wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda Kelas 10 (Sajak)

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Kecap-kecap nu dipake dina sajak umumna kecap-kecap nu ngandung harti ...

a)

Konotatif

b)

Denotatif

c)

Majas

d)

gaya basa

2.

Pangarang Sunda anu mimiti ngawanohkeun karya sastra wangun sajak dina kasusastraan Sunda nyaéta…

a)

Wahyu Wibisana

b)

Kis Wiriya Sasmita

c)

Godi Suwarna

d)

Karna Yudibrata

3.

Tengetan ciri-ciri sajak ieu di handap!

(1) Gambaran rasa panyajakna.

(2) Sajak anu ngalalakon.

(3) Sipatna leuwih objéktif.

(4) Aya runtuyan caritana.

(5) Panyajak mibanda kabébasan dina méré tafsiran kana jejer sajakna.

Nu kaasup kana ciri sajak lirik nyaéta dituduhkeun ku nomer ....

a)

1 jeung 4

b)

1 jeung 5

c)

2 jeung 3

d)

3 jeung 4

4.

Salah sahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna...

a)

Pupuh

b)

Sajak

c)

Guguritan

d)

Wawangsalan

5.

Padeukeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah disebutna...

a)

Gaya basa

b)

Kecap nyata

c)

Purwakanti

d)

Wirahma

6.

tengetan istilah ieu dihandap:

a. wangun sajak

b. imaji

c. amanat

d. gaya basa

e. diksi

f. wanda sajak

g. jejer

anu kaasup kana adegan lahir nyaeta...

a)

a,c,f,e

b)

a,b,d,e

c)

b,c,f,g

d)

a,d,e,g

7.

Unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jenglengan rumpaka sajak nyaeta…………

a)

Adegan lahir jeung adegan batin

b)

Wangun sajak (Tifografi) jeung Pilihan kecap (Diksi)

c)

Citraan (Imaji) jeung Gaya Basa (Figuratif)

d)

Purwakanti jeung jejer (Sense)

8.

Nu dimaksud Jejer (Sense) dina adegan batin sajak nyaeta ………..

a)

Poko pikiran anu aya dina sajak

b)

Ngajiwaan eusi sajak ku cara di baca

c)

Sikep panyajak ka nu maca dina ngabalukarkeun suasana nu ka rasa ku nu maca

d)

Pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak

9.

Ieu di handap anu teu kaasup kana adegan batin sajak, nyaeta ………

a)

Tema

b)

Rasa

c)

Imaji

d)

Wirahma

10.

Dumasar kana asal usulna, sajak téh mangrupa karya sampeuran anu jolna tina sastra deungen, nyaéta pangaruh tina bangsa Eropa. Iraha asupna karya sastra sajak nu jadi banda sastra sunda ....

a)

1944

b)

1945

c)

1946

d)

1947