Font size
WorksheetsULANGAN BAHASAN BUDAYA XII IPS 2
Total questions: 30
Worksheet time: 30mins
Urang teu meunang (a) ka batur téh, da tangtu milik jalma téh béda-béda.
Prosési ngarak hasil bumi ka ujung jalan kampung tur ngalaksanakeun doa babarengan di waktu manjing ka soré di Kampung Adat Kuta di tanggal 25 safar unggal tahun minangka wangun rasa sukur ku melimpahna hasil bumi, disebut tradisi...
(a)
Tradisi warga Cikélét, di Kabupaten Garut minangka ungakapan rasa sukur kana sarupaning nikmat anu tos dipaparin ku Allah SWT sanggeus ibadah puasa Ramadhan ku cara néwak lauk ngagunakeun leungeun di Leuwi Cipasanggrahan, disebut tradisi (a)
Imahna ogé (a) pisan, imah panggung nu lanténa ukur ku palupuh.
Bahaya, hal anu matak ngarugikeun atawa ngaruksak kahirupan, disebut...
(a)
Tangkal kai gedé nu geus ngagolér dina taneuh disebutna..
(a)
Amparan tina anyaman pandan atawa méndong, disebutna...
(a)
Méméh aya listrik mah di jero imah téh cukup ku sacaang-caangna lampu...
(a)
Ieu gambar mangrupa prosési tradisi (a)
Ieu gambar mangrupa tradisi...
(a)
Nu teu kaasup kana ajén inajén nu kakandung dina tradisi boh Hajat Laut di wewengkon Pangandaran boh Labuh Saji di Kabupatén Sukabumi nya éta...
asa sukur Ka Nu Maha Kawasa
Silih babagi antar masarakat basisir
Kasieunan ka Nu Ngageugeuh Laut kidul
Gotong royong masyarakat pikeun lumangsungna tradisi Hajat Laut
Mihormat karuhun
Anu teu kaasup ajén filosofis dina tradisi hajat/pésta nu sok biasa diayakeun di basisir laut kidul kabéhdieunakeun nya éta...
minangka wujud rasa sukur Ka Nu Maha Kawasa tina hasil laut pikeun para pamayang
minangka wujud sukur pamayang nu diwujudkeun ku ritual ngalarungkeun sajén ka tengah laut
sajén/tumbal pikeun tokoh mitos Nyi Roro Kidul sabab kasieunan
sangkan pamayang dibéré kasalametan dina néang lauk sapopoéna
silih babagi tur gotong royong di antara masarakat basisir dina ngamumulé tradisi satempat
Salahsahiji tina runtuyan acara Ngaruwat Bumi anu sok diayakeun di Kampung, Banceuy nya éta nataharkeun pikeun acara ruwatan dimimitian ku nyusun panata calagara, sawala ngeunaan dilaksanakeunna éta ruwatan, ngumpulkeun waragad, nyieun gapura, nyieun sawen atawa daun janur tina daun kawung nu biasa dilaksanakeun 1 sabulan saméméh acara Ruwat Bumi dilaksanakeun disebut prosési...
ngadiukeun
numbal
dadahut
helaran
ngalawar
Prosési nu dilaksanakeun ku sesepuh adat di Kampung Banceuy dina tradisi Ngaruwat Bumi nya éta ngadoa di guha anu dihareupeunna aya sasajén pikeun ruwatan bumi nu miboga tujuan sangkan dibéré kalancaran dina éta tradisi disebut prosési...
ngalawar
ngadiukeun
helaran
numbal
dadahut
Masyarakat Baduy dina tradisina ngalaksanakeun upacara adat Séba nyekel pageuh kana filosofi...
Cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok
Lojor teu meunang dipotong, pondok teu meunang disambung
Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak
Ngeduk cikur kedah mitutuh, nyokél jahé kedah micarék
Sacanggreud pageuh, sagolék pangkék
Tujuan utama tina Upacara Séba Baduy, nya éta...
Salahsahiji runtuyan tina upacara kaagamaan masyarakat Baduy
Mawa amanat Pu'un (ketua adat suku Baduy), méré laporan, nepikeun harepan tur masrahkeun hasil Bumi ka Bapak jeung Ibu Gédé di Provinsi Banten
Ngawanoheun suku Baduy ka masyarakat di luar wilayah Kanékés
Silaturahmi ka kerabat atawa dulur jeung tatangga dina ngumpulkeun hasil bumi
Lalampahan masyarakat Baduy sajauh 80 KM ka Provinsi Banten
Puncak tina upacara Nyangku di Panjalu nya éta...
