Font size
WorksheetsPTS SUNDA X (CARITA BABAD)
Total questions: 20
Worksheet time: 28mins
Carita atawa dongeng anu ngandung unsur sajarah lokal disebutna .....
mitos
legenda
babad
sage
parabel
Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta …
Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu
Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita
Kecap babad asalna tina bahasa Jawa nu hartina …
muka gedong anyar
muka lahan anyar
muka carita anyar
muka kebon anyar
muka sawah anyar
Baca sempalan babad ieu di handap!
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Baca sempalan carita babad ieu di handap!
Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.
Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
Prabu Siliwangi
Prabu Kian Santang
Gagak Lumayung
Bagus Daka
Garantang Sétra
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.
Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
teu boga pamadegan
gedé hulu
daréhdéh
handap asor
wijaksana
Nurutkeun sawatara carita babad, karajaan anu kungsi ngadeg di tatar Sunda teh......
Sriwijaya
Majapahit
Mataram
Pajajaran
Kutai
Salah sahiji ciri ciri dongeng nya eta aya kesan pamohalan. Naon nu di maksud pamohalan teh...
Asup akal
Logis
Pola ngadongengna angger
Sumebarna sacara lisan
Teu asup akal
Carita babad jeung dongéng miboga struktur nu sarua, nyaéta ....
tema, judul, palaku, latar, galur, puseur sawangan, jeung hikmah carita
tema, palaku, latar, galur, amanat jeung gaya basa
tema jeung fakta carita (palaku, latar, galur)
tema, judul, palaku, latar, galur, amanat jeung hikmah carita
tema, fakta carita (palaku, latar, galur), jeung sarana sastra (puseur sawangan, gaya basa)
Ilaharna carita babad di tuliskeun dina wangun ....
téks
puisi
carita
rékaan
prosa
Nu di maksud pamohalan teh nyaeta ....
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu pikaseurieun
Bagian carita anu sederhana
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu teu sampurna
Titénan sempalan carita babad di handap!
Aki Sayang Hawu téh salasaurang kapetengan Geusan Ulun, Raja Sumedang. Ngaran saéstuna mah Jaya Perkosa, tapi leuwih kamashur Sayang Hawu.
Kecap kamashur sarua hartina jeung kecap ....
kasohor
kaalem
kauniga
kabagéakeun
Dipikawanoh
Baca sempalan carita babad di handap!
Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah. Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah. Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit. Pluk murag hareupeun Waliyullah. Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong béntang nu ditémbongkeun ku Batara Narada dina impian téh. Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah.
(Dicutat tina buku cahara Basa)
Kalimat anu ngandung unsur dongéng tina sempalan carita babad di luhur nyaéta ….
Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah.
Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah.
Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit.
Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong béntang nu ditémbongkeun ku Batara Narada dina impian téh.
Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Anu nuduhkeun latar tempat dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Hiji Poé – moro
Moro – panon poé manceran
Hiji poé – panon poé manceran
Sato héwan siga tilem
Turun unggah gunung
Ieu di handap anu henteu kaasup kana carita babad, nya eta......
Babad Cikundul
Babad Sumedang
Babad Galuh
Babad Priangan
Babad Cijulang
Upama ditilik tina eusi caritana nu ngandung unsur sajarah, loba carita babad anu nyaritakeun asal-usul hiji kajadian atawa asal-usul hiji tempat. Dina dongeng, carita anu eusina nyaritakeun asal-usul disebut ...
parabel
fabel
sasakala
mitos
pamuk
Anu kaasup kana conto carita Babad diantarana nyaeta nu disebutkeun di handap ieu, kajaba ...
Babad Galuh
Carios Lampahing Para Wali Kabeh
Carita Perang Cina di Purwakarta
Wawacan Sajarah Galuh
Sasakala Situ Bagendit
Babad Dermayu
Babad Majalengka
Karajaan munggaran di tatar Sunda, nyaeta ....
Tarumanagara
Sunda Sembawa
Galuh
Salakanagara
Kawali
