wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Uji Kompeténsi Bab. 1

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Téks Pembukaan UUD 1945 nepi ka pasal-pasalna geus ditarjamahkeun kana basa Sunda ku Sekretariat Jéndral jeung Kapaniteraan Mahkamah Konstitusi anu gawé bareng jeung Departemén Pendidikan Basa Sunda, FPBS-UPI. Éta hal mangrupa salasahiji tarékah pamaréntah pikeun...

a)

ngamumulé basa Sunda

b)

teu miroséa kana basa Sunda

c)

ngaculkeun basa Sunda

d)

ngalastarikeun basa Sunda

e)

teu maliré kana basa Sunda

2.

Lengkah-lengkah nyieun tarjamahan nu tartib nyaéta...

1. Narjemahkeun luyu jeung padika/aturanana

2. Maca téks dina jero haté (maca ngilo)

3. Maham kana galur carita atawa eusi téks nu dipilih

4. Nyiapkeun téks anu rék ditarjamahkeun

5. Mariksa hasil narjamahkeunana

a)

5 – 2 – 3 – 1 – 4

b)

1 – 2 – 5 – 3 – 4

c)

1 – 2 – 5 – 3 – 4

d)

4 – 2 – 3 – 1 – 5

e)

4 – 2 – 3 – 5 – 1

3.

Nalika urang nongton pilem nu ngagunakeun basa nu teu dikawasa ku urang, mangka sok aya téks tarjamahan dialog-dialog aktor atawa pamaéna. Éta téks tarjamahan anu aya dina pilem téh sok disebut...

a)

subtitle

b)

tapsiran

c)

eusi nu dikandung

d)

tipografi

e)

retorika

4.

Karya sastra Sunda hasil tarjamahan anu mawa amanat atawa eusi caritana wungkul téh salasahiji karyana nyaéta novél Saija Multatuli. Upama ditengetan, novél Saija Multatuli anu ditarjamahkeun tina salasahiji bab novél Max Havelaar anu judulna Saijah karya Éduard Douwes Dékker anu ditarjamahkeun ku RTA. Soenarja dina narjamahkeunana ngagunakeun wanda tarjamahan…

a)

saduran

b)

tarjamahan otomatis

c)

tarjamhan formal

d)

tarjamhan dinamis/ idiomatis

e)

tarjamhan budaya

5.

Aya tilu kamampuh anu kudu dipibanda ku anu rék narjamahkeun, salasahijina nyaéta kamampuh sosiolinguistik. Pangna nu narjamahkeun kudu mibanda éta kamampuh téh kusabab…

a)

sabisa-bisa hasil tarjamahan téh bisa pakpak pisan jeung ma’na naskah anu rék ditarjamahkeuna

b)

bisa ngalarapkeun basa sumber kana basa sasaran (basa anyar) anu luyu jeung kaayaan masarakatna

c)

basa anyar mibanda diksi (kecap pinilih) anu luyu jeung susunan naskah/téksna (basa asal).

d)

ma’na anu ditepikeunana téh bisa sagemblengna sarwa jeung basa sumberna.

e)

Kalimah anu diruntuy tina kumpulan kecapna miboga amanat atawa eusi nu sarwa jeung téks sumberna.

6.

Dumasar kagunaanana, media pikeun narjamahkeun téh kabagi kana tilu, nyaéta anu gunana pikeun néangan sasaruaan kecap, ayana istilah-istilah husus, jeung nu miboga tujuan umum. Ieu média téh dipikabutuh ku anu rék narjamahkeun, komo deui upamana anu narjamahkeun téh can paham kana salasahiji basana. Tina sempalan di luhur, média naon anu dimaksud…

a)

kamus

b)

kamus istilah

c)

kamus dwibasa

d)

kamus umum

e)

buku

7.

Kamus nu aya dina éta gambar kaasup kana kamus jinis...

a)

dwibasa

b)

umum

c)

istilah

d)

palanggeran éjahan basa Sunda

e)

pakeman basa

8.

Mana waé kecap serepan nu saluyu jeung asal kecapna!

(1) Masalah (Arab)

(2) Sihir (Arab)

(3) Aérob (Walanda)

(4) Kartun (Walanda)

(5) Fase (Inggris)

(6) Aerodinamika (Inggris)

a)

(1), (2), (3), (4)

b)

(1), (2), (3), (5)

c)

(1), (2), (3), (6)

d)

(2), (3), (4), (5)

e)

(2), (3), (4), (6),

9.

Mekarna élmu pangaweruh jeung téhnologi, kiwari paribasa nu dipaké nepi ka aya anu meunang narjamahkeun ti basa séjén. Paribasa mana waé anu asup kana hasil tarjmahan ti basa séjén!

