NEW
Font size
WorksheetsCARITA BABAD & DONGENG
Total questions: 50
Worksheet time: 47mins
Jaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana.
Anu jadi latar waktu dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Jaman baheula
Karajaan Pajajaran
Prabu Siliwangi
Kongas
Kagagahanana
Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Anu nuduhkeun latar tempat dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Hiji Poé – moro
Moro – panon poé manceran
Hiji poé – panon poé manceran
Sato héwan siga tilem
Turun unggah gunung
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi. Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta …
Gajah Manggala jeung Aria Gajah
Basudewa jeung Liman Sanjaya
Aki Haruman jeung Basudewa
Liman sanjaya jeung Gajah Manggala
Aki haruman jeung Sunan Rumenggong
Baca jeung tengetan!
(1) Nyatet gagasan utama.
(2) Maca deui kotrétan ringkesan bari dibebener deui upama aya kasalahan.
(3) Nuliskeun deui carita babad.
(4) Maca naskah asli carita babad.
Lengkah-lengkah nyieun ringkesan anu paling bener nyaéta....
(1)-(2)-(3)-(4)
(1)-(3)-(4)-(2)
(2)-(3)-(1)-(4)
(4)-(1)-(2)-(3)
(4)-(1)-(3)-(2)
Alofon atawa manggalasastra nya eta bagean tina wawacan anu eusina ngawengku ..
sanduk-sanduk atawa menta widi ka Nu Maha Kawasa jeung ka karuhun, sarta menta pangampura kana kahengkeran nu nulis atawa nu nyusun eta wawacan
bagean anu nyaritakeun lalakon babad ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh jeung konflik
perenahna di ahir carita minangka panutup atawa pamungkas carita
poko carita tina babad
titimangsa ditulis atawa disalinna eta babad dina wangun pupuh tur menta pangampura kana sagala rupa kakuranganana, lantaran nu nulis ngarumasakeun kahengkeran dirina
Nurutkeun sawatara carita babad, karajaan anu kungsi ngadeg di tatar Sunda teh nya éta ...
Sriwijaya
Majapahit
Mataram
Pajajaran
Kutai
Baca téks ieu di handap!
Kasmaran panganggit gending,
basa Sunda lumayanan,
kasar sakalangkang awon,
kirang tindak tatakrama,
ngarang kirang panalar,
ngan bawining tina maksud,
medarkeun pusaka rama.
Sempalan téks di luhur dina carita babad kaasup kana bagian ...
Alofon
Kolofon
Panutup
Eusi
Pamungkas
Titénan sempalan carita babad di handap!
Hiji poé, Aki Hariman indit ka wétankeun pikeun moro. Tapi nei ka panonpoé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baè, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Di luhur aya kecap manceran. Kira-kira waktu manceran teh perkiraan jam ...
10 beurang
11 beurang
12 beurang
12 peuting
11 peuting
Titénan sempalan carita babad di handap!
Hiji poé, Aki Hariman indit ka wétankeun pikeun moro. Tapi nei ka panonpoé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baè, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.
Di luhur aya kecap manceran. Kira-kira waktu manceran teh perkiraan jam ...
10 beurang
11 beurang
12 beurang
12 peuting
11 peuting
Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel
babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah
henteu beunang dicekel deleg dokumentasina
Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut jejer. Jejer nya eta ...
Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
Nyoko kana cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu
Puseur implengan pangarang ngeunaan eusi carita
ieu di handap mangrupa runtuyan carita babad dina wangun wawacan anu paling bener nyaéta....
manggalasastra-alofon-kolopon
alopon-eusi-kolopon
alopon-manggalasastra-kolopon
kolopon-alopon-manggalasastra
kolopon-eusi-alopon
Kecap babad asalna tina bahasa … nu hartina muka lahan anyar.
Bahasa Arab
Bahasa Sansakerta
Bahasa Walanda
Bahasa Jawa
Bahasa Inggris
Carita babad teh carita wanda heubeul anu dijerona ngandung unsur-unsur...
Sajarah
Psikologi
Mistis
Carpon
inovatif
Bagian babad anu eusina nyaritakeun lalakon ti mimiti kajadian, lalampahan tokoh, jeung konflik disebut …
Alopon
Eusi
Kolopon
Manggalasastra
Bubuka
Di handap ieu nu teu kaasup carita babad,nyaeta..
