NEW
Font size
WorksheetsBasa Sunda Kelas X - Tarjamahan
Total questions: 15
Worksheet time: 1hrs 20mins
Nalika urang nongton pilem nu ngagunakeun basa nu teu dikawasa ku urang, mangka sok aya téks tarjamahan dialog-dialog aktor atawa pamaéna. Éta téks tarjamahan anu aya dina pilem téh sok disebut...
subtitle
tapsiran
eusi nu dikandung
tipografi
retorika
Téks Pembukaan UUD 1945 nepi ka pasal-pasalna geus ditarjamahkeun kana basa Sunda ku Sekretariat Jéndral jeung Kapaniteraan Mahkamah Konstitusi anu gawé bareng jeung Departemén Pendidikan Basa Sunda, FPBS-UPI. Éta hal mangrupa salasahiji tarékah pamaréntah pikeun...
ngamumulé basa Sunda
teu miroséa kana basa Sunda
ngaculkeun basa Sunda
ngalastarikeun basa Sunda
teu maliré kana basa Sunda
Tengetan sempalan sajak di handap!
Aya nu jajaluk nundutan
Gigireun tétécéan
Panto Gedong Merdéka
Padahal tutumpakan
Tingbaliur taya reureuhna
Heunteu puguh dédéngéan
Sempalan sajak di luhur téh geus ditarjamahkeun kana basa Inggris ku Rosidi jeung Mukherjee dina taun 2001. Mana hasil tarjamahanana kana basa Inggris nu luyu jeung éta sempalan...
In Front of the Freedom Building
There is a beggar half asleep
Beside the steps
of the door to the Freedom Building
There is a beggar half asleep
Beside the steps
Of the door to the Freedom Building
While the traffic
Passes to and from ceaselessly
In an unintelligible din
When a loud sound ring out
A car brake too quickly applied
The beggar starts awake
Sits up and feels about
His up-turned bamboo hat still empty
He settles back sleepy
Could be has keeping the dream
The spirit of Bandung
Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan nu tartib nyaéta...
1. Narjemahkeun luyu jeung padika/aturanana
2. Maca téks dina jero haté (maca ngilo)
3. Maham kana galur carita atawa eusi téks nu dipilih
4. Nyiapkeun téks anu rék ditarjamahkeun
5. Mariksa hasil narjamahkeunana
5 – 2 – 3 – 1 – 4
1 – 2 – 5 – 3 – 4
1 – 2 – 5 – 3 – 4
4 – 2 – 3 – 1 – 5
4 – 2 – 3 – 5 – 1
1. Nurutkeun Widyamartaya & Sudiati (2005) wanda tarjamahan téh aya genep, nyaéta
(1) Tarjamahan interlinéar anu narjamahkeun unggal kecapna tur biasana hasil tarjmahanana hésé dipikaharti sabab kekecapan tina basa anyar tapi susunan kecap jeung kalimahna nuturkeun basa sumberna,
(2) Tarjamahan formal (harfiah) tarjamahan tradisional, anu ilaharna mindahkeun basa naskah tina basa sumber bari teu pagu kana kahususan basa sasaran (basa anyar) nepi ka hasil tarjamhanana leuwih ngutamakeun basa aslina sanajan sakapeung hartina karasa kurang merenah dina basa sasaran (anyar),
(3) Tarjamahan dinamis/fungsional (idiomatis), mangrupa prosés mindahkeun basa anu ngutamakeun ma'na anu dikandung tina basa sumberna,
(4) Saduran nyaéta hasil tarjamahan anu sakur mawa amanat atawa eusi caritana wungkul, ari ditepikeunana mah sacara bébas kumaha nu narjamahkeunana,
(5) Tarjamahan budaya anu narjamahkeun ma'na tapi ngaluyukeun jeung kabudayaan sasaran (basa anyar) atawa ngama'naan dumasar kabudayaanana (cultural interpration), jeung
(6) Tarjamahan otomatis anu dina prosés narjamahkeunana ngagunakeun alat pikeun mindahkeun basa naskah (basa sumber) kana basa sasaran (basa anyar).
