wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH DONGENG X TJKT 2

Total questions: 25

Worksheet time: 27mins

Name
Class
Date
1.

Dongéng téh nya éta carita anu aya ti jaman baheula sarta henteu kanyahoan anu ngarangna, dina istilah sastra disebut (a)  

2.

Dina dongéng sok kacaritakeun hal anu pamohalan saperti sasatoan bisa ngomong. Anu dimaksud pamohalan nya éta ....

a)

kaharti ku akal

b)

henteu asup akal

c)

asup kana akal

d)

gampang dipikaharti

e)

kahontal ku akal

3.

Dongéng anu eusi caritana ngeunaan asal muasal hiji kajadian atawa tempat disebutna ...

a)

farabél

b)

sasakala

c)

fabél

d)

sagé

e)

mite

4.

Dongéng anu nyaritakeun jalma biasa anu kawéntar, anu eusina ngandung papatah disebut ....

a)

farabél

b)

fabél

c)

sagé

d)

mite

e)

sasakala

5.

Dongéng anu nyaritakeun sasatoan nu paripolahna kawas jalma disebut ....

a)

farabél

b)

fabél

c)

sagé

d)

mite

e)

sasakala

6.

Tengetan sempalan dongéng di handap!

Hiji mangsa Batara Guru ngadamel karaton anyar. Para Déwa diémbaran kudu nyarandak batu gedé pikeun tatapakanna. Sakabéh Déwa nyanggupan, ngan Déwa Anta nu henteu téh. Barang disumpingan ku Barata Narakada, Déwa Anta ngan gigideug baé, bari cumalimba pok nyarita “Kapan salira ogé uninga yén sim kuring mah teu gaduh leungeun teu gaduh suku. Kumaha rék tiasa ngabantun batu?”

Saha nu teu sanggup ngumpulkeun batu gedé?

a)

Batara Guru

b)

Déwa Anta

c)

sakabéh Déwa

d)

Para Déwa

e)

Batara Narakada

7.

Tengetan sempalan dongéng di handap!

 

Hiji mangsa Batara Guru ngadamel karaton anyar. Para Déwa diémbaran kudu nyarandak batu gedé pikeun tatapakanna. Sakabéh Déwa nyanggupan, ngan Déwa Anta nu henteu téh. Barang disumpingan ku Barata Narakada, Déwa Anta ngan gigideug baé, bari cumalimba pok nyarita “Kapan salira ogé uninga yén sim kuring mah teu gaduh leungeun teu gaduh suku. Kumaha rék tiasa ngabantun batu?”

Dumasar tina sempalan dongéng nu aya. Naon anu jadi pikiran utama dina sempalan éta dongéng?

a)

Para Déwa diémbaran kudu nyarandak batu gedé

b)

Batara Guru ngadamel karaton anyar

c)

Déwa Anta teu kagungan suku jeung leungeun

d)

Déwa Anta disumpingan ku Barata Narakada

e)

Sakabéh Déwa nyanggupan

8.

Dongéng miboga sababaraha ciri-ciri nu bisa ngabédakeun dongéng jeung karya sastra nu séjénna. Nu kaasup kana ciri-ciri dongéng nya éta .....

a)

sumebarna sacara lisan

b)

teu anonim

c)

sumebar sacara tinulis

d)

kajadian nyata

e)

kapanggih nu ngarangna

9.

Hiji wangun prosa nu dipedar dina basa lisan, kabagi dua aya nu sipatna klasik/buhun aya nu sipatna modern/anyar. Di handap ieu mangrupa wangenan dongéng, nya éta …

a)

Karangan anu basana dirakit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi

b)

Caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol

c)

Carita atawa lalakon anu diwujudkeun dina wangun paripolah jeung paguneman

d)

Carita rékaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang

e)

Carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana parondok

10.

Réa pisan rupa dongéng, boh ditilik tina wangun eusi boh ditilik tina strukturna. Saperti halna dongéng anu nyaritakeun lalampahan sasatoan saperti Sakadang Monyét Maling Cabé, Sakadang Kuya, Gagak Hayang jadi Merak, jsb disebut …

(a)  

11.

Saperti halna carita prosa séjén, dongéng ogé katitén ngabogaan hiji carita nu teu leupas tina unsurna sorangan.Di handap ieu mangrupa unsur intrinsik dongéng nu eusina medar pesen nu baris ditepikeun …

a)

Amanat

b)

Latar

c)

Puseur Sawangan

d)

Galur

e)

Jejer

12.

Eusi dina carita dongéng béda pisan wincikanna unggal jenis/papasinganna, kabukti ku guluyurna carita.Gagasan poko atawa jejer dina carita anu ditepikeun ku pangarang ngaliwatan hiji carita, mangrupa wangenan tina …

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Latar

d)

Galur

e)

Palaku

13.

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalama miskin taya kaboga, beda jeung tatanggana mah bandar munding nu kacida beungharna. sakali mangsa tatanggana teh hajat gede, ngawinkeun anakna. ondanagannana kacida lobana, boh ti nu jauh atawa ti nu deukeut. salembur eta di ondang kabeh, iwal sikabayan.

