Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Assesmen Sumatif Akhir Semester b.sunda 9

Total questions: 45

Worksheet time: 2hrs 30mins

Name
Class
Date
1.

Kembang cengek disebut . . . .

a)

Mencenges

b)

Suligar

c)

mayang

2.

Kembang anu kacida seungitna nyaeta kembang . . . .

a)

kembang malati

b)

kembang anggrek

c)

kembang cengek

3.

Kuring boga duit lima rebu.

Kalimah lemesna nyaeta . . . .

a)

kuring gaduh artos lima rebu

b)

kuring boga artos lima rebu

c)

abdi gaduh artos lima rebu

4.

marni indung rano.

Kalimah anu tulisanna mernah nyaeta . . . .

a)

marni indung rano

b)

Marni indung Rano

c)

Marni indung rano

5.

Tina keur baca buku di kamar.

Tina keur . . . buku di kamar.

Kecap rundayan anu mernah kanggo kalimat di luhur nyaeta . . . .

a)

bacaan

b)

macaan

c)

maca

6.

nini kuring ti tasikmalaya.

Kalimah anu tulisanna mernah nyaeta . . . .

a)

Nini kuring ti tasikmalaya

b)

nini kuirng ti tasikmalaya

c)

Nini kuring ti Tasikmalaya

7.

Cirina rek hujan, biasana langit sok . . . .

a)

cerah

b)

ceudeum

c)

caang

8.

Hujan nu caina ngabatu jadi es, ukuranana sagede-gede kaleci. Nukitu disebutna . . . .

a)

hujan angin

b)

hujan es

c)

hujan salju

9.

Gambar di gigir nyaeta . . . .

a)

boboko

b)

pacul

c)

hihid

10.

Yati mah budak bageur, . . . adina mah bangor.

Kalimah pangantet di luhur nyaeta . . . .

a)

ari

b)

basa

c)

sabab

11.

Golodok nyaeta . . . .

a)

bagean imah tempat masak

b)

bagean imah tempat sare

c)

tangga tempat asup ka imah

12.

Lani bareng indit ka sakola.

Kecap dwirajekan bareng nyaeta . . . .

a)

bareng-bareng

b)

barengan

c)

babarengan

13.

Tangtukeun kecap sabalikna anu cocok!


"Ari hudang ulah . . . . . teuing

Ari sare ulah . . . . . . teuing"

a)

gede X alit

b)

beurang X deukeut

c)

beurang X peuting

d)

hideung X bodas

14.

Panto gerbang sakola .... ku Pak Hamid

a)

dibukakeun

b)

ditajong

c)

dialungkeun

d)

digorolongkeun

15.

Angin nyeah mani . . . neumbagan tatangkalan

a)

tingelebug

b)

tinggelebug

c)

tinggalebug

16.

Carita pondok atawa carpon ngabogaan harti, ...

a)

karangan sastra wangun ugeran

b)

karya sastra wangun pamohalan

c)

karangan dina basa lancaran

d)

karya sastra sunda wangun kalimah

17.

kajadian anu dicaritakeun dina carpon nyaeta ..

a)

nyaritakeun unsur pamohalan

b)

carita anu loba masalahna

c)

nyaritakeun kabiasaan sapopoe

d)

carita warisan rakyat baheula

18.

Naon sasaruana antara Carpon jeung Novel?

a)

nyaritakeun kajadian sapopoe

b)

palaku na aya loba

c)

ngandung unsur pamohalan

d)

jalan caritana pungkal pengkol

19.

inti pikiran atawa puseur implengan pangarang anu kagambar dina karyana, disebut oge ...

a)

palaku

b)

panokohan

c)

alur

d)

jejer

20.

runtuyan kajadian atawa nu jadi panghubung carita kajadian nu hiji jeung nu sejenna, nyaeta ...

a)

Latar

b)

tokoh

c)

amanat

d)

Alur

21.

tokoh anu jadi puseur perhatian dina carita nyeta ...

a)

palaku utama

b)

palaku panghibur

c)

palaku tirtagonis

d)

palaku tambahan

22.