Babad Sangkuriang
Babad Sumedang
Babad Limbangan
Babad Galuh
Babad Cirebon
Carita babad mangrupa carita nu ngandung unsur pamohalan. Pamohalan teh sarua hartina jeung ...
Mistis
Sastra
Sajarah lokal
Teu asup akal
Kabudayaan
Nyoko kana waktu jeung tempat lumangsungna carita disebutna unsur ...
jejer
latar
galur
amanat
tokoh
Bur-ber ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu ka angseu ngahiliwir. Tempat Nyi Putri ka angseu seungitna téh katelah "Lembur … ".
Cipancar
Cigondéwah
Cihapit
Buniseuri
Buniwangi
Titénan sempalan carita babad di handap!
Aki Sayang Hawu téh salasaurang kapetengan Geusan Ulun, Raja Sumedang. Ngaran saéstuna mah Jaya Perkosa, tapi leuwih kamashur Sayang Hawu.
ecap kamashur sarua hartina jeung kecap ...
Kaalem
Kabagéakeun
Kasohor
Kauninga
Dipikawanoh
Sunan Gunung Jati nya éta wali agung anu nyebarkeun agama Islam di …
Cirebon
Maluku
Acéh
Palembang
Papua
Ari anu janten rama Sunan Gunung Jati téh nya éta …
Raja Pajajaran
Raja Cirebon
Raja Nagri Tiongkok
Raja Baniisrail
Raja Baghdad
Ieu di handap mangrupa conto-conto unsur pamohalan anu biasana osok aya dina carita dongéng, iwal...
jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib
sasatoan bisa ngomong
parahu bisa robah jadi gunung
manusa bisa ngapung
nu beunghar sok nyiksa nu sangsara
Ngaran-ngaran wewengkon, gunung atawa patempatan di urang mah sok dipatalikeun jeung hiji dongéng, upamana dongéng Tangkuban Parahu, dongéng Situ Paténgggang, dongéng Situ Bagendit, dongéng Pandéglang, jeung sajaba ti éta, anu umumna kagolong kana dongéng ....
babad
sasatoan
mitos
parabel
sasakala
Titetan sawatara hal ieu di handap!
(1) Caritana basajan
(2) Ngandung hal-hal anu asup akal
(3) Sumebarna sacara tinulis
(4) Caritana jembar
(5) Ngandung ajén atikan
(6) Ngandung hal-hal anu teu pamohalan
(7) Sumebar sacara lisan
(8) Ngandung unsur seni
(9) Teu kapaluruh saha nu ngarangna
Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng di antarana ...
1, 2, 3, 4
3, 5, 6, 8
1, 6, 8, 9
2, 4, 6, 8
1, 5, 7, 9
Tina sababaraha dongéng nu mekar di tatar Sunda di luhur, anu kaasup kana dongéng Parabel dituduhkeun ku nomer ....
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Dina pancakaki, hubungan ka luhur disebut karuhun, hubungan ka handap disebut ...
rujukan
ruwetan
rumusan
runtuyan
rundayan
Kecap “Nini” nuduhkeun pancakaki jeung …
Indung ema
Adina ema
Bapana ema
Lanceukna bapa
Bapana bapa
Adi teh nyaeta .....
dulur sahandapeun
dulur saluhureun
lalaki adina bapa/indung
awewe adina bapa/indung
anakna adi
Pak Hasan téh anakna Pa Suhadma. Maliki anakna Pa Hasan.
Pa Suhadma disebutna …. ku Maliki
Aki
Uwa
Incu
Adi
Lanceuk
Tina sababaraha dongéng nu mekar di tatar Sunda di luhur, anu kaasup kana dongéng Mite dituduhkeun ku nomer ...
(1) jeung (2)
(3) jeung (4)
(5) jeung (6)
(1) jeung (3)
(2) jeung (6)
Dina istilah pancakaki Basa Sunda, lanceukna bapa atawa indung disebutna …..
Bibi
Adi
Uyut
Uwa
Amang
Alo teh nyaeta .....
dulur sahandapeun
dulur saluhureun
lalaki adina bapa/indung
awewe adina bapa/indung
anakna lanceuk
Pa Yaya téh anakna Pa Suhadma. Angga anakna Pa Yaya.
