wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN DONGENG

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Gambar dihandap ieu anu kaasup kana fabel nyaeta......

a)
b)
c)
d)
e)
2.

Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna

a)

Carpon

b)

Dongéng

c)

Skétsa

d)

Fiksimini

e)

Biografi

3.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng

a)

Parabel

b)

Légénda

c)

Sage

d)

Mite

e)

Babad

4.
Ciri anu mandiri tina carita dongéng téh caritana anu pamohalan, contona …
a)
jalma bisa gelut jeung sato
b)
monyét ngadahar cau
c)
sasatoan bisa nyarita
d)
sato bisa hirup di lembur
e)
Si Kabayan boga mitoha
5.
Ngaran-ngaran wewengkon, gunung atawa patempatan di urang mah sok dipatalikeun jeung hiji dongéng, upamana dongéng Tangkuban Parahu, dongéng Situ Paténgggang, dongéng Situ Bagendit, dongéng Pandéglang, jeung sajaba ti éta, anu umumna kagolong kana dongéng ....
a)
babad
b)
sasatoan
c)
mitos
d)
parabel
e)
sasakala
6.
Di handap ieu mangrupa unsur-unsur intrinsik dongeng, iwal ….
a)
téma
b)
jejer
c)
judul
d)
amanat
e)
palaku
7.

Dongeng nu nyaritakeun asal muasal hiji tempat atawa kajadian disebutna dongeng .....

a)

sasakala

b)

mite

c)

parabel

d)

pamuk

8.

Salasahiji ciri-ciri dongeng dihandap ieu, kajaba....

a)

Anonim

b)

Tradisional

c)

Pamohalan

d)

Kapaluruh nu ngarangna

e)

Sumebarna ngaliwatab lisan

9.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng nyaéta

a)

Sakabéh eusi caritana bohong

b)

Teu jelas anu ngarangna (anonIm)

c)

Sumebarna tatalépa sacara lisan

d)

Ngandung unsur-unsur pamohalan

e)

Awalna kagolong kana sastra tulisan

10.

Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita nyaéta

a)

Téma

b)

Palaku

c)

Purwakanti

d)

Galur

e)

Latar

11.

Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé nyaéta

a)

Sangkuriang kahampangan

b)

Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang

c)

Sangkuriang nyieun parahu

d)

Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang

e)

Sangkuriang saenyana anak raja

12.

Dina dongéng Si Kabayan tokoh anu langka dicaritakeun téh nyaéta

a)

Si Iteung pamajikanana Si Kabayan

b)

Si Atok, anakna Si Kabayan

c)

Mitohana Si Kabayan

d)

Sobatna Si Kabayan

e)

Budakna Si Kabayan

13.

Di Garut katelah pisan hiji carita anu dijudulan (1) Sasakala Situ Bagendit. Ceunah mah luyu jeung ngaran tokohna Nyi Endit anu miboga watek medit. Lamun di Sukabumi katelah pisan ku dongéng (2) Nyi Roro Kidul anu dibarengan ku carita (3) Sasakala Palabuanratu. Sabenerna, lian ti éta dongéng masih kénéh réa dongéng ti Sukabumi téh salasahijina aya dongéng (4) Sasakala Situsukaramé ti Parakansalak. Tapi anu kawéntar di tanah Sunda dugi ka ayeuna mah dongéng (5) Si Kabayan, lian ti caritana ramé, ogé mantak pikaseurieun. Anu mantak pikasediheun naha aya dongéngna? Aya! Masih inget dongeng (6) Budak Pahatu? Mani waas nalika lanceuk jeung adi hirup paduduaan dina ringkang kasusah. Beunghar pisan Sunda téh ku carita dongéngna, ti sabangsaning (7) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet anu silih gitik hayang ngala cabé, aya ogé caritaan bangsa (8) Sireum anu meunang ngalawan Gajah. Ku réana dongéng Sunda anu sumebar mana waé anu kaasup Parabel

a)

1 jeung 3

b)

3 jeung 4

c)

5 jeung 6

d)

7 jeung 8

e)

1 jeung 2

14.

Sanggeus réngsé ngadongéng, Ihsan dibéré koméntar sangkan ulah tegak jeung cicing nalika ngadonéng. Hartina kudu gerak nuturkeun galur carita. Gerakan awak dina basa Sunda nalika ngadongéng disebut

a)

Intonasi

b)

Pepeta

c)

Mimik

d)

Éksprési

e)

Lentong

15.

(1) Caritana jalma biasa

(2) Tokohna mangrupakeun sasatoan

(3) Salasahiji conto dongéngna Siluman Oray

(4) Eusi caritana ngeunaan kapahlawanan

(5) Dongéng anu kawéntarna Si Kabayan


Dumasar ciri-ciri anu disebutkeun di luhur, anu kaasup jenis dongéng Mite jeung Sagé nyaéta

a)

2 jeung 1

b)

3 jeung 2

c)

3 jeung 4

d)

5 jeung 4

e)

1 jeung 5

16.

Unggal soré Abdul mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Abdul. Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut

a)

Téma

b)

Watek

c)

Jejer

d)

Amanat

e)

Palaku

17.
Tidinya geuwat tuluy dibuka. Geus kitu kersana Nu Agung, dumadakan éta beling kabéh jadi duit, aya duit emas, aya ogé duit pérak. Ciri anu nuduhkeun yén éta carita di luhur mangrupakeun sempalan tina dongéng nyaéta …
a)
Caritana teu asup akal
b)
Kaleuleuwihi dina nyaritakeunana
c)
Latarna henteu jelas
d)
Aya patalina jeung Nu Mahakawasa
e)
Teu kanyahoan pangarangna
18.
Anu teu kaasup kana dongéng sasakala nyaéta ....
a)
Gagak hayang kapuji
b)
Gagak jadi hideung
c)
Hayam kongkorongok subuh
d)
Reungit sok disada kana ceuli
e)
Cai laut jadi asin
19.

Gambar di luhur ka asup kana dongeng....

a)

Sasakala

b)

Parabel

c)

Fabel

d)

Sage

e)

Pamuk

20.
Dina hiji dinten, Déwi Sinta hoyong unjukan ka carogéna yén palay nyaba ka bangawan suci Gangga, nepangan para patapa anu kapungkur kantos némbongkeun kasatiaana nalika Rama sareng Sinta ditundung ti nagara. Unsur dominan nu aya dina sempalan dongéng di luhur, nyaéta …
a)
Penokohan
b)
Téma
c)
Latar
d)
Amanat
e)
Alur