wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SISINDIRAN & KECAP SIPAT XI SMABI

Total questions: 37

Worksheet time: 19mins

Name
Class
Date
1.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana

Dumasar strukturna, sisindiran di luhur ka asup....

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

wawangsalan

d)

tatarucingan

2.

Ka Bandung ge meni ulah

Balik-balik rek ka mana

Ka Bandung arek kuliah

Balik-balik jadi Sarjana

Dumasar eusina, sisindiran di luhur kaasup jenis....

a)

silihasih

b)

sesebred

c)

piwuruk

d)

pangeling

3.

Karya sastra anu ngagunakaeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun nyaḗta....

a)

sisindiran

b)

paguneman

c)

tatarucingan

d)

pangḗling

4.

Cangkang dina paparikan ayana dina padalisan ka . . .

a)

1 jeung 2

b)

1 jeung 3

c)

2 jeung 3

d)

2 jeung opat

5.

Omongan nu teu tog mol disebut . . .

a)

pupujian

b)

sajak

c)

pupuh

d)

sisindiran

6.

Ciri rarakitan nya eta aya kecap anu sarua mimiti dina padalisan.....

a)

ka-1 jeung ka-2

b)

ka-1 jeung ka-3

c)

ka-1jeung ka-4

d)

ka-3 jeung ka-4

7.

Dumasar kana wangun atawa strukturna, sisindiran dibedakeun jadi tilu rupa, nya eta.....

a)

silihasih, piwuruk, sesebred

b)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

c)

paparikan, rarakitan, tatarucingan

d)

paparikan, silihasih, wawangsalan

8.

Sing getol nginum jajamu

nu guna nguatkeun awak

Sing getol neangan elmu

nu guna dunya aherat

Sisindiran di luhur dumasar struktur jeung eusina kaasup wanda/jenis....

a)

rarakitan sesebred

b)

rarakitan silihasih

c)

rarakitan piwuruk

d)

paparikan piwuruk

9.

Abdi mah caruluk Arab

Teu tarima tḗh teuing....

Sisindiran di luhur kaasup wanda....

a)

paparikan

b)

rarakitan

c)

tatrucingan

d)

wawangsalan

10.

Belut sisit saba darat.

Kapiraray siang weungi.

Wangsalna ....

a)

singa

b)

kadal

c)

oray

d)

soang

11.

Meuli hayam ka buruan ,
Balikna mah meuli nangka .
Lamun urang sok ngalawan ,
Pasti asup ka naraka.

Sisindiran di luhur dumasar struktur jeung eusina kaasup wanda .....

a)

rarakitan silihasih

b)

rarakitan piwuruk

c)

paparikan silihasih

d)

paparikan piwuruk

12.

Neang wadah nu teu bolong,
Ngan ditéang laleungitan.
Hate mah teu bisa bohong,
Mun didinya bogoh pisan.

Dumasar struktur jeung eusina sisindiran di luhur kaasup wanda .....

a)

paparikan silihasih

b)

paparikan sesebred

c)

papatrikan piwuruk

d)

rarakitan silihasih

13.

Di handap ieu mangrupakeun conto sisindiran wanda paparikan sesebred, nyaḗta ....

a)

Meuli cabe eujeung babat,
Balikna nyimpang ka Ema.
Urang kudu getol salat,
Salat wajib anu lima.

b)

Kaso pondok kaso panjang,
Kaso ngaroyom ka jalan.
Sono mondok sono nganjang,
Sono papanggih di jalan.

c)

Hayang pisan geura dahar,
Ngan taya rencang sanguna.
Hayang pisan jadi beunghar,
Ngan kudu getol usahana.

d)

Bankuang di kebon cikur,

kelewih jeung buah leunca.

Si Akang ngaku direktur,

kapanggih keur ngabḗca.

e)

Neang wadah nu teu bolong
Ngan ditéang laleungitan
Hate mah teu bisa bohong
Mun didinya bogoh pisan

14.

Tumbila disde boksen,

ditonjokkan ku adina.

Beuki lila beuki ......

tuda geus aya gantina.

Kecap pikeun ngalengkepan sisindiran di luhur nyaḗta ....

a)

cinta

b)

nya'ah

c)

bosen

d)

deudeuh

15.

Kleup mḗngbal ti Itali,

...............................................

Wangsalna: Juvḗntus.

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan wawangsalan di luhur nyaḗta .....

a)

nasib abdi dinyeunyeuri.

b)

moal betus nyimpen rusiah.

c)

sahatḗ sareng panutan.

d)

teu kedah bimbang salempang.

16.

Kleup mengbal kareueus Bandung,

nasib abdi dinyeunyeuri

a)

Persari

b)

Persib

c)

Pernas

d)

Parodi

e)

Peradin

17.

Ulah liwat gang Sḗngon mun balik tos magrib. Acan aya lampu jadi wḗ sajajalan poḗk .....

a)

mongklḗng

b)

ngagebay

c)

kanyas

d)

ngawang-ngawang

e)

ngagedod

18.

Cai wahangan tḗh mani hḗrang ....

a)

nyempring

b)

kadeplik

c)

ngagenclang

d)

ngempray

e)

meles

19.

Opak sampeu tḗh mani ipis....

a)

kadeplik

b)

campernik

c)

ngawang-ngawang

d)

euceuy

e)

nyempring

20.

