Font size
WorksheetsULANGAN BAHASAN BUDAYA XII MIPA 5
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Urang teu meunang (a) ka batur téh, da tangtu milik jalma téh béda-béda.
Prosési ngarak hasil bumi ka ujung jalan kampung tur ngalaksanakeun doa babarengan di waktu manjing ka soré di Kampung Adat Kuta di tanggal 25 safar unggal tahun minangka wangun rasa sukur ku melimpahna hasil bumi, disebut tradisi...
(a)
Tradisi warga Cikélét, di Kabupaten Garut minangka ungakapan rasa sukur kana sarupaning nikmat anu tos dipaparin ku Allah SWT sanggeus ibadah puasa Ramadhan ku cara néwak lauk ngagunakeun leungeun di Leuwi Cipasanggrahan, disebut tradisi (a)
Imahna ogé (a) pisan, imah panggung nu lanténa ukur ku palupuh.
Kuburan di astana téh kabéh ogé (a) ngalér.
bahaya, hal anu matak ngarugikeun atawa ngaruksak kahirupan, disebut...
(a)
tangkal kai gedé nu geus ngagolér dina taneuh disebutna...
(a)
Amparan tina anyaman pandan atawa méndong, disebutna...
(a)
Upacara Séba Baduy ogé ngandung bukti ayana pangakuan sacara adat jeung miboga tujuan pikeun silaturahmi antara Masyarakat Baduy jeung Pamaréntah boh di Kabupatén boh di Provinsi anu sacara informal jadi pamingpin masyarakat Baduy.
Bener
Salah
Di tahun 1800-an Kampung Banceuy anu baheula ngaranna Désa Négla keuna ku bencana puting beliung, sakabéh imah di éta désa ruksak nepi ka teu bisa dicicingan. Pikeun ngungkulan éta masalah, warga éta désa ngayakeun sawala sangkan kahindar ti éta bencana. Ti éta kajadian mangrupa cikal bakal ayana tradisi Ngaruwat Bumi.
Bener
Salah
Upacara Hajat Laut mangrupa acara ritual anu dilaksanakeun sacara turun-tumurun pikeun mawa sajén anu ditunda kana tilu jampana tur dilarungkeun ka tengah laut minangka wujud patuh tur kasieun ka Nyi Roro Kidul.
Bener
Salah
Numbalkeun sasajén mangrupa hulu embé teu kaasup kana prak-prakan tradisi Hajat Sasih di Kampung Naga.
Bener
Salah
Gambar nu nuduhkeun tradisi Séba Baduy!
Gambar nu nuduhkeun tradisi Nyangku!
Gambar nu nuduhkeun tradisi Ngaruwat Bumi!
Gambar nu nuduhkeun tradisi Hajat Sasih!
Gambar nu nuduhkeun tradisi Nyalin!
Gambar nu nuduhkeun tradisi Hajat laut!
Salahsahiji tina runtuyan acara Ngaruwat Bumi anu sok diayakeun di Kampung, Banceuy nya éta nataharkeun pikeun acara ruwatan dimimitian ku nyusun panata calagara, sawala ngeunaan dilaksanakeunna éta ruwatan, ngumpulkeun waragad, nyieun gapura, nyieun sawen atawa daun janur tina daun kawung nu biasa dilaksanakeun 1 sabulan saméméh acara Ruwat Bumi dilaksanakeun disebut prosési...
ngadiukkeun
helaran
numbal
ngalawar
dadahut
Prosési dina Ngaruwat Bumi nya éta nunda sasajén di unggal juru kampung ku sesepuh adat, tur biasana dimimitian ku nunda sasajén di titik puseur kampung, tuluy ditunda di opat juru mata angin, disebut ...
ngadiukkeun
dadahut
ngalawar
numbal
helaran
Ritual anu dimimitian ku Kuncén anu tiheula turun ka Susukan Ciwulan, leungeunna nyekel ruas awi anu eusina leuleueur, kaasup kana tahapan tradisi dina upacara Hajat Sasih di Kampung Naga, nya éta...
beberesih
meresihan tempat solat mimiti
murak tumpeng
unjuk-unjuk meresihan makam
maké baju adat sarwa bodas jeung totopong
Ieu di handap nu teu kaasup kana prak-prakan tradisi Hajat Sasih di Kampung Naga, nya éta...