Tina wanda narjamahkeun di luhur, mana anu biasa digunakeun nalika narjamahkeun hiji basa ka basa séjén sacara langsung ngagunakeuun aplikasi atawa alat narjamahkeun tur hasil tarjamahanana biasana teu pakpak pisan jeung basa sumberna?
tarjamahan otomatis
tarjamahan budaya
saduran
tarjamahan interlinéar
tarjamahan formal
Karya sastra Sunda hasil tarjamahan anu mawa amanat atawa eusi caritana wungkul téh salasahiji karyana nyaéta novél Saija Multatuli. Upama ditengetan, novél Saija Multatuli anu ditarjamahkeun tina salasahiji bab novél Max Havelaar anu judulna Saijah karya Éduard Douwes Dékker anu ditarjamahkeun ku RTA. Soenarja dina narjamahkeunana ngagunakeun wanda tarjamahan…
saduran
tarjamahan otomatis
tarjamhan formal
tarjamhan dinamis/ idiomatis
tarjamhan budaya
Aya tilu kamampuh anu kudu dipibanda ku anu rék narjamahkeun, salasahijina nyaéta kamampuh sosiolinguistik. Pangna nu narjamahkeun kudu mibanda éta kamampuh téh kusabab…
sabisa-bisa hasil tarjamahan téh bisa pakpak pisan jeung ma’na naskah anu rék ditarjamahkeuna
bisa ngalarapkeun basa sumber kana basa sasaran (basa anyar) anu luyu jeung kaayaan masarakatna
basa anyar mibanda diksi (kecap pinilih) anu luyu jeung susunan naskah/téksna (basa asal).
ma’na anu ditepikeunana téh bisa sagemblengna sarwa jeung basa sumberna.
Kalimah anu diruntuy tina kumpulan kecapna miboga amanat atawa eusi nu sarwa jeung téks sumberna.
Dumasar kagunaanana, media pikeun narjamahkeun téh kabagi kana tilu, nyaéta anu gunana pikeun néangan sasaruaan kecap, ayana istilah-istilah husus, jeung nu miboga tujuan umum. Ieu média téh dipikabutuh ku anu rék narjamahkeun, komo deui upamana anu narjamahkeun téh can paham kana salasahiji basana. Tina sempalan di luhur, média naon anu dimaksud…
kamus
kamus istilah
kamus dwibasa
kamus umum
buku
Nalika narjamahkeun, urang bisa ngagunakeun kamus pikeun ngénténgan dina prosés narjamahkeunana anu mibanda rupa-rupa jinis dumasar eusina. Kamus anu cocog dipaké pikeun manggihan hal dina hiji widang paélmuan husus nyaéeta kamus...
umum
istilah
dwibasa
palenggeran éjahan basa Sunda
pakeman basa
Kamus nu aya dina éta gambar kaasup kana kamus jinis...
dwibasa
umum
istilah
palanggeran éjahan basa Sunda
pakeman basa
Mana waé kecap serepan nu saluyu jeung asal kecapna!
(1) Masalah (Arab)
(2) Sihir (Arab)
(3) Aérob (Walanda)
(4) Kartun (Walanda)
(5) Fase (Inggris)
(6) Aerodinamika (Inggris)
(1), (2), (3), (4)
(1), (2), (3), (5)
(1), (2), (3), (6)
(2), (3), (4), (5)
(2), (3), (4), (6),
Mekarna élmu pangaweruh jeung téhnologi, kiwari paribasa nu dipaké nepi ka aya anu meunang narjamahkeun ti basa séjén. Paribasa mana waé anu asup kana hasil tarjmahan ti basa séjén!
(1) Nyaah ka lemah cai sabagéan tina iman
(2) cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
(3) Waktu sarwa jeung duit
(4) Adam lali tapél
(5) Cul dogdog tinggal igel
(6) Aya hurang handapeun batu
(1), (2), (3), (4)
(3), (4), (5), (6)
(1), (3), (4), (6)
(1), (4), (5), (6)
(2), (3), (4), (6)
Tina éta gambar bisa katitén yén mangrupa jinis kamus...
istilah
umum
dwibasa
pakeman basa
palanggeran éjahan basa Sunda
Kecap serepan mana waé anu asalna tina kecap basa Arab teh?
jaman, adan, kias, idin, kuat
jaman, adan, kias, fase, tikét
jaman, adan, kias, pasén, fase
adan, kias, idin, pasén, tikét
adan, kias, idin, kuat, fase
Titénan kecap serepan di handap!
classification --> klasifikasi,
construction --> kontruksi,
cubic --> kubik
central --> séntral,
circulation --> sirkulasi
coelom --> sélom,
cylinder --> silinder
dumasar kana cara nulis kecap serepan tina kecap asalna di luhur. Naon anu bisa ku urang dijadikeun patokan dina ngarobah hurup mimitina jadi "k" atawa "s" sok sanajan kecap asalna sarwa dimimitian huru "c"?
dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup e, i, oe, atawa y robah hurup mimitina tina "c" jadi "k"
dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup e, i, oe, atawa y robah hurup mimitina tina "c" jadi "s"
dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "s"
dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "y"
dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "q"