Pa Suhadma nyebut ka Angga téh nyaéta …..
Aki
Uwa
Incu
Adi
lanceuk
Istilah anu nuduhkeun yen hiji karya teu kapaluruh saha nu ngarangna disebut...
Homonim
Akronim
Anonim
Sinonim
Antonim
Unggal soré Abdul mindeng ngupingkeun dongéng dina radio. Lian ti jadi hiburan, tina dongéng ogé sok meunangkeun hiji pangajaran pikeun Abdul. Unsur pangajaran anu aya dina dongéng disebut ..
Galur
Téma
Anonim
Ajén atikan (Amanat)
Konvénsi Improvisai
"Jaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana."
Anu jadi latar tempat dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Jaman baheula
Karajaan Pajajaran
Prabu Siliwangi
Kongas
Kagagahanana
"Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan."
Anu nuduhkeun latar suasana dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Hiji Poé – moro
Moro – panon poé manceran
Hiji poé – panon poé manceran
Sato héwan siga tilem
Turun unggah gunung
"Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi, Nyi Putri téh katingal henteu bérag. Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.”
Anu ngalantarankeun Nyi Putri nolak panglamar ti Prabu Siliwangi téh nya éta …
Sang Prabu parantos sepuh
Sunan Rumenggong alim nikahkeun pitrina
Prabu Siliwangi parantos gaduh istri
Teu diwidian ku Aki Haruman
Prabu Siliwangi tebih ti Limbangan
Baca téks ieu di handap!
Titimangsa tamat abi nulis,
Nuju pasaran pon,
Kaleresan siang poé senén,
Sasih Juli ping sapuluh yakin,
Salapan ratus murni,
Sareng lima estu
Sempalan babad wangun wawacan ieu di luhur kaasup kana bagian....
manggalasastra
alopon
eusi
kolopon
bubuka
"Jaman baheula, kacaturkeun Karajaan Pajajaran, rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana."
Anu nuduhkeun karakter (watek) dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Jaman baheula
Karajaan Pajajaran
Prabu Siliwangi
Kongas
Kagagahanana
"Hiji poé, Aki Haruman indit ka belah wétan pikeun moro. Tapi nepi ka panon poé manceran téh manéhna tacan beubeunangan baé, sanajan geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan."
Anu nuduhkeun latar waktu dina cutatan carita babad di luhur nya éta …
Hiji Poé – moro
Moro – panon poé manceran
Hiji poé – panon poé manceran
Sato héwan siga tilem
Turun unggah gunung
Titénan sempalan téks carita babad di handap!
(1) Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. (2) Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu moncorong ti sisi walungan Cipancar. (3) Puguh baè anjeunna hémengeun. (4) Barang disampeurkeun, singhoréng éta cahaya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. (5) Barang ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.
Kalimah anu dianggap pamohalan dina carita babad di luhur téh nyaéta nomer ...
(1)
(2)
(3)
(4)
(5)
Ieu dihandap mangrupa ciri-ciri dongéng, iwal....
Anonim
Caritana basajan
Eusina pamohalan
Kapaluruh nu ngarangna
Sumebarna sacara lisan
Tina sababaraha dongéng nu mekar di tatar Sunda di luhur, anu kaasup kana dongéng Sasakala dituduhkeun ku nomer ....
(1) jeung (2)
(2) jeung (3)
(1) jeung (3)
(2) jeung (4)
(4) jeung (5)
kolotna indung jeung bapa urang disebut aki jeung nini
Dina istilah pancakaki, di luhureun Nini/Aki sesebutan anu pangmernahna nyaeta..
Buyut
Bao
Anak
Incu
Alo
Bibi téh nyaéta .....
dulur sahandapeun
dulur saluhureun
lalaki adina bapa/indung
awéwé adina bapa/indung
anakna adi
Intan téh anakna Bu Risa. Bu Risa téh anakna Bu Oom.
Bu Oom nyebut ka Intan téh nyaéta …..
Aki
Uwa
Alo
Adi
Incu
Dina istilah Pancakaki, anakna adi téh disebutna ...
Alo
Amang
Suan
Canggahwareng
Kait Siwur
Dina istilah Pancakaki, anakna bibi téh disebutna ...
Kapiadi
Kapilanceuk
Alo
Suan
Dulur ti gigir
