wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Penilaian Harian Bahasa Sunda kelas VI 2023/2024

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Karangan dina wangun lancaran (prosa) anu ukuranana pondok disebutna...

a)

dongeng

b)

sketsa

c)

carpon

d)

carita wayang

2.

Kalimah di handap ieu anu salah nulis huruf kapital, nyaeta...

a)

Dudi sakelas jeung Wandi

b)

Dimana bumina Pa Udin teh?

c)

Bapa nembe mulih ti jakarta

d)

Bu Santi nuju ngawulang basa Sunda

3.

...ku puyeng Mak Icih ngagubrag.

a)

aya

b)

lamun

c)

najan

d)

bakating

4.

Ngajual dagangan henteu meunang bati disebatna .....

a)

untung

b)

riba

c)

rugi

d)

bati

5.

Murid-sadayana-kelas-naraek

Kecap di luhur disusun jadi kalimah anu merenah nyaeta .....

a)

Sadayana murid naraek kelas

b)

Naraek sadayana kelas murid

c)

Naraek murid kelas sadayana

d)

Sadayana kelas naraek murid

6.

Tanda baca anu dipake pikeun ngaganti kecap "atawa" nyaeta .....

a)

Gurat condong

b)

Kekenteng

c)

Panyeluk

d)

Pananya

7.

Urang wajib miéling poé kamerdékaan. Miéling hartina ....

a)

Ngingetkeun

b)

Diingetkeun

c)

Nginget-nginget

d)

Silih ingetkeun

8.

Manuk Leutik dina Kurung

(Kénging: Ano K.)

Aya manuk dina régang

silih témbalan. Di buruan

geus caang. Susumputan dina daun

Mani récét. Taya nu ngaharu biru

Manuk piit, manuk kacamata.

Aya cangkurileung hiber ngabring

bari disada luhur suhunan

Aya manuk dina kurung

Uclak-aclok. Ngagantung

kurung dina gantungan

di buruan

Manuk leutik uclak-aclok

dina régang nyarumput

jeung macokan hileud

Manuk leutik uclak-aclok

noong langit tina kurung leutik

dicetrékan dihéotan

Naon anu dicaritakeun dina éta sajak téh?

a)

manuk leutik dina kurung

b)

manuk piit manuk kacamata hideung

c)

Aya cangkurileung hiber ngabring

bari disada luhur panto

d)

Manuk leutik uclak-aclok

dina régang nyarumput

jeung macokan hayam

9.

Wapalla “Pikiran Rakyat”

Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu

Wadah Penggiat Lingkungan Hidup dan Pecinta Alam (Wapalla)

Harian Umum Pikiran Rakyat ngaleupaskeun 1000 tukik di basisir

Pangumbahan, Ujung Genténg, Sukabumi, poé Saptu, 9 Novémber

2013. Bakti sosial ieu téh témana “Love sea turtle, love earth” minangka

pangrojong kana konservasi penyu héjo (chelonia mydas), di laut

pakidulan Sukabumi. Éta kagiatan téh diiluan ku kurang leuwih saratus

karyawan koran Pikiran Rakyat.

Tukik atawa bayi penyu téh kaluar tingarugil tina liang penetasan nu

dikokolakeun ku Dinas Kelautan dan Perikanan Kabupaten Sukabumi, 16

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SD/MI Kelas VI

UPTD Konservasi Pangumbahan. Anak penyu téh dileupaskeun

pasosoré dina wanci panonpoé surup.

“Tugas konservasi penyu laut téh saenyana mangrupa tugas

saréréa. Ka singsaha anu maliré, boh sacara pribadi, boh sacara

organisasi, geus lain deui anu sipatna kalangenan (hobi) tapi kudu

geus jadi kawajiban.

Direktur Bisnis Pikiran Rakyat, ngarojong pisan konservasi penyu

jeung deuih ngajak ka masarakat ka sakumna organisasi supaya milu

aktif ngajaga lumangsungna kahirupan penyu.

