Font size
Worksheetsbahasa sunda kelas 8
Total questions: 45
Worksheet time: 3hrs 47mins
1. Runtuyan mutiara puja tiiran widuri, puji ranggeuyan inten pangalem ungkaban kasugema-sugema, ungkaban pamuja dzat kanu murba wisésa, dzat anu sinenjang kahéman, buktosna héman ka hamba-hambana nyatana Alloh s.w.t.
Salempai kanyaah anu maha welas, sinuat solawat sinareng salam mugia salawasna diwuwuhkeun, ka jungjunan alam nyatana Habibabana Wanabiana Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w, kapara Ahlina, kapara Ashabna, dumugi ka akhir wanci dugi ka urang sadayana salaku umatna, amiiin Ya Alloh Ya Robbalalamina.
Ungkara di luhur kaasup kana bagéan …
Bubuka téks panata acara
Eusi téks panata acara
Ngahaturanan narasumber
Panutup teks panata acara
1. Kadeudeuh ti nu maneuh, kamelang ti nu anggang, réngréngan Komiteu Sakola seja mitutur misaur, seja nyanggakeun gupay pileuleuyan. Ka kersana nu badé ngawakilan ti réngréngan Komiteu Sakola mangga dihaturanan!
Ungkapan di luhur mangrupa babagian tina teks panata acara dina acara……
Halal bihalal
Paturay tineung pupuhu sakola
Miéling milangkala RI ka-66
Milangkala pupuhu sakola nu ka-56
1. Lamun urang rék nyieun téks panata acara, hal anu kudu ditulis pikeun jadi ugeranana, nya éta …
Rangkay karangan
Susunan acara
Bubuka
Ringkesan Acara
Di handap ieu, kaidah – kaidah nu kudu diperhatikeun lamun urang jadi panata acara, iwal …
Lafal sing jéntré
Lentongna merenah
Jedana pas
Pakéan kudu seragam
Nu dijéntrekeun ku panata acara dina acara panutup kaunggel di handap ieu, iwal …
Ngébréhkeun yén acara geus réngsé
Sanduk-sanduk ménta hampura bisi aya kasalahan salila jadi panata acara
Mingpin ngucapkeun hamdallah
Mingpin du’a
1. 1) Laporan panata calagara
2) Pangbagéa ti Komiteu Sakola
3) Pangbagéa
4) Pangbagéa ti Pupuhu Sakola
5) Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
6) Do’a
7) Upacara adat paturay tineung
8) Panutup
Kaidah-kaidah runtuyan acara Paturay Tineung kelas 9 nya éta....
3-1-5-4-6-2-8-7
3-5-1-4-2-6-8-7
3-1-5-4-6-5-2-8
3-5-1-2-4-7-8-6
Acara anu tara dipandu ku panata acara, nya éta …
Sawala (diskusi)
Rapat
Kerja kelompok
Isro Mi’raj
1. Hatur nuhun ka Bapa Kuwu. Tah kitu geuning, eusi béwara dina raraga mapag sasih Ramadhan. Kukituna, hayu urang éstokeun tur laksanakeun naon-naon nu diparéntahkeun ku pak Kuwu.
Ungkara di luhur kaasup kana…
Ngahaturanan ka jalma pikeun biantara
Ngahaturkeun nuhun ka nu tos biantara
Muka acara
Nutup acara
Bilih aya anu badé naroskeun ngeunaan ieu berita, sumangga dihaturanan.
Ungkara di luhur kaasup kana bagian…
Nganuhunkeun ka pamilon nu geus hadir
Pangbagéa
Mere kasempatan pikeun nanya
Ngahaturanan ka jalma pikeun biantara
Conto ungkara dina mungkas acara, nya éta …
Alhamdulillahi robbil alamin. Washolatu wassalamu ala syaidina muhammadin, waala alihi wasohbini wassalam
Maksad riungan ieu acara téh teu aya sanés, réhing aya béwara penting ti bapa kuwu, dina raraga mapag sasih Ramadhan ayeuna, Kukituna hayu urang regepkeun ku sadayana
Ku margi tos teu aya deui nu naroskeun, sinareng éta béwara téh tos kamamhum ku urang sadaya. Urang tutup baé ieu riungan ku bacaan hamdallah sasarengan.
Billahi taufiq wal hidayah, wassalamualaikum warohmatullohiwabarokatuh
Nu kaasup kana kalimah wawaran, nya éta...
Jeung saha Rendi inditna?
Nya ari kitu onaman mah, ngan ulah sakali-kali deui wé!
Ulah miceun runtah didieu!
Mang usep meunang lauk ti Wahangan.
