wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Basa Sunda Kelas XI Carpon

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Carpon teh singkatan tina ....

a)

Carita pondok

b)

Carita singket

c)

Carita padet

d)

Carita jelas

e)

Carita merenah

2.

Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna

a)

Carpon

b)

Dongéng

c)

Skétsa

d)

Fiksimini

e)

Biografi

3.

Salian ti sumebar sacara tinulis, carpon ogé miboga ciri...

a)

anonim

b)

unsurna réalis atawa enya-enya bisa kajadian

c)

faktual

d)

galurna ngarancabang

e)

tokohna réa

4.

Alur atawa plot téh runtuyan peristiwa-peristiwa anu silih sinambung, nepi ka ngawangun runtuyan carita anu gembleng. Umumna alur téh dibagi kana tilu jenis, di antarana nyaéta...

a)

konflik

b)

klimaks

c)

antiklimaks

d)

maju

e)

alur waktu

5.

Carpon jeung dongéng téh béda. Salah sahiji pangbéda antara carpon jeung dongéng téh nyaéta...

a)

dongéng aya pangarangna, carpon euweuh

b)

dongéng réalis, carpon pamohalan

c)

carpon réalis, dongéng pamohalan

d)

dongéng leuwih panjang batan carpon

e)

carpon palakuna réa, dongéng palakuna saeutik

6.

Mana anu lain unsur intrinsik tina carpon

a)

téma

b)

alur

c)

tokoh

d)

kasang tukang pangarang

e)

amanat

7.

Naon nu jadi ukuran pondok dina carpon, iwal...

a)

5-10 kaca

b)

dibaca 10-15 menit

c)

sakaca dina koran

d)

sakaca dina buku

e)

500-1000 kecap

8.

carpon téh kaasup wangun lancaran nyaéta...

a)

boga struktur carita

b)

caritana pamohalan

c)

teu kapaluruh nu ngarangna

d)

sumebar sacara tinulis

e)

diréka siga enya-enya kajadian

9.

anu kaasup latar dina carpon di handap ieu nyaéta...

a)

alur

b)

suasana

c)

kajadian

d)

palaku

e)

téma

10.

anu teu kaasup kana rarangka karangan dina carita pondok nyaéta...

a)

résolusi

b)

komplikasi

c)

panutup

d)

pamuka

e)

flashback

11.

Unsur carpon Anu jadi sumber carita disebut....

a)

tema

b)

latar

c)

alur

d)

palaku

12.

Dina unsur carpon jalma-jalma anu aya dina carita disebut...

a)

tema

b)

palaku

c)

latar

d)

alur

13.

Dina unsur carpon aya katerangan tempat, waktu, suasana disebut...

a)

palaku

b)

amanat

c)

watek

d)

latar

14.

Dina unsur carpon aya pesan anu ditepikeun ku pangarang disebut....

a)

watek

b)

alur

c)

amanat

d)

palaku

15.

Dina unsur carpon aya Jalan carita anu disebut...

a)

palaku

b)

watek

c)

alur

d)

amanat

16.

Anu henteu kaasup kana unsur-unsur carita dina carpon, nyaeta....

a)

wangun karanganna pondok

b)

sifat caritana naratif jeung fiktif

c)

palaku caritana kaitung rea

d)

eusina kaharti ku akal atawa realistis

e)

biasana nyaritakeun hiji kajadian

17.

Latar teh dibagi tilu, nyaeta ....

a)

kajadian, waktu, jeung suasana

b)

tempat, waktu, jeung suasana

c)

kajadian, suasana, jeung waktu,

d)

tempat, kajadian, jeung suasana

18.

Kalimah dihandap nu teu kaasup kalimah aktif nyaeta ....

a)

Neng Rika nuju maca buku di perpustakaan.

b)

Kuring dipangmeulikeun sapatu anyar ku Emak.

c)

Ani mangmawakeun buku paket anu ibu guru.

d)

Ucing hideung nyakar leungeunna Mang Kurdi

19.

Siti sumping di sakola pas pisan bél disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola. Karék gé rék asup ka kelas, salah saurang réncangna ngagorowok tarik pisan, “Siti! Kabiasaan ih telat waé. Matakan mun angkat ka sakola téh ari teu boga motor mah naék angkot, béh teu kabeurangan. Untung wé can aya guruna.” Siti cicing teu némbalan cariosan réncangna. Hayangna mah kitu Siti gé, mung anjeunna kudu hémat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.