Suster di RS PMI Bogor pake baju bodas ....

a)

euceuy

b)

kayas

c)

ngagedod

d)

meles

e)

nyacas

21.

Nḗng Windy tḗh rupana sageulis artis sinḗtron

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

persuasif

e)

akuratif

22.

Nḗnḗng tḗh rupana sarua geulisna jeung adina

a)
ekuatif
b)
komparatif
c)
superlatif
d)
normatif
e)
kualitatif
23.

Sapatu Pa Asḗp leuwih gedḗ ukuranna batan sapatu Pa ubay

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

normatif

e)

akuratif

24.

HP iphone leuwih mahal hargana batan HP android

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

kualitatif

e)

normatif

25.

Nanang tḗh budak panggalakna di kelas

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

akuratif

e)

normatif

26.

Novel Laskar Pelangi eusina tḗh pohara alusna, buktina loba nu mareuli

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

normatif

e)

akuratif

27.

Sagalak-galakna maung moal ngahakan anakna

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

normatif

e)

akuratif

28.

Kabaya warna euceuy kacida alusna mun dipakḗ ku Nḗng Novia nu geulis tḗa

a)

ekuatif

b)

komparatif

c)

superlatif

d)

normatif

e)

kualitatif

29.

Sakola abdi ngabogaan lingkungan anu bersih sarta endah, salian eta hawana sejuk lantaran sakola abdi ayana ditempat anu jauh tina polusi sapertos jalan raya sarta pabrik.

Anu teu kaasup kecap sipat ti wacana di luhur nyaḗta ....

a)

sakola

b)

bersih

c)

ḗndah

d)

sejuk

e)

jauh

30.

Ari nu lucu mah si Robt, budakna gendut, keur nangtung di payun téh beungeutna mani bereum bakating ku ra panginten. Robet kasima, teu tiasa nyarios, kalah cicing baé jiga nu rék ceurik.

Anu teu kaasup kecap sipat tina wacana di luhur nyaḗta ....

a)

gendut

b)

beureum

c)

kasima

d)

nyarios

e)

lucu

31.

Di handap ieu nu teu kaasup kecap sipat wanda ekuatif nyaeta....

a)

Windy rupana sageulis artis sinetron

b)

Atta Halilintar sarua beungharna jeung Raffi Ahmad

c)

Neng Nia sagetn Mia dina diajar matematika

d)

Dedegna Rika sami alitna sareng rayina

e)

Arsyad panggetolna solat di masjid

32.

Kalimah anu ngandung kecap sipat komparatif nyaḗta....

a)

Buah nangka saamis buah durḗn

b)

Lutung tḗh warna kulitna hideung meles

c)

Mun ditingali dina rupana mah najan kembar tapi Yusuf langkung kasḗp batan Yosḗf

d)

Dumasar hasil ulangan harian minggu kamari, nilai Sahnur pangpunjulna di kelas ieu

e)

Baju seragam guru SMA Bina Insani poḗ Salasa hḗjo ngagedod

33.

Di handap ieu kalimah anu teu luyu dina ngagunakeun kecap sipat, nyaḗta...

a)

Kaluna makḗ tas warnana beureum euceuy

b)

Hadḗ, mun peuting ngaliwatan geng Sḗngon lampu jalanna sok pareum, jadi wḗ sapapanjang jalan poḗk mongklḗng

c)

Buku nu diinjeum Zia di perpustakaan mani ipis kadeplik

d)

Buuk Malik mah mani hideung meles

e)

Baju bodas nyacas saha nu digantung di tukangeun panto kamar mandi tḗh?

34.

Di handap ieu nu teu kaasup kecap sipat wanda superlatif nyaḗta....

a)

Langlayangan tḗh dipentangkeun ku Adzaki nepi ka luhur ngawang-ngawang

b)

Iasha sarua rajinna jeung Zahiya dina ngarḗngsḗkeun tugas-tugas

c)

Baju nu dipakḗ Fadya poḗ Sabtu kamari konḗng umyang

d)

Sakola kuring pangkasohorna di Kota Bogor

e)

Rumaos da abdi mah jalmi paling bodo di kelas ieu

35.

Di handap ieu anu diistilahkeun 'engang' dina sisindiran di handap ieu nyaḗta....

Ulah sok ngalaan huni
Bisi beunang kunu boga
Kadé ulah wani-wani
Ka kolot matak doraka

a)

Ulah sok ngalaan huni
Bisi beunang kunu boga
Kadé ulah wani-wani
Ka kolot matak doraka

b)

Ulah sok ngalaan huni
Bisi beunang kunu boga

c)

Kadé ulah wani-wani
Ka kolot matak doraka

d)

Ka-ko-lot- ma-tak-do-ra-ka

e)

Padeukeutna sora (huruf vokal) dina unggal tungtung padalisan

36.

Anu kaasup paribasa panyaram lampah salah nya eta...

a)

cul dogdog tinggal igel

b)

kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

c)

cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

d)

ayakan mah tara meunang kancra

37.

anu kaasup paribasa wawaran luang nya eta...

a)

kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan

b)

ngeupeul ngahuapan maneh

c)

ayakan mah tara meunang kancra

d)

cul dogdog tinggal igel