Nurutkeun ketua Wapalla, kagiatan bakti sosial téh dina raraga

miéling Hari Pahlawan 10 November. Nu kasebut pahlawan Indonesia

téh kaasup ogé jalma-jalma anu miroséa tur ngajaga lingkungan.

(Disarungsum tina: bacaan Wapalla “PR” Melepas Seribu Bayi Penyu,

Pikiran Rakyat, 11 November 2013)

organisasi naon

baé nu miroséa kana penyu téh?

a)

Wadah penggiat Lingkungan Hidup Penyu

b)

Wadah Penggiat Lingkungan Hidup dan Pecinta Alam (Wapalla)

Harian Umum Pikiran Rakyat

c)

Wadah penggiat Lingkungan Hidup Alam Penyu

d)

Wadah Lingkungan Hidup Alam manusa

10.

kecap nu teu ngandung rarangken tengah, nyaeta...

a)

baralik

b)

jaragjag

c)

karadak

d)

arindit

11.

Di handap ieu kalimah anu teu ngandung kecap pananya, nyaeta...

a)

saha nu ngarang kumpulan carpon kanyaah kolot?

b)

kaayan di sakola ayeuna mah alus

c)

ari Wandi teh sakola heunteu?

d)

Dimana Wandi teh bumina?

12.

"Dadang teh sakolana geus kelas VI"

Kalimah pananya anu cocog keur eta jawaban, nyaeta...

a)

Dimana Dadang teh sakolana?

b)

Sok kana naon Dadang sakola teh?

c)

Saha ngaran bapana Dadang teh?

d)

Kelas sabaraha Dadang teh sakolana?

13.

Kasenian angklung teh dijieuna tina...

a)

perunggu

b)

emas

c)

awi

d)

kai

14.

Pangeran nyiptakeun kayaan nu beda-beda teh sangkan urang...

a)

silih asih

b)

silih nyalahkeun

c)

silih poyok

d)

silih tipu

15.

Wapalla “Pikiran Rakyat”

Ngaleupaskeun Sarébu Bayi Penyu

Wadah Penggiat Lingkungan Hidup dan Pecinta Alam (Wapalla)

Harian Umum Pikiran Rakyat ngaleupaskeun 1000 tukik di basisir

Pangumbahan, Ujung Genténg, Sukabumi, poé Saptu, 9 Novémber

2013. Bakti sosial ieu téh témana “Love sea turtle, love earth” minangka

pangrojong kana konservasi penyu héjo (chelonia mydas), di laut

pakidulan Sukabumi. Éta kagiatan téh diiluan ku kurang leuwih saratus

karyawan koran Pikiran Rakyat.

Tukik atawa bayi penyu téh kaluar tingarugil tina liang penetasan nu

dikokolakeun ku Dinas Kelautan dan Perikanan Kabupaten Sukabumi,

UPTD Konservasi Pangumbahan. Anak penyu téh dileupaskeun

pasosoré dina wanci panonpoé surup.

“Tugas konservasi penyu laut téh saenyana mangrupa tugas

saréréa. Ka singsaha anu maliré, boh sacara pribadi, boh sacara

organisasi, geus lain deui anu sipatna kalangenan (hobi) tapi kudu

geus jadi kawajiban.

Direktur Bisnis Pikiran Rakyat, ngarojong pisan konservasi penyu

jeung deuih ngajak ka masarakat ka sakumna organisasi supaya milu

aktif ngajaga lumangsungna kahirupan penyu.

Nurutkeun ketua Wapalla, kagiatan bakti sosial téh dina raraga

miéling Hari Pahlawan 10 November. Nu kasebut pahlawan Indonesia

téh kaasup ogé jalma-jalma anu miroséa tur ngajaga lingkungan.

(Disarungsum tina: bacaan Wapalla “PR” Melepas Seribu Bayi Penyu,

Pikiran Rakyat, 11 November 2013)

Dimana Wadah Penggiat Lingkungan Hidup dan Pecinta Alam (Wapalla)

Harian Umum Pikiran Rakyat ngaleupaskeun 1000 tukik?

a)

Basisir

Pangumbahan, Ujung Genténg, Sukabumi

b)

Basisir Laut Pangandaran, Ciamis

c)

Basisir Pelabuhan Ratu, Sukabumi

d)

Basisir Laut Ujung Genteng, Pangandaran

16.

