NEW
Font size
WorksheetsCarita Babad Paper Mode
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
henteu beunang dicekel kabeneran dokumentasina
palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah
sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta …
Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita
Carita babad nu ditulis dina wangun puisi mangrupa....
wawacan
kawih
sajak
dongeng
Kecap babad asalna tina bahasa Jawa nu hartina …
muka gedong anyar
muka lahan anyar
muka carita anyar
muka sawah anyar
Baca sempalan babad ieu di handap!
(1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah.
Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
(1)
(2)
(3)
(4)
Baca sempalan carita babad ieu di handap!
Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.
Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
Prabu Siliwangi
Prabu Kian Santang
Gagak Lumayung
Bagus Daka
Baca sempalan babad ieu di handap!
Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada.
Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
teu boga pamadegan
gedé hulu
handap asor
wijaksana
Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut puseur sawangan. Puseur sawangan nya eta......
Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu
Inti pikiran atawa puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi
Kecap "perlaya" sok aya pikeun ngajelaskeun tokoh dina carita babad, anu miboga harti......
Maot
Hirup
Gering
Sehat
“Kéan santang téh putra prabu siliwangi anu katelah gagah tur sakti. Di Pajajaran, malah di Pulo Jawa teu aya hiji ogé jalma anu bisa nandingan kasakténna.”
Sempalan carita babad di luhur ditulis dina wangun....
Prosa
Puisi
Drama
Laporan
Carita wanda heubeul nu medar perkara hiji kajadian penting atawa ngeunaan asal – usul atawa carita ayana hiji tempat anu ngandung ajen sajarah jeung ngandung unsur dongeng disebutna ....
Carita Pondok
Carita Babad
Carita Novel
carita naskah
Carita babad acan bisa diaku sumber sajarah lantaran
Ngandung fakta sajarah
Ditulis dina wangun karya ilmiah
Ngandung unsur pamohalan
Puguh waktuna
Babad Asalna tina basa ….., anu hartina muka lahan anyar (ngababakan, nyieun lembur anyar, nyeun wilayah anyar), atawa nuar tangkal.
Sunda
Jawa
Bali
Malayu
Struktur carita babad nya éta ...
Téma, amanat, gaya basa, galur, palaku, latar.
Téma, amanat, palaku,latar, galur, puseur sawangan.
Amanat, palaku, galur, purwakanti, puseur sawangan.
Palaku, latar, galur, tema, amanat, puseur sawangan, diksi.
Baca sempalan carita babad di handap!
Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah. Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah. Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit. Pluk murag hareupeun Waliyullah. Prabu Siliwangi ngajenghok, ceuk pikirna, ieu pisan kongkorong béntang nu ditémbongkeun ku Batara Narada dina impian téh. Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah.
Kalimat anu ngandung unsur pamohalan tina sempalan carita babad di luhur nyaéta ….
Kocapkeun Prabu Siliwangi geus cunduk ka Nagri Mekah.
Kabeneran manéhna patepung jeung Waliyullah.
Harita kénéh kongkorong béntang téh turun ti langit.
Basa rék dicokot, éta kongkorong téh geus dicokot mantén ku Waliyullah
Tokoh antagonis sok di sebut oge ...
Tokoh pikaresepen
Tokoh adil
Tokoh bageur
Tokoh jahat
Nyi putri surti binekas,
Ningali carogé sedih
Hoyongeun maréntah jalma
Haturan budina manis
Nun gusti ulah sedih
Sim kuring seja jumurung
Malah sim kuring meunang
Wangsit lahir bapa kuring
Yén gamparan baris nurunkeun manusa
Sempalan carita babad di luhur ditulis dina wangun....
carita
wawacan
lancaran
prosa
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Saha nu jadi palaku utama tina sempalan Babad di luhur?
Rama na
Prabu Niskala Wastu Kancana
Prabu Wangi
Buni sora
Boh ramana boh pamanna kamashur raja nu jujur, wijaksana, tur pengkuh nyekel jeung ngajalankeun agama. Sikep sarupa kitu téh turun Ka Prabu Niskala Wastu Kancana, malah aya leuwihna dibekelan élmu katut kasantikaanana loba pisan. Ku kituna Prabu Niskala Wastu Kancana ageung jasana, boh dina urusan lahiriah boh dina urusan batiniah. Sababaraha hasil garapan, kawijaksanaan, jeung sipat pribadina dicatet dina Prasasti Kawali jeung Naskah Carita Parahiyangan...
Sempalan carita di luhur mangrupa gambaran ....... Prabu Niskala Wastu Kancana
pasipatan
jejer
puseur sawangan/sudut pandang
amanat
Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...
Bagian carita anu kaharti ku akal
Bagian carita anu logis
Bagian carita anu teu kaharti ku akal
Bagian carita anu deskripsina jelas
