wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PSAS GANJIL BAHASA SUNDA KELAS XII

Total questions: 20

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

Bahasan téh nyaéta tulisan anu medar hiji pasualan, dumasar kana fakta-fakta nu kapanggih. Boh tina panalungtikan, boh tina pangalaman sorangan.

Ieu di handap anu lain kaasup kana bahasan tradisi nyaéta....

a)

sistem kaagamaan atawa religi

b)

gaya hirup

c)

sistem pangaweruh

d)

basa

e)

kasenian

2.

Dina nuliskeun bahasan téh rupa-rupa wangunna, nyaéta....

a)

Argumentasi, Deskripsi, Narasi, Eksplorasi

b)

Argumentasi, Deskripsi, Narasi, Eksposisi

c)

Argumentasi, Deskripsi, Eksposisi, Prosedur

d)

Argumentasi, Narasi, Eksposisi, Eksplorasi

e)

Argumentasi, Narasi, Eksplorasi, Prosedur

3.

Struktur tulisan bahasan diwangun ku bubuka, eusi, jeung panutup. Bagian nu eusina mangrupa kacidekan, harepan ka hareupna, jeung nyaritakeun kaayaan kiwari boh nu hadé boh nu goréng pikeun ngirut pamaca nyaéta....

a)

bubuka

b)

eusi

c)

panutup

d)

rekomendasi

e)

kritik

4.

Di lingkungan urang Sunda téh réa pisan tradisi anu tetep dipiara ku masarakat nepi ka kiwari, iwal....

a)

Sérén taun

b)

Séba

c)

Ngabésan

d)

Pésta laut

e)

Palang pintu

5.

Tradisi Séba mangrupakeun kagiatan upacara adat nu dilaksanakeun dina kagiatan ritual taunan, nu dimaksudkeun pikeun masrahkeun hasil bumi sarta maheutkeun tali silaturahmi ka Pamaréntah Kabupatén Lebak, Provinsi Banten. Éta tradisi téh dipaké ku masarakat....

a)

dayak

b)

baduy

c)

betawi

d)

jawa

e)

sunda

6.

Tradisi ti luluhur urang Sunda nu mangrupakeun papatah ti indung bapa ka anakna nu rék ngarumah tangga, nyaéta....

a)

rajaban

b)

ékahan

c)

sawér

d)

ngaruat

e)

tingkeban

7.

Dina tradisi sawér aya sababaraha  barang anu digunakeun nyaéta.....

a)

béas, jahé, permén, récéh

b)

béas, laja, permén, récéh

c)

béas, konéng, permén, récéh

d)

béas, séréh, permén, récéh

e)

béas, cengkéh, permén, récéh

8.

Tingkeban mangrupa salah sahiji tradisi nu aya di masarakat Sunda anu tujuanana sangkan meunangkeun rahmat ti Allah swt sangkan indung jeung orokna aya dina kasalametan. Biasana acara tingkeban dilaksanakeun dina bulan ka....

a)

opat

b)

lima

c)

tujuh

d)

dalapan

e)

salapan

9.

Tradisi anu umumna kapanggih di wewengkon basisir boh kaler boh kidul dilaksanakeun ku pamayang jeung kulawargana dina raraga ngucap sukur kana hasil nu geus kapetik sok disebut tradisi....

a)

pesta laut

b)

hajat bumi

c)

ruatan bumi

d)

mapag taun

e)

muludan

10.

Léngkah-léngkah dina nulis bahasan dumasar kana unsur-unsurna, di antarana :

(1)       Néangan ide (gagasan)

(2)       Nangtukeun jejer (téma)

(3)       Nyieun judul

(4)       Nyusun rarancang tulisan

(5)       Nyusun kalimah tulisan

(6)       Basa nu digunakeun

(7)       Nangtukeun judul

Mana léngkah-léngkah nulis bahasan dumasar unsur-unsurna anu bener?

a)

Nomer (1), (2), (3), (4), jeung (5)

b)

Nomer (1), (2), (4), (6), jeung (7)

c)

Nomer (3), (4), (5), (6), jeung (7)

d)

Nomer (2), (3), (4), (5), jeung (6)

e)

Nomer (2), (4), (5), (6), jeung (7)

11.

Carita wayang nu nyebar di urang aya anu ditulis dina wangun wawacan, dina wangun prosa, atawa dipagelarkeun dina pintonan wayang golék nu ditepikeun ku....

a)

dalang

b)

panembang

c)

narator

d)

juru dongéng

e)

aktor

12.

Dina carita wayang di urang, utamana anu dipagelarkeun dina wayang golek, sok kapanggih tokoh Semar, Cepot, Dawala, jeung Gareng, anu sok disebut ogé tokoh….

a)

dagelan

b)

punakawan

c)

purnawarman

d)

bodoran

e)

setiakawan

13.

Caritana museur dina peperangan antara pihak Ayodya jeung Aléngka lantaran Raja Aléngka nyulik Sinta, istrina Rama. Éta téh jejer tina carita....

a)

arjuna sasrabahu

b)

mahabarata

c)

ramayana

d)

bima sakti

e)

rama gandrung

14.

Salah sahiji sumber carita wayang téh nyaéta kisah Mahabrata anu nyaritakeun perang Baratayuda atawa perang sadulur antara....

a)

Bima jeung Arjuna

b)

Pandawa jeung Destarata

c)

Pandawa jeung Kurawa

d)

Kurawa jeung Arjuna

e)

Kurawa jeung Duryudana

15.

Nalika Pandu Déwanata (Raja Astinapura) tilar dunya, karajaan diwalian heula ku....

a)

Sri Baduga Maharaja

b)

Prabu Hayam Wuruk

c)

Niskala Wastu Kancana

d)

Prabu Destarata

e)

Patih Gajah Mada

16.

Pandawa lima téh nyaéta putra ti Pandu Déwanata (Raja Astinapura) anu béda indung. Ti Madri lahir anggota pandawa lima nyaéta....

a)

Yudistira, Bima

b)

Sadéwa, Arjuna

c)

Bima, Arjuna

d)

Arjuna, Nakula

e)

Nakula, Sadéwa

17.

Salah sahiji sumber carita wayang téh nyaéta kisah Ramayana anu nyaritakeun istri ti Raja Ayodya téh diculik ku Raja Aléngka. Raja Aléngka téh nyaéta....

a)

Wibisana

b)

Rahwana

c)

Yudistira

d)

Rama

e)

Lesmana

18.

Carita wayang anu asalna ti wewengkon Cirebon nu nyaritakeun lalakon Amir Hamzah atawa para menak (bangsawan) ti Arab nu tumuwuh nepi ka nusantara disebut....

a)

wayang golek

b)

wayang klitik

c)

wayang cepak

d)

wayang potehi

e)

wayang suluh

19.

Wayang nu dijieunna tina kulit, wujudna jalma biasa dumasar kana kaayaan sapopoé nu nyaritakeun kajadian patali jeung sajarah dina jaman revolusi sarta program pamarentah ngeunaan masalah pangwangunan di Indonesia nyaéta....

a)

wayang cepak

b)

wayang klitik

c)

wayang suluh

d)

wayang kulit

e)

wayang golék

20.

1) Asep Sunandar Sunarya

2) Koko Koswara

3) Cecep Supriadi

4) Dede Amung Sutarya

5) Jamar Media

Tina ngaran-ngaran di luhur anu kakoncara jadi dalang wayang golék nyaéta....

a)

1, 2, 3, 4

b)

1, 3, 4, 5

c)

3, 4, 5,2

d)

2, 3, 4, 5

e)

1, 2, 4, 5