Lutung Jawa

Tujuh sato anu dilindungi, dipiara sacara

ilegal di hiji vila di desa Gununggeulis, Sukaraja,

Bogor, geus dievakuasi ku petugas Kepolisian

jeung Balai Besar Konservasi Sumber Daya

Alam Jawa Barat Bidang Wilayah Konservasi

I. Éta sakabéh sato téh rék dileupaskeun deui

ka habitat aslina. Upamana, lutung jawa rék

dileupaskeun di Bandung Kidul. Owa jawa di

Gunung Pangrango. Sasatoan anu diamankeun téh salian ti lutung jawa, nyaéta maung

sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu merak.

Éta sasatoan téh saméméh dileupaskeun ka habitat aslina rék

diréhabilitasi heula di pusat transit sato nu aya di Gadog.

Nurutkeun katerangan petugas konservasi, salian ti tujuh sato nu

tadi, aya deui dua sato nyaéta rusa totol jeung ligér. Tapi, dua sato

kasebut teu diamankeun ku patugas, alesanana éta dua sato téh lain

sato asli Indonesia. Rusa totol téh asli India, sedengkeun ligér teu jelas

identitasna.

(Disarungsum tina, Lutung Jawa Dilepas di Bandung,

Pikiran Rakyat, 30 Oktober 2013)

Sumber: animallabel.wordpress.com

Naon baé ngaran sato nu dibawa (diamankeun) téh?

a)

maung

sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu babi rusa

b)

maung

sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu sapi

c)

maung

sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu cendrawasih

d)

maung

sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu merak

17.

Lutung Jawa

Tujuh sato anu dilindungi, dipiara sacara

ilegal di hiji vila di desa Gununggeulis, Sukaraja,

Bogor, geus dievakuasi ku petugas Kepolisian

jeung Balai Besar Konservasi Sumber Daya

Alam Jawa Barat Bidang Wilayah Konservasi

I. Éta sakabéh sato téh rék dileupaskeun deui

ka habitat aslina. Upamana, lutung jawa rék

dileupaskeun di Bandung Kidul. Owa jawa di

Gunung Pangrango.

Sasatoan anu diamankeun téh salian ti lutung jawa, nyaéta maung

sumatra, owa jawa, siamang, owa ungko, rusa timor, jeung tilu merak.

Éta sasatoan téh saméméh dileupaskeun ka habitat aslina rék

diréhabilitasi heula di pusat transit sato nu aya di Gadog.

Nurutkeun katerangan petugas konservasi, salian ti tujuh sato nu

tadi, aya deui dua sato nyaéta rusa totol jeung ligér. Tapi, dua sato

kasebut teu diamankeun ku patugas, alesanana éta dua sato téh lain

sato asli Indonesia. Rusa totol téh asli India, sedengkeun ligér teu jelas

identitasna.

(Disarungsum tina, Lutung Jawa Dilepas di Bandung,

Pikiran Rakyat, 30 Oktober 2013)

Naon panjangna singgetan BBKSD téh?

a)

Balai Besar Konservasi Sumber Daya

b)

Balai Besar Konservasi Sumber Hutan

c)

Balai Besar Kontrol Sumber Daya

d)

Balai Besar Konservasi Semua Daya

18.

Kecap pananya "kumaha" digunakeun pikeun nanyakeun .....

a)

Ngaran jalma

b)

Kaayaan

c)

Kalakuan

d)

Jumlah

19.

seler (suku) bangsa nu asalna ti Jawa Barat nyaeta...

a)

Batak

b)

Padang

c)

Sunda

d)

Minangkabau

20.

Rarangken "di" anu nuduhkeun kana tempat, nyaeta...

a)

dipeser

b)

dianteur

c)

dibeuli

d)

di kelas