Beberesih jeung maké baju adat
numbalkeun sasajén mangrupa hulu embé
Meresihan tempat sholat
Ritual ahir jeung murak tumpeng
“Unjuk-unjuk” jeung meresihan makam
Ieu di handap mangrupa fungsi tina upacara adat Nyangku ti wewengkon Panjalu anu aya patalina jeung kalakuan tur kahirupan nu ngalaksanakeun ieu tradisi, nya éta...
sarana pikeun introspéksi diri tina kalakuan anu teu luyu jeung norma agama jeung norma adat
pikeun ngaberesihan banda-banda pusaka nu disimpen di Bumi Alit
pikeun sarana susuci sabab cai tilas ngumbah banda pusaka dianggap bisa dipaké meresihan diri
pikeun wujud penghormatan ka Sanghyang Prabu Borosngora ku jasana nyebarkeun agama Islam
pikeun kahindar tina mamala anu bakal tumiba ka katurunan Sanghyang Prabu Borosngora
Prosési muka bekel (timbel sapuratina) nu dibawa ku patani tur saacanna dibuka éta bekel ngado'akeun heula ka kulawarga patani anu tos maot, karuhun lembur jeung wewengkon séjénna anu dianggap boga peran penting dina upacara Nyalin di wewengkon Karawang disebut prosési...
rajah sumerah
sanduk-sanduk
ngaarwahan
tari cetok
mipit paré
Puncak acara tina tradisi/upacara Nyangku di Panjalu nya éta...
Mawa banda-banda pusaka anu disimpen di Pasucian “Bumi Alit”
kirab banda pusaka ka Pulau Nusa Gede nu aya di tengah Situ Lengkong Panjalu, tempat dimakamkannya Raja Panjalu
pembersihan banda-banda pusaka ku tirta kahuripan jeung jeruk nipis, tuluy digaringkeun ku tungku anu eusina menyan nu diduruk
Iringan kesenian Gembyung jeung lantunan Sholawat Nabi dina acarana
ritual tawasul (pembacaan doa) pikeun para karuhun Panjalu di makam Prabu Hariang Kancana
Tujuan utama tina Upacara Séba Baduy, nya éta...
Salahsahiji runtuyan tina upacara kaagamaan masyarakat Baduy
Silaturahmi ka kerabat atawa dulur jeung tatangga dina ngumpulkeun hasil bumi
Ngawanoheun suku Baduy ka masyarakat di luar wilayah Kanékés
Mawa amanat Pu'un (ketua adat suku Baduy), méré laporan, nepikeun harepan tur masrahkeun hasil Bumi ka Bapak jeung Ibu Gédé di Provinsi Banten
Lalampahan masyarakat Baduy sajauh 80 KM ka Provinsi Banten
Waktu diayakeunna upacara Hajat Laut, biasana...
Bulan Rayagung, poé Kemis Wagé manjing ka Jumaah Kliwon
Bulan Syura, poé Kemis Wagé manjing ka Jumaah Kliwon
Bulan Safar, poé Kemis Wagé manjing ka Jumaah Kliwon
Bulan Mulud, poé Kemis Wagé manjing ka Jumaah Kliwon
Bulan Asuji, poé Kemis Wagé manjing ka Jumaah Kliwon
Anu teu kaasup ajén filosofis dina tradisi hajat/pésta nu sok biasa diayakeun di basisir laut kidul kabéhdieunakeun nya éta...
minangka wujud rasa sukur Ka Nu Maha Kawasa tina hasil laut pikeun para pamayang
minangka wujud sukur pamayang nu diwujudkeun ku ritual ngalarungkeun sajén ka tengah laut
sajén/tumbal pikeun tokoh mitos Nyi Roro Kidul salaku nu ngageugeuh laut kidul
sangkan pamayang dibéré kasalametan dina néang lauk sapopoéna
silih babagi tur gotong royong di antara masarakat basisir dina ngamumulé tradisi satempat
Masyarakat Baduy dina tradisina ngalaksanakeun upacara adat Séba nyekel pageuh kana filosofi...
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
Sacanggreud pageuh, sagolék pangkék
Lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung
Ngeduk cikur kedah mitutuh, nyokél jahé kedah micarék
Tujuan utama tina tradisi Nyalin di wewengkon Karawang nya éta...
minangka wujud rasa sukur kana sawah nu dipiboga ku patani
Nyieun pupuhunan/saung sanggar anu eusina sasajén
meuleum empos minangka tanda dimimitianna tradisi Nyalin
Ngadatangkeun Dewi Sri ngaliwatan tari cetok ku masarakatna
ngala paré pikeun dijadikeun indung paré anu dilaksanakeun ku cara nyadiakeun sababaraha barang pikeun ngajénan Dewi Sri atawa nu disebut Nyi Pohaci Sanghyang Asri dina kapercayaan Urang Sunda
