NEW
Font size
WorksheetsTRY OUT BASA SUNDA IX GENAP
Total questions: 40
Worksheet time: 3600secs
Karya sastra Sunda nu mangrupa omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun atawa anu dibalibirkeun atawa teu togmol, nyaéta …
gaya sindir
tatarucingan
sisindiran
wawangsalan
Sisindiran dina basa Indonésia sarua hartina jeung …
puisi
pantun
hikayat
syair
Upama ditilik tina wangun atawa strukturna, sisindiran téh kaasup kana wangun …
prosa/puisi
pantun
paparikan
rarakit
Anu kaasup ugeran dina sisindiran nyaéta, iwal …
dina unggal pada diwangun ku opat padalisan
unggul padalisan diwangun engang (suku kata)
purwakanti dina awal atawa ahir padalisan
dina sapadana diwangun ku dua padalisan
Padalisan kahiji jeung kadua dina sisindiran mangrupa …
cangkang
bubuka
eusi
panutup
Padalisan katilu jeung kaopat dina sisindiran mangrupa …
cangkang
bubuka
eusi
panutup
Pada dina sastra Sunda hartina …
bait
baris/jajar
kalimah
kata
Padalisan dina sastra Sunda hartina …
bait
baris/jajar
kalimah
kata
Unggal padalisan dina sisindiran umumna disusun ku …
2 engang
4 engang
6 engang
8 engang
Dumasar sipat jeung eusina, sisindiran aya tilu rupa nyaéta, iwal …
silih asih
piwuruk
sésébréd
pangrumasan
Hampelas raraga jati, palataran babalean. Iklas raga sareng pati, ngabélaan kasaéan. Kaasup wangun …
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Tatarucingan
Sing getol nginum jajamu, nu guna nguatkeun urat. Sing getol néangan élmu, nu guna dunya ahérat. Teks di luhur kaasup wangun sisindiran …
paparikan
rarakitan
wawangsalan
tatarucingan
Teu beunang ditiwu leuweung, teu beunang dipikasono. Wangsalan …
hideung
sawo
kaso
tiwu
Gaya basa sindir (silib) aya tilu tumpa (tahapan) nyaéta, iwal …
ironismeu
sinismeu
sarkasmeu
sadismeu
Saninten buah saninten, Dicandak ka parapatan. Tuluykeun …
abdi badé dihapunten, bilih aya kalepatan
hapunten abdi hapunten, pilihanana seueur salah
abdi nu ngahapunten, bilih aya kalepatan
hapunten abdi hapunten, bilih aya kalepatan
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Sirah butak nyeri huntu katambah aya nu nyabok. Kaasup wanda sisindiran …
silih asih
piwuruk
sésébréd
kanyah
Teka-teki silang (TTS) dina sastra Sunda disebut …
tatarucingan
tarucing garing
tarucing cakra
tebak-tebakan
“Leuh, meni beresih kitu sapatu téh” nilik gaya basa ngomong seukeut, maksudna éta kalimah nyaéta …
hérang
beresih
belewuk
bodas
Tatarucingan dina basa Indonésia sarua jeung …
puisi
pantun
syair
tebak-tebakan
Sipat jeung eusina ngagunakeun papatah atawa naséhat, mangrupa wanda sisindiran …
silih asih
piwuruk
sésébréd
banyol
Naon anu dimaksud biantara …
Pantun
Puisi
Pidato
Carpon
Nyarita di hareupeun balaréa atawa jalma réa téh aya rupa-rupa wangun nyaéta, iwal …
Biantara
Ceramah
Kampanyeu
Monolog
Mana nu teu kaasup téhnik dina nepikeun biantara …
Téhnik talaran
Téhnik dadakan
Téhnik naskah
Téhnik sipil
Téhnik biantara anu ditalar bari teu nyiapkeun naskah heula saméméhna lantaran ngadadak disebut …
Impromptu
Ekstemporan
Manuskrip
Ngapalkeun
Dina nepikeun biantara aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, salah sahijina nyaéta …
Buru-buru
Ngayayay
Jojorowokan
Ngéntép seureuh
Jalma nu ahli biantara disebut …
Provokator
Orator
Narator
Motivator
Ahli biantara ti tanah Sunda nu kakoncara nyaéta …
Hendarso
Oto Iskandar Di Nata
Asep Ejeh
Dangiang Rama Kiwari
Kecap jejer hartina sarua jeung …
Eusi
Amanat
Galur
Judul
Kecap kareueus dina basa Indonésia sarua jeung …
Kebanggaan
Kesenangan
Kebahagiaan
Ketakutan
Kecap nomoman dina basa Indonesia sarua jeung …
Peserta lomba
Rakyat
Pahlawan
Pemuda-pemudi
Poé Basa Indung Internasional dipiélíng unggal ping …
21 Januari
21 Pébruari
21 Maret
21 April
Saha nu netepkeun Poé Basa Indung Internasional téh …
UNIKO
UNISBA
UNESCO
PBB
Perserikatan Bangsa-Bangsa (PBB) ngalangkungan UNESCO kantos nétélakeun kumaha pentingna ngajunjung basa indung. Nu dimaksud basa indung dina éta kalimah nyata …
Urang kudu maké basa indung urang nyataé bahasa Indonésia.
Teu meunang maké basa Sunda lantaran basana kampungan tur ngérakeun.
Urang Sunda kudu ngajunjung lungguh basa Sunda minangka basa indungna.
Urang kudu ngajunjung indung urang.
Nurutkeun Perda No. 14 Taun 2014 ngenaun “Ngamumulé Basa, Sastra, jeung Aksara Daérah” katut Palaturan Gubernur Jawa Barat No. 69 Taun 13 ngenaun pangajaran basa Sunda téh kedah diwulangkeun atawa diajarkeun di sakola-sakola ti kawit …
SD nepi SMP
TK nepi SD
SMP nepi SMA
TK nepi SMA
Undak-usuk basa hartina nyataé …
Tatakrama basa
Gaya basa
Basa wewengkon
Logat ngomong
Ungkara jalma Pancawaluya nyataé …
Cageur, bageur, bener, teu kabalinger, singer
Cageur, bageur, pinter, teu kabalinger, sopan
Cageur, bageur, bener, pinter, tur singer
Cageur, bageur, bener, pinter, teu kabalinger
Lamun nilik kana adegan atawa strukturna, téks biantara biasana ngawengku lima bagéan penting nyataé …
Salam pamuka, bubuka, panutup, salam panutup, doa.
Bubuka, salam pamuka, eusi, salam panutup, panutup.
Salam pamuka, eusi, panutup, salam panutup, doa.
Salam pamuka, bubuka, eusi, panutup, salam panutup.
Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket. Mangrupa mananis basa anu disebut …
Paparikan
Rarakitan
Wawangsalan
Paribasa
Kecap ngamumulé dina sarua (sinonim) jeung, iwal …
miara
ngariksa
ngurus
miceun
Kecap sabalikna (antonim) tina kodomoyo nyaéta …
kalékéd
tanginas
talangké
melid