Nu kaasup kana kalimah pananya, nya éta...
Indit ka dituh!
Euleuh, éta mani kalotor kitu
Euleuh-euleuh, éta jang Asep geuning geus jangkung kitu.
Kunaon kamari manéh teu sakola?
1. Ulah ulin kadinya! Mangrupa ungkara kalimah....
Wawaran
Pananya
Paréntah
Panyeluk
“Euleuh-euleuh si Asep meuli motor anyar” Kaasup kana kalimah....
Wawaran
Pananya
Paréntah
Panyeluk
Artikel eusina méré prediksi atawa kamungkinan hal anu baris karandapan dina mangsa nu bakal datang, ngeunaan hiji hal anu aya patalina jeung nu keur dibahas.
Wangenan di luhur mangrupa jenis artikel…..
Déskriptif
Éksplanatif
Prédiktif
Préskriptif
Artikel nu eusina ngandung ajakan, dorongan, atawa paréntah ka nu maca supaya ngalaksanakeun hiji hal.
Wangenan di luhur mangrupa jenis artikel…..
Déskriptif
Éksplanatif
Prédiktif
Persuasi
Nu dimaksud artikel éksplanatif nya éta ….
Tulisan nu eusina ngajéntrékeun hiji masalah
hiji masalahEusina nerangkeun kalawan nepi ka bubuk leutikna ngeunaan
Eusina méré prediksi atawa kamungkinan hal anu baris karandapan dina mangsa nu bakal dating, ngeunaan hiji hal anu aya patalina jeung nu keur dibahas
Eusina ngandung ajakan, dorongan, atawa paréntah ka nu maca supaya ngalaksanakeun hiji hal.
Asal-usul kasenian calung. Jaman baheula para pamuda anu ngamaénkeun calung, nu waktuna téh dina sela-sela pagawéanana. Mangrupa panyelang waktu reureuh tina gawé atawa pikeun ngusir ngagebahan manuk di sawah.
Jejer nu dipedar dina artikel di luhur ngeunaan…..
Asal-usul seni calung
Pamén calung
Pungsi calung
Pagawéan pamaén calung
Di daérah Parung Kabupaten Tasikmalaya aya upacara adat anu disebut tarawangsa. Dina ieu upacara, calung dikolaborasikan jeung waditra nu disebut tarawangsa. Ieu upacara téh dilaksanakeun sabada panén, nu mangrupa wujud tina muji sukur lantaran geus panén kalawan mucekil hasilna.
Téma dina artikel di luhur nya ‘eta…
Géografi
Kasenian
Agama
Pagawéan
Aya dua pamadegan asal usul kecap sawer téh. Kahiji cenah sawér asal kecapna tina awer (awur) lantaran dina upacara sawér dipungkas ku ngawurkeun barang sawéran. Aya deui nu nyebutkeun yén sawér téh asal kecap tina panyawéran, lantaran tempat kagiatan nyawér biasana di tempat panyawéran hareupeun imah nu boga hajat.
Jejer nu dipedar dina artikel di luhur ngeunaan ....
Sawér
Asal usul kecap “sawér”
Tempat nyawér
Barang anu disawérkeun
Nepikeun informasi nu sipatna faktual ngeunaan hiji masalah, boh individual boh kelompok , ka pihak nu tangtu, disebut…
Warta
Laporan
Drama
Novel
Kecap laporan sorangan asalna tina basa latin, tina kecap “reportase” nu hartina …
Mawa dokumen tinulis nu di susun kalawan prosedur nu jentre tur sistematis
Mere nyaho sagala rupa hal kalawan katerangan nu objektip saluyu jeung kaayanana
Nepikeun hiji kagiatan boh individual boh kelompok ka pihak nu tangtu
Nepikeun informasi nu sipatna faktual ngeunaan hiji masalah
Kaidah-kaidah dina nepikeun laporan ka unggal di handap ieu , iwal...
