WorksheetsPTS KELAS XII
Total questions: 15
Worksheet time: 11mins
Wawacan mangrupa carita dina bentuk...
Kawih
Prosa
Pupuh
Dongéng
Kakawihan
Bubuka dina wawacan disebut...
Alofon
Kolofon
Magatru
Rajah
Pupuh
Panutup dina wawacan disebut...
Magatru
Pupuh
Rajah
Alofon
Kolofon
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
Nu Murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
Guru lagu dina sempalan wawacan di luhur nya éta...
i-a-é-a-a-u-a
i-a-e-a-a-u-a
i-a-e-e-a-u-a
i-a-a-a-a-u-a
i-a-é-a-e-u-a
Sinom jeung Kinanti kaasup rumpaka...
Lalaguan
Kakawihan
Pupuh
Tembang
Wawacan
Kagiatan nu sok dilakukeun disalah sahiji kampung adat disebut ......
ritual
tradisi
adat
kasenian
pintonan
Carita rekaan anu ukurana paranjang, gelarna dina lisan, ngandung hal-hal anu mere kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, disebutna....
dongeng
wawacan
hikayat
carita wayang
carita pantun
Tokoh-tokoh anu dilalakonkeun dina carita pantun teh umumna, nyaeta....
Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran
Ra'yat biasa ti Tatar Sunda
Raja-raja ti Tatar Sunda
Sing saha wae anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda
Raja-raja ti luar Tatar Sunda
Ieu di handap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaeta....
tokoh miang
tokoh meunang ujian
tokoh aya nu nulungan
Rajah
tokoh mulang
Nyarita sorangan atawa nyarita dina jero haté, disebut...
Deskripsi
Monolog
Dialog
Narasi
Rajah
Bagean anu nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna, disebut...
Narasi
Deskripsi
Monolog
Dialog
Rajah
Sarat katilu dina nedunan dijieuna artikel téh nyaéta....
Témana kudu aktual
Kudu aya mangpaatna
Panjang tulisan 3-4 kqca
Ieu di handap mangrupa salasahiji sarat artikel nu kudu katedunan, nyaéta….
Sipatna hiburan
Basa nu digunakeun kudu jelas tur komunikatif
Temana sakahayang
Cara kadua dina nalaah artikel téh nyaéta....
Upama can kacangkem baca sakali deui
Catetkeun hal hal penting
Jieun ringkesan
Pék baca sing gemet!
Adat-istiadat dina Ngalamar
Ngalamar jaman ayeuna, leuwih gampang jeung sederhana. Béda jeung jaman baheula, loba pisan cara jeung aturanana. Jaman baheula mah, antara si lalaki
nu rék ngalamar, jeung si awéwé nu rék di lamar téh, tacan tangtu wawuh. Ari ayeuna mah apan umumna lain baé geus wawuh, tapi geus jadi bébéné. Jadi, nu disebut ngalamar téh, ukur formalitas atawa nanya resmi, siap henteuna si awéwé diajak kawin. Atuh jawabanana ogé,
moal aya basa nolak.
Tah, ngalamar jaman baheula mah can tangtu kitu. Teu unggal ngalamar pasti ditarima. Bisa waé si awéwéna nolak, boh lantaran teu bogoh, boh lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Ngan dina nolakna tara togmol nyebut lantaran geus kapiheulaan ku nu séjén. Umpana langsung ngajawab, ”Punten pun anakna henteu bogoheun.” Atawa, ”Punten, parantos aya nu gaduh.”
Ngalamar jaman ayeuna béda jeung jaman baheula, jaman baheula mah....
Si lalaki jeung si awéwéna geus jadi bébéné
Si awéwéna bisa waé nolak
Si lalaki jeung si awéwéna geus pasti wawuh
Si awéwéna geus pasti narima
Si lalaki jeung si awéwéna sarua bogohna