Dongeng di luhur kaasup dongeng ....

a)

Fabel

b)

Parabel

c)

Babad

d)

Jalma biasa

e)

Sasakala

14.

Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

Si Kabayan jalama miskin taya kaboga, beda jeung tatanggana mah bandar munding nu kacida beungharna. sakali mangsa tatanggana teh hajat gede, ngawinkeun anakna. ondanagannana kacida lobana, boh ti nu jauh atawa ti nu deukeut. salembur eta di ondang kabeh, iwal sikabayan.

Amanat dongeng Si Kabayan di luhur nyaeta ...

a)

Kudu ngulem tatangga

b)

Ulah ngalaan baju dimana wae

c)

Ulah kukurilingan deukeut imah

d)

Ulah ngadepaan lincar

e)

Ulah sok ngabeda-bedakeun jalma

15.

Carita wanda heubeul nu medar perkara hiji kajadian penting atawa ngeunaan asal – usul atawa carita ayana hiji tempat anu ngandung ajen sajarah jeung ngandung unsur dongeng disebutna ....

a)

Carita Pondok

b)

Carita Babad

c)

Carita Novel

d)

carita naskah

e)

dongeng

16.

Inti Pikiran atawa puseur implengan  atawa inti pikiran nu aya dina prosa fiksi hususna carita babad disebut unsur .....

a)

peuseur sawangan

b)

amanat

c)

palaku

d)

Jejer

e)

galur

17.

Salah sahiji ciri ciri dongeng nya eta aya kesan pamohalan. Naon nu di maksud pamohalan teh...

a)

Asup akal

b)

Logis

c)

Pola ngadongengna angger

d)

Sumebarna sacara lisan

e)

Teu asup akal

18.

Struktur carita babad teh ngawengku......

a)

tema, judul, palaku, latar, galur, puseur sawangan, jeung hikmah carita

b)

tema jeung fakta carita (palaku, latar, galur)

c)

tema, palaku, latar, galur, amanat jeung gaya basa

d)

tema, judul, palaku, latar, galur, amanat jeung hikmah carita

e)

tema, fakta carita (palaku, latar, galur), jeung sarana sastra (puseur sawangan, gaya basa)

19.
  • 1. Ngabejaan asal-usul

  • 2. Diajarkeun anjeun kumaha kalakuanna leres

  • 3. Pasihkeun pesen ka masarakat

    Nyaéta mangrupakeun...

a)

Ciri-ciri carita babad

b)

Kagunaan carita babad

c)

Sipat carita babad

d)

Rupa-rupa carita babad

e)

Wangenan carita babad

20.
  • 1. Ngandung kapercayaan dina jaman kuno

  • 2. Kaasup kana carita légénda

  • 3. Ngartos ngenaan hiji kajadian sajarah

    Nyaeta mangrupakeun...

a)

Kagunaan carita babad

b)

Ciri-ciri carita babad

c)

Sipat carita babad

d)

Rupa-rupa carita babad

e)

Wangenan carita babad

21.

Carita babad téh tacan diaku jadi sajarah lantaran di jerona kaselapkeun hal-hal anu...

a)

Sae

b)

Pamohalan

c)

bener

d)

mahiwal

e)

nyata

22.

Carita babad sok disebut ogé dongéng babad sabab loba ngandung unsur pamohalanana. Di handap ieu, nu kaasup conto unsur pamohalan dina babad, nyaéta ...

a)

hanjuang jadi tanda éléh meunangna jelema dina perang

b)

pasukan karajaan ngarasosaacan ngarurug karajaan batur

c)

jelema nyamar jadi aki-aki bari mawa iteuk

d)

melak hanjuang di alun-alun karaton

e)

melak hanjuang di alun-alun karaton halimun bisa leungit ngadadak

23.

Baca téks ieu di handap!

 

Titimangsa tamat abi nulis,

Nuju pasaran pon,

Kaleresan siang poé senén,

Sasih Juli ping sapuluh yakin,

Salapan ratus murni,

Sareng lima éstu

 

Sempalan babad wangun wawacan ieu di luhur kaasup kana bagian....

a)

manggalasastra

b)

alofon

c)

eusi

d)

kolofon

e)

bubuka

24.

Baca sempalan carita babad ieu di handap!

 

Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding ngaranna Prabu Kian Santang. Prabu Kian Santang dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Gagak Lumayung.

Dumasar kana sempalan carita babad di luhur, anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....

a)

Prabu Siliwangi

b)

Prabu Kian Santang

c)

Gagak Lumayung

d)

Bagus Daka

e)

Garantang Sétra

25.

Pasangkeun antara wawaran jeung jawaban

a)

Nurutkeun susunan basana, dongeng kaasup kana wangun

1.

lancaran

b)

puseur implengan pangarang atawa inti pikiran nu aya dina hiji carita disebut

2.

jejer

c)

Cara pangarang myaritakeun palaku dina carita

3.

puseur sawangan

d)

waktu jeung tempat lumangsuna carita

4.

latar

e)

pesen nu hayang ditepikeun pangarang ka nu maca

5.

amanat