Mawa banda-banda pusaka anu disimpen di Pasucian “Bumi Alit”
Kirab banda pusaka ka Pulau Nusa Gede nu aya di tengah Situ Lengkong Panjalu, tempat dimakamkannya Raja Panjalu
Pembersihan banda-banda pusaka ku tirta kahuripan jeung jeruk nipis, tuluy digaringkeun ku tungku anu eusina menyan nu diduruk minangka lambang pensucian diri
Iringan kesenian Gembyung jeung lantunan Sholawat Nabi dina acarana
Ritual tawasul (pembacaan doa) pikeun para karuhun Panjalu di makam Prabu Hariang Kancana
Ieu di handap mangrupa fungsi tina upacara adat Nyangku ti wewengkon Panjalu anu aya patalina jeung kalakuan tur kahirupan nu ngalaksanakeun ieu tradisi, nya éta...
pikeun sarana susuci sabab cai tilas ngumbah banda pusaka dianggap bisa dipaké meresihan diri
pikeun wujud penghormatan ka Sanghyang Prabu Borosngora ku jasana nyebarkeun agama Islam
pikeun ngaberesihan banda-banda pusaka nu disimpen di Bumi Alit
pikeun kahindar tina cilaka anu bakal tumiba ka katurunan Sanghyang Prabu Borosngora
sarana pikeun introspéksi diri tina kalakuan anu teu luyu jeung norma agama jeung norma adat
Prosési muka bekel (timbel sapuratina) nu dibawa ku patani tur saacanna dibuka éta bekel ngado'akeun heula ka kulawarga patani anu tos maot, karuhun lembur jeung wewengkon séjénna anu dianggap boga peran penting dina tradisi Nyalin di wewengkon Karawang disebut prosési...
rajah sumerah
mipit paré
ngaarwahan
tari cetok
sanduk-sanduk
Ngukusan dina salahsahiji prosési tradisi Nyalin di wewengkon Karawang nya éta...
persiapan saméméh tradisi Nyalin dilaksanakeun
ngadatangkeun Nyi Pohaci ku cara ménta ijin ka mahluk anu aya patalina jeung Nyi Pohaci
meuleum empos minangka tanda dimimitianna tradisi Nyalin
Panen paré ngagunakeun étém
prosési pamacaan rajah saméméh mipit paré
Upacara Séba Baduy ogé ngandung bukti ayana pangakuan sacara adat jeung miboga tujuan pikeun silaturahmi antara Masyarakat Baduy jeung Pamaréntah boh di Kabupatén boh di Provinsi anu sacara informal jadi pamingpin masyarakat Baduy.
Bener
Salah
Tradisi Hajat laut diayakeun unggal sataun sakali di waktu Bulan Asuji poé Kemis Wagé manjing ka Jumaah Kliwon.
Bener
Salah
Numbal mangrupa upacara inti tina Ruwatan Bumi ku cara ngubur sakabéh sasajén ku cara anu tangtu kalawan miboga tujuan ngahurip bumi munar lemah hartina sagala nu dilakukeun ku masarakat Kampung Adat Banceuy jeung sakabéh nu dihasilkeun miboga mangpaat.
Bener
Salah
Makna dilaksankeunna upacara adat Nyangku pikeun mihormat peninggalan pusaka karuhun minangka ungkapan rasa sukur atas jasa-jasa karuhun Panjalu utamana Sanghyang Prabu Borosngora anu atos nyebarkeun agama Islam di Wilayah Galuh.
Bener
Salah
Ieu gambar mangrupa tradisi Nyangku.
Bener
Salah
Ieu gambar prosési ngalawar dina tradisi Ngaruwat Bumi.
Bener
Salah
Upacara Nyangku biasana dilaksanakeun di wewengkon Cirebon minangka penghormatan ka karuhun salaku penggambaran panyucian diri anu teu saluyu jeung adat atawa norma anu lumaku di masarakat.
Bener
Salah
Séba Baduy mangrupa tradisi masarakat Baduy ku cara silaturahmi ka tatanga tur masrahkeun hasil bumi sangeus panén anu ngalimpah.
Bener
Salah
Ngumpulkeun cai tina 7 cisunyu anu dianggap suci dina ritual atawa tradisi Sérén Taun di Kampung adat Sindang Barang disebut prosési...
netepkeun
ngembang
helaran dongdang
sodaqoh kuéh
ngala cai kukulu
Ritual Netepkeun dina tradisi Sérén Taun nya éta prosési....
Nangtukeun waktu dilaksanakeunna Sérén Taun, pupuhu adat jeung para kokolot ogé ngalaksanakeun doa pikeun kasalametan éta acara sabari botram
arak-arakan hasil bumi ka Alun-alun Budaya kampung adat Sindang Barang
Sodakoh kuéh anu diayakeun ku masyarakat sanggeus acara doa babarengan
Ngumpulkeun cai tina 7 cinyusu anu dianggap suci
Laporan ka karuhun ku cara datang ka Makam karuhun anu aya di puncak Gunung Salak