Upama ditilik tina wangunna mah carpon sarua jeung dongeng, lantaran wangunna sarua pada-pada carita teu nyata. Anu ngabedakeunna nyaeta..

a)

carpon mah sok aya sato anu bisa nyarita

b)

dongeng mah lir ibarat kajadian sapopoe

c)

dongeng mah loba unsur pamohalan

d)

teuaya bedana

23.

lebah ukuran jumlah kecap dina carpon, nyaeta ...

a)

antara 2500-1000

b)

antara 2050-10000

c)

antara 2000-10000

d)

antara 2500-10000

24.

pesen pangarang anu hayang ditepikeun ka nu maca, nyaeta ...

a)

tema

b)

alur

c)

jejer

d)

amanat

25.

di handap ieu anu teu kaasup kana ciri-ciri carpon, nyaeta ...

a)

caritana pondok

b)

nyaritakeun kahirupan sapopoe

c)

non fiksi

d)

kaharti ku akal

26.

unsur intrinsik carpon, nyeta ..

a)

jejer, tema, alur, padalisan, amanat

b)

tema, alur, palaku, pesen, murwakanti

c)

alur, latar, palaku, jejer, judul, naskah

d)

alur, tema, palaku, amanat, latar

27.

di handap ieu anu nuduhkeun kana unsur latar waktu, nyaeta ...

a)

Haris merengut. Tadina mah rek terus ceurik, ngan ngarasa era.

b)

Akhirna kalaksana oge kahayang Haris boga Hape teh.

c)

Ti harita mimiti asup ka SMP, Haris ku bibina dibere hadiah Hape.

d)

Lain sakali dua kali Haris menta hayang pangmeulikeun Hape teh.

28.

Ti poe senen keneh indit ka sakola teh asa teu purun. Lain teu purun diajar, ngan asa ku era. Lantaran sapatu anu ngan sarampasan teh geus ruksak. Di sakola sok pada maroyokan. Ari kuring mah tara rea ngomong.

Gambaran suasana carpon nyaeta ...

a)

sedih

b)

bungah

c)

bagja

d)

cilaka

29.

anu nuduhkeun kana unsur latar tempat dina potongan kalimah carpon di handap nyaeta ...

a)

ngerjakeun nomer hiji mah teu pati hese. Sakeudeung oge geus anggeus.

b)

kuring malik, maksud teh rek balik, diuk deui kana korsi.

c)

peutingna basa kuring keur ngapalkeun kadenge Bapa nyalukan patengahan

d)

isukna ka sakola teh make sapatu anyar anu meunang dibeulikeun ku Bibi.

30.

Naon arti Biantara dina bahasa indonesia nyaeta .......

a)

pidato

b)

ceramah

c)

mukadimah

d)

wawancara

31.

Jalma anu ahli biantara disebutna

a)

Arator

b)

Orator

c)

Pidator

d)

Orarator

32.

Biantara ditalar bari henteu nyiapkeun naskah heula, disebutna tehnik...

a)

Memoriter

b)

Impromtu

c)

Ekstemporan

d)

Manuscrip

33.

Kecap “dipiceunan” mun di jieun dina kalimah nyaeta …

a)

Dipiceunan atuh kunaon kitu ?

b)

Kunaon atuh make dipiceunan sangu teh ?

c)

Ulah dipiceunan atuh sora teh ?

34.

“Tah ayeuna urang diajar ngeunaan alam sabudeur”. …

a)

Sakurilingeun

b)

Satukangeun

c)

Sabilulungan

35.

Iraha biasana mimiti usum hujan teh ? …

a)

September atawa Oktober

b)

Oktober atawa November

c)

Februari atawa Maret

36.

Usum halodo biasana mimiti bulan naon ?

a)

Januari

b)

Februari

c)

Maret

37.

Di nagara urang aya dua usum nyaeta …

a)

Usum hujan jeung usum ngijih

b)

Usum hujan jeung usum halodo

c)

Usum halodo jeung usum mamareng

38.

Di pakotaan antri pasesered parebut cai beresih da puguh cai di imah garing. Kecap pasesered hartina ...

a)

Silih gusur

b)

Ngorotan

c)

Paciweuh

39.

Hayu sasarengan maos hamdallah! Kecap maos hartina ...

a)

Rumasa

b)

Sugan

c)

Maca

40.

Mana kecap dihandap ieu nu binarung rarangken hareup Ka- ? ...

a)

kantun

b)

Kakara

c)

Katincak

41.
  1. 41. saur bu guru, tugasna kumpulken minggu payun. mangrupikeun kalimah ....

4 lines
42.
  1. 42. Bapa naros ka Galih, "Naon nu rek disumbangkeun ka nu kacaahan teh ?" mangrupikeun conto kalimah ....


4 lines
43.
  1. 43. Karya sastra anu direka dina basa lancaran prosa anu kalawan ukuranna pondok disebut ...


4 lines
44.
  1. 44. nulis carpon teh rea dina abad .....


4 lines
45.
  1. 45. hal atanapi gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut ....

4 lines