(1) Nyaah ka lemah cai sabagéan tina iman

(2) cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok

(3) Waktu sarwa jeung duit

(4) Adam lali tapél

(5) Cul dogdog tinggal igel

(6) Aya hurang handapeun batu

a)

(1), (2), (3), (4)

b)

(3), (4), (5), (6)

c)

(1), (3), (4), (6)

d)

(1), (4), (5), (6)

e)

(2), (3), (4), (6)

10.

Tina éta gambar bisa katitén yén mangrupa jinis kamus...

a)

istilah

b)

umum

c)

dwibasa

d)

pakeman basa

e)

palanggeran éjahan basa Sunda

11.

Kecap serepan mana waé anu asalna tina kecap basa Arab teh?

a)

jaman, adan, kias, idin, kuat

b)

jaman, adan, kias, fase, tikét

c)

jaman, adan, kias, pasén, fase

d)

adan, kias, idin, pasén, tikét

e)

adan, kias, idin, kuat, fase

12.

Titénan kecap serepan di handap!

classification --> klasifikasi,

construction --> kontruksi,

cubic --> kubik

central --> séntral,

circulation --> sirkulasi

coelom --> sélom,

cylinder --> silinder

dumasar kana cara nulis kecap serepan tina kecap asalna di luhur. Naon anu bisa ku urang dijadikeun patokan dina ngarobah hurup mimitina jadi "k" atawa "s" sok sanajan kecap asalna sarwa dimimitian huru "c"?

a)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup e, i, oe, atawa y robah hurup mimitina tina "c" jadi "k"

b)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup e, i, oe, atawa y robah hurup mimitina tina "c" jadi "s"

c)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "s"

d)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "y"

e)

dina kecap asalna, hurup c anu dituturkeun ku hurup a, o, atawa u, robah hurup mimitina tina "c" jadi "q"

13.

Kamampun dina ngama’naan atawa ngahartikeun maksud omongan dina narjamahkeun disebut kamampuh....

a)

soiolinguistik

b)

semantik

c)

gramatikal

d)

leksikal

e)

linguistik

14.

Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab nyaéta....

a)

abdi

b)

iman

c)

ahlak

d)

agama

e)

taqwa

15.

Prosés narjamakeun téh dimimitian ku ....

a)

mariksa téks asli, narjamahkeun, ngawangun deui hasil tarjamahan

b)

mariksa téks asli, narjamahkeun, narjamahkeun deui make kamus

c)

mariksa téks asli, mariksa hasil tarjamahan, narjamahkeun

d)

mariksa téks asli, teu narjamahkeun, teu mariksa deui

e)

mariksa téks asli, mindahkeun hasil narjamahkeun, mariksa teks asli tarjamahan

16.

Kalimah “saya pergi ke pasar”, upama ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi ....

a)

Abdi indit ka pasar

b)

Abdi mios ka pasar

c)

Abdi angkat ka pasar

d)

Kuring mios ka pasar

e)

Kuring angkat ka pasar

17.

Kecap kecap basa sunda anu hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia. Nyaéta kecap. . .

a)

Pangantét

b)

Paréntah

c)

Panyambung

d)

Panganteur

e)

Sulur

18.

Paribasa nu mangrupa tarjamahan tina basa Indonésia. Nyaeta. . . .

a)

Adam lali tapel

b)

Wong becik ketitik wong ala ketara

c)

Waktu sarua jeung duit

d)

Aya hurang handapeun batu

e)

Gindi pikirbelang bayang

19.

Aturan nuliskeun basa serepan anu bener, iwal. . .

a)

Haemoglobin ditulis Hémoglobin

b)

Castra ditulis Sastra

c)

Khusyu ditulis Husu

d)

Phrase ditulis Frase

e)

Fase ditulis Pase

20.

Titénan kalimah dihandap, pilih anu bener tur merenah

a)

Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa. Ku sabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun lantaran teu luyu jeung perikamanusaan jeung perikaadilan.

b)

Saéstuna kamerdékaan téh hak sagala bangsa. Ku sabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun lantaran teu luyu jeung perikamanusaan jeung perikaadilan.

c)

Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa. Ku sabab kitu, panjajahan di luhur dunya kudu dimusnahkeun lantaran teu luyu jeung perikamanusaan jeung perikaadilan.

d)

Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa. Ku sabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun sabab teu sesuai jeung perikamanusaan jeung perikaadilan.

e)

Saéstuna kamerdékaan téh hak sakumna bangsa. Ku sabab kitu, panjajahan di sakuliah dunya kudu dimusnahkeun lantaran teu luyu jeung perikemanusaan jeung perikeadilan.