Palaku utama dina carpon eta nyaeta ....

a)

Siti

b)

rerencangan Siti

c)

anjeunna

d)

guru Siti

20.

Isukanana, Siti angkat ka sakola subuh kénéh. Langit gé poék kénéh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yén anjeunna moal kabeurangan deui.

            Anéhna, poé éta jalan téh macét. Kandaraan taya nu maju. Kitu ogé kandaraan réréncangan Siti, taya nu maju hiji gé. Teras wé Siti mapah di sisi jalan. Di tungtung jalan, katingali ku Siti yén di jalan téh keur dibenerkeun, éta anu nyababkeun macét. Untung wé Siti teu naék angkot.

Latar waktu jeung tempat nu aya dina carpon eta nyaeta...

a)

Isuk-isuk, di jalan

b)

Isuk-isuk, di imah siti

c)

beurang, di imah siti

d)

beurang, di sakola

e)

isuk-isuk, di sakola

21.

Leungeun Nini Jumsih ngusapan sirah si Sujang “ Heug lamun hayang langlayangan mah engke ku nini dibere…”, awak si Sujang nyarande kana awak Nini Jumsih, leungeunna tetep ngusapan sirah si Sujang, kadeudeuh kanu jadi incu majarkeun sok leuwih tibatan kanu jadi anak.

Nini Jumsih jung nangtung, reketek mageuhan samping bari rada disingsatkeun.

Kumaha karakter Nini Jumsih dina carpon eta teh?

a)

Nyaahan

b)

galak

c)

hariwangan

d)

ngogo incu

22.

Leungeun Nini Jumsih ngusapan sirah si Sujang “ Heug lamun hayang langlayangan mah engke ku nini dibere…”, awak si Sujang nyarande kana awak Nini Jumsih, leungeunna tetep ngusapan sirah si Sujang, kadeudeuh kanu jadi incu majarkeun sok leuwih tibatan kanu jadi anak.

Nini Jumsih jung nangtung, reketek mageuhan samping bari rada disingsatkeun

“…Sujang maneh mah cicing didieu,…dagoan nini nya…”, Nini Jumsih tangtanggahan ningalian langlayangan nu ngoleang.

Palaku utama dina carpon eta nyaeta...

a)

Si Sabri

b)

Si Sujang

c)

Nini Jumsih

d)

Incu Nini

23.

Abdi jeung Ahmad sasarengan angkat ka bumi Asep dinten Minggu sore kanggo ngadamel endog gulung. Artos sadayana parantos disiapkeun samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna.

Teu pati ngantosan lami, Ahmad jeung Asep angkat meser bahan-bahan ka warung sedengkeun abdi ngantosan di bumi Asep sabari nyiapkeun alat-alatna. Tau kungsi lila, Ahmad jeung Asep torojol uih ti warung.

Galur nu dipake dina carpon eta nyaeta ....

a)

merele

b)

flashback

c)

bobok tengah

24.

Salajengna, kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah Batu, ngempel ngarayakeun wengi pergentosan taun.

Abdi jeung kulawarga  angkat ti hotel alun-alun kinten-kinten tabuh lima sore margi sieun macet di jalanna. Dugi ka bumi pun ua pas azan Isya.

Kinten-kinten tabuh 9 wengi acara dikawitan meuleum sate jeung beuleum ketan dicocol ku sambel oncom.

Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame tingbaranyay di langit, endah pisan katingalna.

Kaleresan bumi pun ua di tengah kota jadi katingali jelas.

Latar waktu anu aya dina carpon eta nyaeta...

a)

kaping 31 Desember, tabuh 5 sore, tabuh 9 wengi

b)

hotel alun-alun, tabuh lima sore

c)

bumi pun ua, tabuh 9 wengi

d)

wengi pergentosan taun, bumi ua

25.

Kecap mikawanoh dina carpon eta nlamun ditarjamahkeun kana Bahasa Indonesia hartina....

a)

kenalan

b)

memperkenalkan

c)

mengenali

d)

mengenalkan