Nangtukeun jejer (topik) laporan
Laporan di tulis kalwan sistematis, saluyu jeung ruruntuyan kajadian
Nyatetkeun unggal kagiatan secara sistematis saluyu jeung hasil panalungtikan
Nyampeurkeun kagiatan nu peunting, jeung nu kurang penting dina laporan
Kalimah dina laporan kudu saluyu jeung papagon di handap ieu , iwal…
Pondok, singget, jentre
Ngagunakeun basa basajan jeung gampil kahartina
Ngagunakeun istilah asing
Merhatikeun etika (sopan santun)
Dina nyusun laporan kagiatan aya sawatara hal nu kudu di perhatikeun, iwal…
Naon nu dilaporkeun
Saha nu ngalaporkeun
Bahasa laporan
Iraha kudu réngsé laporanana
Nurutkeun cara nepikeunana, laporan dibagi dua nya éta…
Laporan kagiatan jeung laporan kaayaan
Laporan kajadian (peristiwa) jeung laporan perjalanan
Laporan hasil rapat jeung samemeh rapat
. Laporan lisan jeung tulisan
Lamun urang nyaritakeun karya wisata ka Jogjakarta nu dlaksanakeun ku SMP, kaasup kana laporan…
Kagiatan
Kaayaan
Kajadian
Lalampahan
Karyawisata dilaksanakeun tanggal 26 nepi ka 29 Januari 2023 kalayan objék wisatana ngawengku: Candi Borobudur, Karaton Jogja, Taman Pintar, Musium Dirgantara, Malioboro jeung Musium Jendral Sudirman.
Ungkara laporan lalampahan di luhur, cocogna dina bagean..
Waktu kagiatan
Objek wisata nu dituju
Waktu jeung objék wisata
Pamilon jeung jumlah beus
Wanci haneut moyan beus anjog ka hareupeun Musieum Geologi.
Latar waktu dina laporan lalampahan di luhur nuduhkeun tabuh...
06.00 WIB
08.00 WIB
12.00wib
16.00 WIB
Anu kaasup kalimah transitif ieu di handap nya éta...
Asep maén bal
Rendi nguseup
Bi Dewi meuli baju ti jogja
Bi Elis keur sasapu
Néng Cici nuju ibak mangrupa kalimah...
Transitif
Intransitif
Parénah
Panyeluk
Palaku anu boga karakter pikaresepeun (picontoeun) dina hiji carita pondok, disebut...
Antagonis
Protagonis
Tritagonis
Kartunis
Kaayaan nu diébréhkeun ku pangarang, misalna suasana hégar, pikasediheun, pikahariwangeun, jsté. Dina hiji carpon mangrupa analisis carpon ...
Latar waktu
Latar tempat
Latar suasana
Latar alam
Sora mobil geus deukeut... barang ngaliwat pisan ka hareupeun imah, kuring bati hanjelu, lantaran nu datang téh lain téngki nu mawa cai, tapi treuk nu ngajual kai keur pabrik.
‘’engke Asar meureun, Dung!’’ ceuk Bapa kawas nu surti kana kahanjelu kuring.
Watek bapa nya éta ....
Hanjelu
Sabar
Gedé kawani
Nyaah
“Ni, cing pangnyokotkeun suluh ti tukangeun imah!” Ema ngagorowok.
“Alim, ah Ma! Kagok….!” Ani ngagorowok ti kamarna.
“Hih, ari manéh, iraha atuh daék tutulung ka indung téh? Teu cara lanceuk manéh, si Andri, daékan!” Saur Ema bari ngaléos rék nyokot suluh.
Watek tokoh Andri kaunggel ku cara….
Langsung dicaritakeun ku pangarang
Ngaliwatan omongan tokoh lian
Paripolah tokoh
Omongan palaku sorangan
Latar atawa setting ngawengku hal di handap ieu, iwal...
Waktu
Tempat
Suasana
Tatarias
Amanat dina hiji karya sastra maksudna...
Hal-hal penting nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca, ngaliwatan paripolah tokoh anu digambarkeun dina carita
Jalan carita, kajadian nu dilalakonkeun
Jiwa pangarang nu jadi patokan poko pangarang dina ngagelarkeun carita
Pasifatan tokoh kapanggih tina ingkah lakuna atawa paripolah tokohna sorangan dina suasana anu tangtu
Di handap ieu buku kumpulan carita pondok, iwal...
Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga
Halimun Peuting karangan Iskandarwasid
Néangan karangan Caraka
Baruang Ka Nu Ngarora karangan Ahmad Bakri
Anu kaasup kana kalimah aktif di handap ieu nya éta...
Jajang dititah nyokot baju.
Rokok téh diudud ku mang Hendi.
Mobil téh dibeuli ku mang Deni.
Manéhna meuli minyak.
Sukuna katincak ku baturna, mangrupa conto kalimah...
Kalimah aktif
Kalimah pasif
kalimah langsung
kalimah teu langsung
Jéntrékeun naon anu dimaksud girang acara ?
Pék jieun hiji teks bubuka panata acara dina salah sahiji acara !
Jéntrékeun naon nu dimaksud Artikel déskriptif jeung artikel Prediktif !
Pék tataan unsur-unsur nu ngawangun carita pondok !
Pék jieun masing-masing 1 kalimah !
a. Kalimah aktif.
b. Kalimah langsung.
