah. Ari hartina reuah-reuah nyaeta....

a)

Diulinan

b)

Dirame-rame

c)

Dibaeudan

d)

Di agul-agul

11.

Sabangsa cau leuweung disebut …

a)

Bingbin

b)

Bangban

c)

Pacing

d)

Kalayar

12.

Tempat matuhna jalma disebut …

a)

Gedogan

b)

Susuhunan

c)

Karaton

d)

Imah

13.

Sisi jurang, taneuh anu muduna nyusruk disebut …

a)

Gawir

b)

Saung

c)

Tajug

d)

Kobong

14.

Lamun geus diwalimahan, geus resmi jadi … jeung pamajikan.

a)

Salaki

b)

Bapa

c)

Istri

d)

Rama

15.

Upacara adat panen pare masyarakat sunda teh nyaeta upacara …

a)

Upacara nasional

b)

Upacara ka kayaan

c)

Upacara seren taun

d)

Upacara peringatan

16.

Di handap ieu nyaeta alat musik tradisional sunda, kecuali …

a)

Gitar

b)

Angklung

c)

Calung

d)

Kecapi

17.

Upacara anu tujuanana ngahaturkeun nuhun ka gusti disebut …

a)

Ngaruwat

b)

Seren taun

c)

Mipit

d)

Khitanan

18.

Istri anu nuju hamil 7 bulan sok ngayakeun acara syukuran anu disebut....

a)

Ekahan

b)

Mitoni

c)

Seren taun

d)

Ngaruwat

19.

Tradisi seba anu aya di kampung baduy nyaeta...

a)

Puasa jeung tapa salila tilu bulan

b)

Upacara tahunan kanggo nyerahkeun hasil bumi ka pamarentah

c)

Kagiatan utama awewe

d)

Upacara ngahaturkeun nuhun ka gusti Allah

20.

Dina ieu waktos urangotokol sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika. Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwangséwangan.

Upama ditilik tina eusi jeung adeganana, biantara téh diwangun ku bubuka, eusi jeung panutup. Anu ditatan ieu biasa ditepikeun dina bagian bubuka biantara, iwal ….

a)

manjatkeun puji syukur

b)

nganuheun ka penata calagara

c)

menta di hampura kanu hadir

d)

ngajéntrékeun tujuan jeung kacindekan biantara

21.

Pertanyaan kangge no 21-22

Sim kuring, kalayan asmana réngréngan pangurus OSIS, seja ngahaturkeun nuhun ka réngréngan panata calagara anu parantos tihothat, ti ngawitan ngararancang kagiatan dugi ka derna ngalaksanakeun acara dina dinten ieu. Kitu deui ka Bapa Kapala Sakola, Bapa Pangaping OSIS, ogé Bapa sareng Ibu Guru sanésna, sim kuring ngahaturkeun nuhun kana sagala rupi panuyun sareng

pangaping enggoning ngalaksanakeun ieu kagiatan.

Nu dimaksud panata calagara téh nya éta ....

a)

protokol

b)

pupuhu

c)

kokolot

d)

panitia penyelenggara

22.

Tina cutatan biantara pamapag di luhur katitén yén nu biantara téh nya éta ….

a)

kepala sakola

b)

siswa salaku pangurus OSIS

c)

pembina OSIS

d)

panitia acara

23.

Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut …

a)

papatah

b)

sambutan

c)

wejang

d)

guguritan

24.

Kampung adat anu terkenal sampe zaman ayena nyaeta

a)

Baduy

b)

Cirendeu

c)

Bugis

d)

Madura

25.

Adat kabiasaan karuhun disebut....

a)

Pantrang

b)

Sompral

c)

Sirkulasi

d)

Tatali paranti

26.

Papatah sunda anu nerap sampe ayena nyaeta...

a)

Halodo entak-entakan

b)

Monyet ngagugulung kalapa

c)

Silih asah, asih, asuh

d)

Pindah cai pindah tampian

27.

Carita rekaan anu mere kesan lir enya enya kajadian sarta ukuranna paranjang disebut....

a)

Cerpen

b)

Pidato

c)

Komik

d)

Novel

28.

Novel teh mangrupa carita....

a)

Pangalaman

b)

Nyata

c)

Rekaan

d)

Kajadian

29.

Upama nilik kana caritana mah, novel teh meh taya bedana jeung......

a)

Carita pantun

b)

Carita Pondok

c)

Carita rakyat

d)

Carita pangalaman

30.

Bedana novel jeung carita pondok, iwal....

a)

Palakuna leuwih loba

b)

Aya kajadian anu sambung sinambung

c)

Tempat jeung waktuna leuwih jembar

d)

Basa nu dipakena henteu basajan

31.

31. Novel munggaran anu terbit dina basa sunda nyaeta...

a)

Gogoda ka nu ngarora

b)

baruang ka nu ngarora

c)

Kabaruang ku nu ngarora

d)

Kagoda ku nu ngarora

32.

Novel guha karang legok pari teh karangan....

a)

Taufik faturohman

b)

Godi suwarna

c)

Tatang sumarsono

d)

Hidayat soesanto

33.

Asupna novel kana sastra sunda teh mangrupa pangaruh barat ngaliwatan basa...

a)

Walanda

b)

Inggris

c)

Arab

d)

Indonesia

34.

34. Surti nyaeta...

a)

Pagawean

b)

Pamaen

c)

Ngarti

d)

Tanggah

35.

Figuran nyaeta....

a)

Jalan cerita

b)

Pemaen pilem

c)

Akal

d)

Kasilih

36.

Carita anu akhirna bagja jeung pikabungaheun anu maca, disebut...

a)

Ngarumas

b)

Purah

c)

Ngabayuan

d)

Happy ending

37.

Biantara anu sok disampekeun ku tokoh teh sok mangrupaakeun isi anu munel jang urang sararera. Ari hartina munel teh nyaeta...

a)

Lemes

b)

Patokan

c)

Penting

d)

Sulaya

38.

Di kampung sebelah aya jalma anu keur pasea rongkah gara-gara sok miceun sampah dimana wae, padahal cik keneh kamari pak kades ngabewarkeun dina biantarana “jadi masyarakat teh kudu bisa ngajaga kabersihan”. Arti anu digarisan maksudna...

a)

Pasea gede

b)

Pasea leutik

c)

Pasea herey

d)

Uucingan

39.

Ngagawean sampah teh meni asa tihothat. Tihothat artina...

a)

Baraseih

b)

Gawe kacida ripuhna

c)

Sasadu

d)

Tutuwuhan

40.

40. Cirina kampung adat nyaeta...

a)

Keramik

b)

Panto kaca

c)

Kenteng

d)

Susuhunan